Sunday, December 1, 2013

CARITA NYAMBUNG

KARAMAN KI BEROD


1

LAYUNG keur meumeujeuhna hibar basa Rangga anjog ka sisi pasawahan nu ngawates jeung lembur Cikuda. Sanggeus mapay-mapay jalan satapak nu meulah leuweung, manehna kakara ngarasa ngemplong. Peuting ieu mah moal kusi sare dina dahan tatangkalan, gerentes hatena.
Rangga neuteup ka beulah wetan, pasawahan ngemplang. Beh dituna runggunuk lembur. Aeh, ketang disebut lembur teh da nu loba katempona mah runggunuk tatangkalan we. Aya hiji dua imah nu katembong ti dinya.
“Aing asup ka lembur wae kitu?” Rangga ngagerendeng sorangan. “Atawa neangan saung sawah wae kitu?”
Aya sababaraha saung sawah rentul teu pati jauh ti manehna nangtung. Tapi kitu we saung sawah wawyagon. Ari talupuh mah aya, tapi euweuh bilikan. Kacipta tirisna mun sare di dinya ku angin peuting.
“Ah, aing rek ka pilemburan wae, sugan we aya nu ngampihan,” Rangga ngagerendeng deui.
Rek ngalengkah pisan, kadenge aya sora lengkah jalma ti tukangeunana. Rangga ngalieuk. Horeng aya aki-aki manggul pacul rurusuhan leumpang mapay galeng nu srogna ka palebah Rangga nangtung.
“Saha eta, eum?” Cek eta Aki-aki basa geus deukeut. “Si Juhri lain?”
“Sanes, Ki,” Rangga malik. “Kuring mah Rangga...”
“Rangga?” Aki-aki teh ngarandeg. “Rangga urang mendi? Da di ieu mah taya pamuda ngaranna Rangga....” Pokna semu heran.
“Kuring mah ti lembur nu jauh, Ki. Tapi asa arek kapeutingan di dieu.”
“Heueuh atuh pasti kapeutingan di dieu da taya deui lembur nu deukeut ti dieu mah. Iwal mun rek ngadon meuting di leuweung beulah ditu,” Cek eta aki-aki.
“Enya pan, Ki...”
“Geus we milu ka imah aki atuh da taya sasaha ieuh di imah aki mah..” Cek eta Aki-aki ujug-ujug ngajakan.
“Nuhun we kersa ngampihan mah, Ki,” cek Rangga. “Kitu si ninina ka mana geuning aki nyebut taya sasaha di imah?”
“Si Nini mah di ditu...” Cek Si Aki nuduhkeun ka jojongor lembur di sisi sawah. Teu katembong aya imah di dinya mah.
“Har nyinaon si nini di dinya, Ki?” Rangga kerung.
Si Aki ngaheheh.
“Keur sare we Si Nini mah teu pernah hudang deui. Dipundut kunu Kawasa, Sujang. Si Nini teh geus maot...”
“Oh..”
“Nam atuh Sujang, bisi poekeun manten. Tuh imah aki mah sisi lembur...” Cek Si Aki.... (Nyambung)

 

