GAPURA EDISI 04 - MEI 2013

blogger templates


CAKRAWALA SAJAK SUNDA



Sajak Ena Rs



WILUJENG KANTUN

geus remen teuing anjeun nyaritakeun karingrang na tungtung waktu nu teu kungsi kasaba
ku kalbu sabab lengkah-lengkah kateug deui-kateug deui, niat teu daek panceg rumagegag deui
rumegag deui, nepika kuring ngarasa bosen ngadagoan lieuk deui lieuk deui anjeun teu daek
jol, sedengkeun panggero keur ngudag kalangkang cakrawala hantem ngarobeda unggal
detik, numpes kasabaran: wilujeng kantun, jungjunan!



ANAKING
: keur Dimas Cahya

anaking, teu salawasna langit peuting
baranang bentang
atawa bulan hurung ngagembrang
aya mangsana ceudeum haleungheum
poek mongkleng hidep mo bisa nikreuh ngandelkeun panenjo
nya ku akal nya ku rasa
hidep angger kudu lumampah

anaking, teu salawasna langit beurang
bersih ku mega
atawa panon poe sumirat bengras
aya kalana mega hideung ngadingding
hujan ngagebret gelap dor dar
poma pisan ulah ngarandeg dihalang ku kahangham
angger gedurkeun sumanget
pancegkeun paniatan sapancegna
cadu peunggas di satengahing jalan:
buktikeun hidep jawara dina kahirupan.



RANCA GEDE

kuring hayang nyium bulan
nu ngalangkang
geugeut
na beungeut
cai.


UMUR 40

di dieu reureuh
nataan hanca nu geus lawas
kaliwat rea nu teu kacatet

di dieu reureuh
ngarancang mangsa nu bakal datang



SAJAK LALAKI

deuk tandang ngandelkeun kawani
deuk pasrah nyaluuh ka Gusti
: muga tinekanan.


CILIUNG

mangrewu sarah panineungan
palid ka  muhara
hamo bisa kaudag deui...

0 Response to "GAPURA EDISI 04 - MEI 2013"

Post a Comment