Saturday, September 28, 2013

Pamekaran Jawa Barat, Ras Inget Ka Pajajaran






BAHEULA Karajaan Pajajaran paburencay jadi tilu karajaan. Pajajaran nu sakitu gedena, sakitu tohagana, ku intrik-intrik politik katut asupna Islam ka Tatar Sunda, ahirna teu bisa dipertahankeun. Mimiti ngadeg Karajaan Cirebon, misahkeun diri ti Pajajaran. Geus eta Banten oge ngadeg misahkeun diri ti Pajajaran. Pajajaran salaku induk ti dua karajaan nu misahkeun diri, ahirna tumpur tinggal carita. Pajajaran nepika taya urut-urutna acan, hese dicrukcruk bukti-bukti sajarahna. Karajaan Banten oge ahirna pareum najan masih keneh kapanggih patilasanana. Karajaan Cirebon sarua pareum,  tinggal jadi warisan budaya nu taya kakawasaan nanaon najan salaku titinggal sajarah Sunda masih dipertahankeun.
Eta jaman baheula. Jaman ayeuna, cek katerangan: sajarah mah sok “berulang”. Teu weleh balik deui najan dina wanda nu beda, tapi kajadianana meh sarua. Pajajaran jaman baheula, nu ayeuna wilayahna jadi Propinsi Jawa Barat katut Banten. Lamun ditengetan, sejarah Jawa Barat ayeuna, geuning keur mimiti balik deui alias “berulang” tea. Geura we. Jawa Barat ayeuna geus dimekarkeun jadi dua propinsi. Banten misahkeun maneh lantaran ngarasa boga kasang tukang sajarah nu mandiri sarta ngamangpaatkeun kamerdekaan otonomi daerah. Ayeuna daerah Cirebon jeung sabudeureunana (Kuningan jeung Majalengka) mimiti haneut, hayang misah ti Jawa Barat.
Pananya urang ayeuna, kumaha pikahareupeun Jabar. Naha bakal jiga Pajajaran? Kalindes pamor jeung kamajuanana ku Banten jeung (calon propinsi) Cirebon? Nu dipikahariwangeun teh hal eta. Salaku indungna urang Sunda, Jawa Barat memang geus ngupayakeun pangwangunan sacara walatra najan dina panarimaan masarakat jeung pamarentah daerahna, can puguh karasa kituna teh. Kapentingan-kapentingan politik lokal, aspirasi-aspirasi masarakatna, can puguh bisa sajalan jeung Pamarentah Propinsi Jawa Barat. Kamungkinan-kamungkinan leupasna Cirebon ti Jawa Barat masih gede keneh peluangna pikeun kajadian. Dinamika politik di Cirebon nu terus ngagedurkeun kahayangna pisah ti Jawa Barat terus lumangsung.
Saupama kahayang Cirebon nyieun Propinsi sorangan misah ti Jawa Barat, cek ugeran jigana moal bisa dihalang-halang. Ngan Pamarentah Jawa Barat kudu nyieun itung-itungan. Untung rugina kudu dipikiran. Misahna Banten jeung mun enya teh Cirebon, hartina wilayah Jawa Barat beuki ngariut. Potensi-potensi daerah nu salila ieu jadi andelan Jawa Barat nu aya di Banten jeung Cirebon tangtu henteu asup deui ka Jawa Barat. Tina sabangsaning pajeg jrrd, Jawa Barat bakal ngurangan. Eta nu jadi karugian. Ari nu bisa dianggap bakal jadi kauntungan, ku wilayahna nu jadi ngurangan, hartina uruseun ge bakal ngurangan. Nu hartina kudu leuwih katoweksa, kogeroh jeungpangwangunanana kawaragadan. Sabab Dana Alokasi Umum (DAU) jeung Dana Alokasi Khusus (DAK) meh sarua wae samemeh Jawa Barat dimekarkeun. Ku kituna hal eta bisa digunakeun pikeun ngawangun bidang-bidang nu salila ieu teu atawa kurang kawaragadan. Usaha pikeun ngamaksimalkeun pangwangunan bisa dilaksanakeun kalayan bener.
Ti semet ayeuna, da ari Banten mah geus puguh leupas, ka wilayah Cirebon kudu bener-bener diitung untung rugina. Lamun rek keukeuh hayang misah, geus ulah kapati-pati diperhatikeun deui. Ayeuna mah perhatikeun wae daerah-daerah nu masih satia ka Jawa Barat. Rea keneh masarakat nu masih satia ka Jawa Barat can katoweksa kalayan enya-enya. Rea keneh masarakat nu reueus salaku warga Jawa Barat nu can ngarasakeun hasil pangwangunan sacara maksimal. Ngareunah teuing keur wilayah nu hayang misah ti Jawa Barat lamun hakna disaruakeun teh.
Dulur-dulur, sing emut, lamun Jawa Barat ieu teh diibaratkeun Pajajaran, naha enya urang rek jiga Pajajaran baheula. Ancur ku konspirasi politik katut militer Banten jeung Cirebon? Lamun enya Cirebon hayang misah ti Jawa Barat, hadena gowat jurungkeun wae sangkan pamarentah Jawa Barat bisa sacepetna pokus dina ngabangun daerah Jawa Barat nu saenyana. Ulah teuing kabobodoan. Conto-conto daerah nu dimekarkeun bisa nyiap daerah indungna, kudu jadi perhatian urang sarerea. Lain ulah misah, pek wae, ngan urang salaku warga Jawa Barat ulah nepika kahirupanana kasiap ku daerah mekaran ti urang. Conto Banjar misah ti Ciamis, kahirupan warga Banjar ayeuna leuwih alus batan Ciamis. Ayeuna dimekarkeun deui ku ayana Kabupaten Pangandaran, naha Ciamis rek bobor karahayuan nepika dua kali?
Kitu deui Jawa Barat, pek tingali pangwangunan di Propinsi Banten, geus aya tanda-tanda rek ninggalkeun Jawa Barat. Geus rek leuwih maju batan Jawa Barat. Naha urang Jawa Barat daek kawiwirangan ku Proponsi Banten nu tadina mah wilayah Jawa Barat? Ayeuna upama Cirebon rek misah, teu mustahil bakal leuwih maju batan Jawa Barat lantaran wilayahna leuwih saeutik nu tangtu bakal leuwih kageroh jeung katoweksa. Naha urang Jawa Barat hayang kasiap ku Banten jeung Cirebon dina pangwangunanana.
Tangtu urang hayang leuwih maju batan Banten atawa Cirebon. Salaku Propinsi induk Jawa Barat nu sagalana kari nuluykeun kudu leuwih gancang dina pangwangunanana. Kompetisi pangwangunan kudu jadi sumanget warga Jawa Barat. Ulah nepika urang eleh ku Banten atawa engke Cirebon (mun tulus misah). Muga-muga we Pamarentah Jawa Barat jeung masarakatna siap dina hal eta. Pokus dina pangwangunan wilayah Jawa Barat nu masih satia. Urang kudu wani kompetisi bari jadi juara. Lain wani mekar-mekarkeun daerah wungkul bari kadituna jadi pecundang.***

Friday, July 26, 2013

Si Munggah

Si Munggah - "MUNGGAH, munggah, insaalloh saum téh cios dinten énjing....," mani nongtoréng béwara tina sapéker di masjid. Duloh kalah nyocokan liang ceuli. Kolébat beungeut Ma Ojoh, pamajikanana, dituturkeun beungeut Si Onih, anak bungsuna. Berebey cimata maseuhan pipi, labas kana kumisna nu cokrom.
"Hampura Ema, hampura Onih," gerencemna, sumambat ka nu di imah. Taya nu némbalan. Panénjona nanceb kana jaruji beusi, ngulincer kana témbok beton, teup eunteup kana lalangit. Hayang berengbeng kabur seja marengan nu munggah di imah, pamohalan.
"Gara-gara si kurang ajar!" habek peureupna meupeuh témbok. Dua budak lalaki nu carinekul di juru tangka ngarénjag.
"Enggeus Pa, tamaha urang," ceuk nu saurang ngupahan. Nu disebut si kurang ajar téh taya lian Si Mémét anak cikalna. Enya si éta nu nyababkeun Duloh jeung dua urang budak lalaki kiwari ngaringkuk di tahanan polsék téh.
Kedepruk-kedepruk sora sapatu ti jauhna, beuki deukeut beuki atra, lir atrana katunggara na haté Duloh.
"Ampun Pa ampun...," kabayang deui Si Mémét pupuringisan ménta ampun. Saeutik gé harita mah teu hayang ngahampura. Ngan ayeuna karasa aya nu nyeuit na atina.
Nu ngedepruk jebul. Bréh, patugas ngaroris. Manéhna balik deui.
"Moal, moal kabur!" Duloh kekerot. Najan enya gé ayeuna téh usum munggah, usum suka bungah tatahar kadaharan saaya-aya keur kulawarga, apan isukan téh munggaran ngalaksanakeun kawajiban puasa Romadon. Hayang nyadiakeun dahareun rada istiméwa da kitu galibna ningan, sahenteuna si borontok mah kudu kaasaan. Mangkaning Si Onih mah siga taun tukang, saur gé caman-cémén. Tah lamun aya daging, rada moho.
Munggah, keur sakumna umat Islam di pilemburan sok ubyag ku pirang-pirang ritual, aya nu diangir mandi, aya nu nadran ka makam, aya nu sasadiaan keur dahar saur, malah di kota mah aya nu ngahaja balotram curak-curak da poé isuk mah puasa moal sukan-sukan barang dahar pajah téh.
Panon Duloh mindo teuteup kana lalangit, puriding, keueung. Teu nyangka sacongo buuk kudu ngalaman hirup di tahanan. Nyaan, paingan ceuk papagah kolot, napsu nu matak kaduhung badan anu katempuhan. Tapi deuih da teu napsu-napsu teuing atuh, awahing hayang ngadidik ka Si Munggah, enya Si Mémét téa anakna nu nyieun gara-gara.
Janari leutik harita téh keur meumeujeuhna ngimpi di alak paul. Tapi teu burung tingkoréjat basa kana panto aya sora ngagebrug. Geus apal kalakuan Si Munggah. Matuh, unggal mantog uluk salamna téh ku najong panto. Kituna téh bari walahwah weuleuhweuh weureu arak. Boh Duloh boh Ma Ojoh taya nu teu kacugak mamaras haténa.
"Buka panto....!" Si Munggah ngowowong bari nyebutkeun ngaran hiji sato. Tara loba omong, nu pangheulana ngadéngé gura-giru muka panto.
"Buru kéjo, aing lapar!" Garawak deui. Ma Ojoh mani dagdag-dégdég. Ari rék diasongkeun, nu méntana geus nyegrék badis si bopih héés di kolong golodog. Mun ngaguher kérék, méakkeun kasuka tas nginum alkohol Si Munggah tara hudang téréh-téréh.
Mun pareng nu muka tulak téh bapana, enya Duloh, kudu baé meunang panyacampah.
"Hararésé pisan muka panto téh?" Matana hurung. Jekuk sapatuna nu geus cewaw dipaké ngajablogkeun panto.
Duloh bati istigpar.
Angot mun nu mukana Si Opay atawa Si Didit mah kudu baé meunang oléh-oléh, sirahna didegungkeun.
"Munggah-munggah, énjing cios saum insaalloh," nongtoréng deui sora béwara ti masjid tonggoheun kantor polsék. Ngadéngé kecap munggah, Duloh sok inget ka Si Munggah minangka ngaran nénéhna Si Mémét, anal cikalna. Dimunggah-munggah gé apan Si Mémét téh ngajuruna pareng poéan munggah, tilu puluh taun kaliwat. Kolébat beungeut jenatna Yati, indung teges Si Mémét.
"Muga-muga baé budak téh sing walagri Kang, rék awéwé rék lalaki," ceuk Yati harita bari ngusapan beuteungna nu bulan alaeun. Duloh unggeuk. Ngarasa bagja sabab laki rabi geus lima taun can dipercaya boga turunan ku Gusti Alloh. Kabiruyungan. Wancina gubrag ka dunya, enya poéan munggah tëa brol orok lalaki. Nyusurup jeung poéan munggah, indung Si Mémét méré ngaran nénéhna Si Munggah.
"Sugan wé jalu manéh téh hirup beresih siga bararesihna jalma-jalma nu munggah," ceuk indungna.
Bubuhan budak meunang tipepereket ngadunga bari ngan hiji-hijina, mokaha Si Munggah diogo pisan, pangpangna ku indungna. Sagala kahayang teu sirikna dicumponan, kalan-kalan saré gé dikeukeupan baé siga sieun aya nu nyulik. Mun aya nu barang geureuh, kolotna diontrog bari dicarékan.
"Warah budak téh, nyaho Si Munggah mah teu kaopan," pajah téh.
Duloh onaman biasa-biasa baé, ngenod teuing henteu, galak teuing henteu. Kuma umumna wé kolot ngatik anak sangkan daék sakola, ngaji, malahmandar jaga hirup bener.
Sup ka SD. Kungsi deuih ngaji. Éta gé meunang diolo-olo ku Duloh da ku indungna mah tong dipaksa-paksa cenah budak embung sakola téh, karunya. Carékna téa mah asal hirup gé geus untung. Kitu pamikir indungna baning nyaah ka Si Munggah téh.
Nincak rumaja, Si Munggah salin jinis jadi budak baragajul da puguh sakola teu junun. Nyaan cééhan, teu kaop digeureuh-geureuh, teu kaop dihulag, teu kaop disisiwoan, langsung nyégag. Témahna mindeng galungan jeung babaturanana. Antukna sakola teu junun. Indungna kakara sadar, ning boga anak kitu laku téh malindes ka kolotna. Nu ngomongkeun tingkecewis, nu ngontrog tipopolotot, angot basa Si Munggah urusan jeung pulisi nepi ka dibérokna mah, haté indungna asa diwewejét.
"Naha atuh manéh téh maké bijil poéan munggah ari laku lampah euwah-euwah mah?" Yati kagegeringan mikiran Si Munggah, nepi ka hanteuna pisan. Duloh pruk kawin jeung Ma Ojoh, boga turunan satilu-tilu, Si Opay, Si Didit, jeung Si Onih, budak awéwé hiji-hijina.
Ditinggalkeun indung, lampah euwah-euwah Si Munggah mungguh ngaguruh, siga euweuh pamuntangan. Kabur ti kolot, hirup lunta sakaparan-paran jadi préman. Puguh wé beuki ngajago. Basa gubrag Réformasi, mun baheula aya petrus loba karaman dikarungan, jaman Réformasi mucunghul amuk massa. Si Munggah, siga batur-baturna, ngistrika kokodna nu aya tatoan, teu beresih. Kapaksa disumput-sumput. Aya kasieun dirempug balaréa nu gangas kadongsok krismon. Ning mun aya préman beunang, laju dikerepuk teu meunang ampun, terus dibanjur minyak béngsin, gur diduruk. Si Munggah ngompod ogé. Nya ngulunu ka bapana. Duloh bati bingung, ditarima kumaha ditolak kumaha. Antukna léah, nya ditarima wé da burung palung bodo gélo gé anak sorangan. Hadéna Ma Ojoh gé léah. Mimitina mah Si Munggah katémbong lindeuk, sari-sari nyantri, kuma umumna préman usum Réformasi ningan. Béh dieu-béh dieu, euwah-euwah Si Munggah kanceuh deui. Teu bina ti korupsi, nu pajah Réformasi téh seja meresihan aparat korup, hih kénéh-kénéh kéhéd ningan, koruptor kalah beuki ngaleuya. Nya ngapruk deui dunya peteng da ningan kasempetan keur kikituan gé nonggérak deui. Jaman Réformasi nu daragang inuman keras kungsi diubrak-abrik ku nu maraké sorban, pada nyeceléh, nya répéh. Kadieunakeun miras nerekab deui, malah aya sesebutan pésta miras, teu kalis weureu arak, hayang leuwih apdol meureun dioplos jeung naon ku hanteu. Puguh wé lauk keur Si Munggah mah. Jleg deui wé préman, batan babalik pikir kalah euweuh kagimir, batan kapok kalah gawok.
Nu digangguna lain baé urang luar, siga puras-peres, kulawargana gé dipajeg. Puguh deui ngadon dahar jeung héés mah.
Peuting kamari, janari leutik, saperti sasari Si Munggah balik. Siga biasana. sampurasunna téh najong panto bari nyebutan ngaran si bopih. Teuing kumaha peuting kamari mah nu araya di imah asa kasirep jurig tunduh kabina-bina. Kakara harudang sanggeus Si Munggah najong panto sababaraha rintakan.
"Sétaaan..na malolor téh?" Si Munggah ngawakwak. Napsu ngagidir, tina sungutna meledos sésa urut mabok. Torojol bapana, karék gé hol nu keur lulungu téh dipapagkeun tonjok. Jekuk, jurahroh. 
Koréjat Duloh maksakeun hudang bari nahan kanyeri.
"Na siah téh Munggah? Durjana kabina-bina?" Duloh dak dumadak boga kawani. Pudingding napsu. Teu ngabibisani, aya kénéh sésa jawara jaman keur ngora.
"Goblog!" Si Munggah geus teu boga wiwaha. Der galungan antara anak jeung bapa, ti jero imah ngagésér ka buruan. Najan ruruntuk jawara gé geus umuran mah teu burung kasoran. Nénjo kitu, Si Opay jeung Si Didit nu ti tatadi olohok mata simeuteun baning baluas, sakilat duanana maju jurit ngaraponan lanceukna nu geus kausap sétan. Si Munggah pada ngahanca, saréréa geus kaleungitan kadali, tali pameungkeut duduluran ngajemprung, hayang pada-pada unggul. Ceg Duloh kana batu sagedé hulu domba paragi manéhna moyan. Teu antaparah deui, gejrot dipeupeuhkeun kana sirah Si Munggah. Kocéak....
"Ampun Pa, ampun Pa, ampuun....!" Na remeng-remeng peuting Si Munggah minangsaraya, kakara lilir tina impian euwah-euwahna. Tapi....Duloh geus kaleungitan rasa nyaah, durjana modél Si Munggah kudu dipérénan. Titis tulis ciri wanci, baheula Si Munggah gubrag ka dunya poéan munggah, ayeuna gé mulang na poéan munggah.
Gujrud salelembur aya kajadian rajapati antara anak jeung bapa. Harita kénéh gé pulisi --sabada meunang laporan ti masarakat-- nyangkalak nu tiluan, Duloh, Si Opay jeung Si Didit terus dibawa ka kantor polsék, blus ka kamar tahanan, ngadagoan dijagragkeun ka pangadilan.
Gebeg, Duloh lilir tina lamunanana. Rét ka dua budak lalaki nu taya lian Si Opay jeung Si Didit, teup deui kana lalangit, bréh Si Munggah nu keur ceurik ngagukguk ménta ampun.
"Munggah, munggah insaalloh énjing cios saum. Mangga geura beberesih," geus kadéngé deui béwara munggah ti masjid wuwuh matak ngagerihan batin Duloh.
"Munggah? Puasa? Ya Alloh, kanggo naon atuh paruasa ari gogoda hirup pada ngantep baé?" gerendeng batin Duloh siga nu ngarasula kana kaayaan rinéka jaman. Berebey cimatana ngabanjiran kumis, terus kana janggotna.***

Warisan nu Moal Cocéng

Warisan nu Moal CocéngWarisan nu Moal Cocéng - GEUS ti béh ditu hayang nyarita ka Emah, naha henteu capé ngasuh Si Jalu anak kuring. Mangkaning bari ngantunkeun Apa di lembur, ampleng-amplengan. Hayang sapok-pokeun nyarita, keun baé da ayeuna mah Si Jalu geus sakola, bisa ditinggalkeun jeung pangasuh. Tapi létah téh asa beurat waé unggal rék nyarita. Sakitu deudeuhna Emah ka anak kuring. Kacipta lamun kudu dipegatkeun téh.

Kuring ngarasa dosa ngandelkeun Emah terus-terusan nungguan budak, sabot kuring jeung salaki digarawé. Tapi leuheung basa lamun ku anjeunna katampi perasaan asa dosa kuring téh. Kumaha lamun kalah ngaraos diusir? Naha henteu leuwih dosa ngajaheutan manah anjeunna? Tungtungna ukur rumandeg waé. 

“Iraha budak téh peréna?” saur Emah bari ngarérét ka Si Jalu, nénéhna anak kuring, nu keur anteng ulin diriung ku cocooanana. “Ngadéngé budak tatangga cenah mimiti peré tanggal opat welas nincak poé Saptu, biasana ari peré naék kelas mah sok akur ti mimiti sakola TK nepi ka SMA, lamun sarua tanggal opat welas si Jalu ku Emah rék diajak ka lembur sakalian ngalongok Abahna,” saur Ema deui. Ema nga-Abahkeun Apa ka anak kuring.

“Karunya geus tilu bulan teu dilongok. Ari ukur dikiriman artos bekelna wungkul mah bisi boga rasa ditambélarkeun. Sanajan henteu ari pok kitu mah ngan urangna wé meureun nu kudu hideng.”

Meg kana dada asa aya nu nonjok. Ras ka Apa, beuki nambahan lamun inget ka lebah dinya. Emah jeung Apa patebih nyasat lantaran melaan kuring. Emah di Bandung sabumi maturan kuring. Ari Apa di lembur nyalikan bumi nyalira, ditalingakeun ku lanceuk nu cikal, bari sarua boga budak leutik anu masih kénéh sakola SD satilu-tilu. Boh tuang, boh kaséhatanana, maklum tos sepuh tiktikbrek, gohgoy téa kalingsir téa. Tacan panyakit lianna nu sok biasa karaos.

Sanajan lain kahayang kuring tapi asa dosa kacida ku kaayaan Emah sareng Apa ayeuna. Kuring salaku anak ukur sarwa salah kitu kumaha kieu kumaha nu tungtungna ukur bisa ngamuhun-keun kana cariosan Emah sareng Apa, sok sajan jadi beungbeurat haté. Sanajan diomongkeun ku batur, ku dulur, kuring nongtorékkeun manéh waé. Da aya benerna atuh omongan batur téh. Tapi kuring teu bisa baha atawa teu sanggup kudu ngaraheutan manah indung jeung bapa mah. Apan sok loba nu nyebuteun yén lamun nu jadi anak ngahésékeun atawa ngagawékeun kolot, sanajan kolotna rido tetep bakal jadi dosa. Wallahualam, tapi rumasa kuring gé ngarasa dosa. Sanajan kuring teu rumasa miwarang Emah. Anjeunna linggih di Bandung, éstu kapalayna ku anjeun. Maenya ku kuring kudu ditolak.

Si Jalu nu ayeuna geus umur tujuh taun dirorok, diasuh nyasat digedékeun ku Emah. Kuring digawé, jadi teu bisa nalingakeun sapopoé. Boh mandina, boh dahareunana, kitu deui papakéanana, nyusuna nyasat kabutuhan sapopoé pikeun si Jalu. Harita gé geus kapikir, kuring kudu boga pangasuh. Bari nungguan cuti sabulan deui ka béak panceg ka tilu bulan, Emah kaburu sumping ka Bandung ka imah kuring angkaribung sagala dicandak. Sampeu, kasreng, rangginang, wajit, opak, cau jeung nu lianna sabangsaning kadaharan séjén oléh-oléh ti lembur hasil tatanén. Saurna sono ka si Jalu.

“Nyai cenah dek nyiar pangasuh? “ saur Emah bari ngeyong-ngeyong orok. Kuring ukur ngaenyakeun ku unggeuk.

“Keun baé teu kudu hésé-hésé nyiar pangasuh, ku Emah wé. Asa teu mikeun lamun budak diasuh ku batur, teu percaya Emah mah. Geuning réa contona, ceuk béja tina tipi ogé loba pangasuh nu teu balener, teu kabéh éta ogé. Tapi Emah mah tetep cangcaya, komo Nyai gawé ari budak ditinggalkeun jeung batur, keun tong jadi pikiran. Keun baé Emah nu pindah ka Bandung saheulaanan nepi ka Si Jalu sakola, Ké lamun geus sakola kakara ku Emah rék dileupaskeun jeung batur. Meureun Emah ogé rék balik ka lembur. Apa Nyai nu ngeukeuhan Emah indit ka dieu téh. Saur Apa, piraku teuing asa teu téga ari ninina genah-genah moyan, incuna diasuh batur. Jung ka ituh bisi kapiheulaan ku batur geura indit ka Bandung. Keun baé Apa mah da bisa ngurus sorangan pilakadar dahar sapiring menta wé ka si Teteh,” saur Emah. Teteh téh lanceuk kuring nu cikal.

“Saur Apa téh, Nyai, nyeusuh baju sasetél mah bisa ku sorangan. Atuh lamun purun Apa nu nuturkeun ka Bandung sakapeung-kapeungeun, da lain teu hayang cicing di Bandung téh. Éta teu betah asa teu pararuguh, ukur dahar, ulin, ka masigit, lalajo tivi, kaluman,” saur Emah ngadugikeun cariosan Apa.

Kabiasaan Apa di lembur sagala dicepeng, ka kebon, ka ditu ka dieu ngabangbrangkeun rasa kaluman. Saur Emah, Apa ridoeun ditinggalkeun, Emah rido kacida, lamun diijinan ngasuh anak Nyai Si Jalu. Keun tong jadi pikiran, Nyai jeung salaki mah sing soson-soson digarawé nyiar pibekeleun hirup. Atuh Nyai ogé sing rido ngurus beaya hirup Emah jeung Apa.”

Enyaan haté téh ngarasa reugreug, Si Jalu aya nu nalingakeun sagala rupana. Malah jadi leuwih apet kénéh ka ninina batan ka kuring. Teu kitu kumaha da sapopoéna loba jeung nini batan jeung indung bapa, da puguh ditinggalkeun gawé. Tepi ka ayeuna Si Jalu geus sakola, Emah angger calik di Bandung. Sakalieun ka lembur nyalira, tara lami ukur saminggu.

“Gandeng! Ceuli asa rawing, dijurung-jurung wae ku Abahna. Karunya ka Si Jalu cenah jeung saha ulinna pan ditinggalkeun gawé piraku dék dibabawa ka pagawéan onamanan teu puguh atuh gawé bari ngasuh. Saleuheung mun pingpinanana ngamalum. Karunya Si Nyai ke bisi bolos gawéna,” saur Emah.

Taun tukang usum peré sakola Emah ngeukeuhan badé ka lembur tapi hayang jeung Si Jalu, ambeh lila di lemburna, meungpeung peré sakola. Inget kénéh, beres netepan subuh Emah ngahudangkeun Si Jalu nu masih ngageubra. Geus hudang terus ditamasan didangdanan, bekel dahareun jeung bekel baju salin tos ditembrak-tembrakeun dina lawang panto, ngarah teu tinggaleun. Ngahaja indit nyubuh, ambeh elfna kosong kénéh, bisa milihan tempat diukna di hareup. Ongkoh di jalan tiis kénéh jeung teu macét. Di lemburna rék dua minggu. Ambéh Si Jalu bisa istirahat di Bandung saméméh asup sakola. Lamun sabulan di lembur bisi capéeun teuing da loba ulin. Ma’lum ari geus di lembur téh Si Jalu mah siga kuda leupas ti gedogan, ka balong, ka susukan, milu ka kebon, milu ancrub ka sawah, ber kaditu ber kadieu matak capé nu mapay-mapay. Tapi teu hariwang ulin jauh ogé di lembur mah. Sanajan Si Jalu ngariweuhkeun, nyapékeun tapi Emah hoyong waé nyanyandak. Kitu deui Si Jalu teu kaop Emah angkat sok ngingintil waé. Kanyaah Emah, kabéla Emah ka kuring, ka anak kuring, ka kulawarga kuring, moal kabayar. Pikeun kuring, kanyaah Emah jeung Apa téh lir warisan nu moal cocéng saumur hirup.

Dua minggu di lembur awak Si Jalu mani lintuh. Pipi camihmil, leungeun tareuas siga sampeu, ngan pakulitanana rada hurik. Pédah mandina ku cai nu ngocor langsung ti gunung meueunan. Teu kawas di Bandung make cai hasil ngolah. Ku lantaran diwowoy, sagala digugu, ulin sakarepna, dahar rewog, saré tibra, ti sareupna magrib, dug sek. Hudang- hudang geus beurang. Pantesna urang lembur mah geus meunang hanca ngarambet sakotakan sawah. Hudang saré Si Jalu geus disampakeun sarapan bacang jeung bala-bala meunang mesen ti tukang sayur nu unggal isuk sok ngaliwat ka hareupeun imah. Beres sasarap terus dimandian ditampian, mani ngoyok mandi ku cai nyurug. Geus mandi Si Jalu moyan di golodog imah bari dibuntel anduk ngahodhod tapi katinggalina seger.

Ras inget kalebah dinya kuring teu bisa nahan cipanon. Rasa syukur ka Pangeran tan wates wangen, boga kolot nu sakitu jembar manahna melaan anak incu, namplokkeun kanyaah ka kulawarga sanajan diomongan dipoksangan ku dulur ku batur tapi Emah panceg.

“Emah rumasa teu bisa méré harta, dina mikanyaah Nyai. Keun baé batur mah da batur ngaranana ogé. Saha nu wawanianan nyebutkeun dosa da nu meunteun dosa henteuna mah, anging Gusti Alloh lamun méngpar tina ajaranana, kakara dosa.” Saurna.

Tapi kuring tetep asa dosa ka kolot, lamun Emah terus ngurus Si Jalu. Tapi lamun ngawagel Emah ngasuh Si Jalu, sieun dipajarkeun embung kacicingan. Kapan jadi ngaraheutan manahna. Meureun ayeuna waktuna kuring males kanyaah Emah. Keun bae diomongkeun batur pajar ngagawekeun kolot, batan kuring ngaraheutan manah Emah.

“Lila kénéh peréna budak téh. Apa geus nanyakeun waé, sonoeun meureunan,” soanten Ema ngahudangkeun lamunan kuring. Kumaha atuh nyaritakeun ieu perasaan dosa téh.

“Ngawitan énjing, Mah, “ témbal kuring.

“Pageto we atuh Emah ka lembur jeung Si jalu, nya,” saurna. Kuring unggeuk. Haté ngarakacak. Lalanyahan waé kitu, nanyakeun naha Ema teu capé ngurus Si Jalu. Naha Ema teu capé uah- uih ka lembur. Kakara miwarang lirén maturan kuring. Tapi biwir téh teu kelu cacarita.

“Geus meujeuhna adian, budak teh Nyai. Ulah hiji teuing, karunya. Meungpeung Ema jagjag keneh, “ saur Emah. Piceurikeun nyelek kana tikoro. Rasa kagagas séséléké sumeleket kana dada, jero pisan. Duh indung.*** 

Panglawungan 13, Juni katompérnakeun.

Kénging Tuti
Sumber : mangle-online

Diajak ku Buta Hejo

Surat tugas pikeun ngajar geus katarima,Mimiti dibenum ka basisir kalér, ka SD Kaléntambo hiji.Tapi teu kungsi ngajar didinya, tulusna mah di SD Sukaseneng Kacamatan Pusakanagara. Rada gimir ogé ditugaskeun ka daérah basisir téh, mun seug komo mun inget kana nu kaalaman ku babaturan sakola. Manéhna digawé di Ciba, ditugaskeun ka tempat anu ku kuring kiwari kudu ngajar. Aya pacogrégan saeutik, alatan hutang nu kudu dibayar ku patani. Teu kungsi lila mulang ngababatang, utah getih.

Carita-carita ngeunaan kaayaan di daérah pasisir, anu sifatna masih kénéh percaya kanu mistik jadi cekelan keur kuring. Kuring kudu hirup ati-ati, kudu siap lahir jeung batin, kaasup dina ngatik ngadidik barudak. Tina asalna haok hamprong jadi kudu nahan amarah mun kabeneran aya budak nu rada béda ti batur.

Jalan nu rék disorang amblongan, urut treuk nu biasa ngangkut paré. Tapak ban lolobana jarero, kituna téh lain saméter-dua méter panjangna, ieu mah ampir sapanjangna jalan. Luhureun jalan aya jalan satapak ngagalengan, sok dipaké nu leumpang atawa ojég sapedah keur nyingkahan jalan nu ruksak. Sarua ieu gé teu mulus, arula-arileu sakapeung legok matak picilakaeun.

Mun usum halodo jalan ngalalombang, komo usum hujan jalan kalah mingkin amblongan. Teu kasawang titadina, ditugaskeun ka tempat nu hara-haraeun.

Ojég sapédah nu ditumpakan ku kuring, lajuna semu nu beurat nambag angin. Angin karasa ngagelebug, nambag kana beungeut. Kapaksa beungeut nu nampeu kana tonggong tukang ojég disusupkeun, geus moal boa pasti kana bau késang. Arula-arileu,gejlok ojég nincak jalan nu legok, belenyeng deui rada tarik, da nincak jalan nu rada rata.

Asa lila pisan di jalan téh. Sanggeus ngaliwatan pasar jog ka hiji tetewang. Didinya aya bangunan leutik tina bilik awi, barudak keur arulin di buruanana, diantarana aya nu maké seragam sakola.

Disebut sakola sotenan bubuhan aya plang sakola. Ari ningali kana kaayaannana mah teu payus disebut sakola. Sisina tina bilik awi barolong teu sirik na asup munding, kenténgna sawaréh geus marurag, tihang-tihangna gé umumna tina awi. Kelasna ngan tilu rohangan, antara kelas jeung kelas disekat ku bilik. Handapna taneuh, teu dipelur-pelur acan.

Jrut turun tina ojég. Buriak barudak nu keur arulin lalumpatan. Lain nyalampeurkeun, ieu mah malah kalahka lalumpat nyararumput ka kelas, bari pokna téh, "Ana tukang suntik… Ana tukang suntik!" ceuk barudak mani réang. Beu disangka tukang suntik meureun, éta pédah maké baju bodas jeung tas bodas, kuring ngagerentes dina haté.

Mimiti datang, sanduk-sanduk ka kokolot lembur. Geus puguh ka Kapala Sakola mah. Kapala Sakola atoheun pisan, kadatangan kuring salaku guru nu anyar diibenum. Kurang guru lain bobodoan, opat kelas diajar ngan ukur ku sorangan, kadua guru agama.

Di imah kepala sakola kuring ditempatkeun di kamar hareup. Tempat saré tina kai ngan pangsaréanana dijieun tina palupuh awi. Kamar handapna acan dipelur, masih kénéh taneuh. Mun sakalieun rék solat di imah, kapaksa di luhur dina palupuh pangsaréan. Imahna mah témbok batu bata beureum, ngan pédah acan diteplok.

Sabada solat Isya, masih kénéh diuk menekung nyanghareup kiblat neneda kanu Kawasa supaya dipikanyaah ku dunungan, tasbé dicekel ku leungeun katuhu dipaké wiridan.

"Jang…, Jang, Jang guru!" di luar sora nu nyalukan.

"Hayu mending ngilu jeung kami, hirup pinasti senang, moal kurang nanaon," ceuk manéhna deui, kituna téh bari sup ka kamar kuring. Kerewek nyekel pigeulangan, terus nungtun kuring. Pigeulangan dicekel pageuh pisan hésé dilésotkeun.

Kuring dibawa teu sirikna disered, teu bisa kukumaha, ku hiji jelema maké calana satuur, bajuna kamprét pulas hideung. Rarasaan asa diséréd. Asa leumpang, asa henteu, asa asa hiber diséréd ngaliwat ngaliwatan tetewang, ngaliwatan walungan gedé, ngaliwatan sawah nu upluk aplak, palebah sisi laut Bras ka hiji guha nu dijaga ku dua buta nu samagreng ku pakarang, awakna sarua galede, lintuh bayuhyuh, leungeun jeung suku digeulang tambaga, nu hiji ceulina dianting sabeulah, ampir katutup ku buuk nu jawidig, panjang sahandapeun taktak. Jleg, lalaki nu mawa tadi téh pindah rupa, salin jinis jadi buta hejo nu sarua jeung nu diluareun lawang saketeng. Awak lintuh bayuhyuh, huntu rubak ranggeteng, rada kahalangan ku biwir nu jeding, tina sungut kaluar leuleueur, kawas cai aci rupana semu koneng, ngacay. Sup awak disurungkeun, kana biwir guhajeroeun lawang saketeng. Rarat-rérét, ka sisi ka gigir, ka luhur ka handap. Sing sarelap jelema, aya awéwé aya lalaki. Aya nu dijieun ganjel, aya nu dipaké tihang, aya nu dipangkék dihijikeun dijieun méja. Maranéhna ngarelél bangun nu nahan kanyeri.

Ku kangaranan sabangsaning mahluk lelembut nu aya ogé onjoyna. Awak nu sakitu gedéna jleg ngaleutikan jadi pantaran kuring. Kuring teu talangké. ngamangpaatkeun kaayaan, teterejelan, terejel ngajaul, ngaleupaskeun leungeun nu titatadi dicekel pageuh. Leungeun lésot. Jleg manehna ngagedéan deui. Siet manéhna rikat ngulangkeun leungeun rék néwak kuring. Gajleng kuring ngagajleng, cle dina taktakna nu rubak. Géréwék urat beuheungna digégél satarikna, kocéak manéhna ngocéak. Daligdeug, daligdeug manéhna dadaligdeugan. Getih nyebrot tina urat beuheungna muncrat nyalawura. Manéhna hudang deui, rék ngarawél cangkéng.

Lenyap kuring ngalenyap, ngagebeg, kahudangkeun. Késang tiis ngorolok tina awak. Kuring masih kénéh diuk, tasbé masih kénéh dicecekel teu lésot. Kuring istigfar sabaraha kali. Kuring tumanya kadiri sorangan, "Naha neneda kanu Kawasa, ka Gusti Nu Maha Suci, hayang dipikanyaah ku dunungan, ari torojol bet satengah ngimpi, kaalaman saperti bieu?"

Sakumaha biasa, isuk-isuk pisan. Saméméh indit ka sakola sasapu heula di tengah imah, geus puguh lamun di kamar sorangan mah, terus kaburuan, Itung-itung mihapékeun manéh pikiran téh. Sabada bébérés, geus siap rék ka sakola, gék diuk hareupeun kapala sakola nu rek bareng indit.

Kuring nanya ka Kapala Sakola, nu harita keur maké kaos kaki.

"Punten Pak, dupi di dieu aya buta hejo nya?" ceuk kuring tumanya ka Kapala Sakola.

"Dimana Yi?" témbal Kapala Sakola bangun nu héraneun.

"Itu di payun," jawab kuring bari nunjuk imah Haji nu teu jauh ti imah nu dicicingan ngan ukur kahalangan ku jalan jeung solokan wungkul. Kapala Sakola ngahuleng sajongjonan, gorolang nyaritakeun kaayaan haji téa. Kuring unggut-unggutan, teu karasa geus waktuna kudu indit ka sakola, ngajar barudak nu geus lila narungguan.

Kuring ngucapkeun syukur ka Gusti Nu Maha Suci, do'a kuring dikabul, sanajan kudu heula ngaguar muka siloka.***

Anggrek Opat Welas, Maret 2013

Kénging Maman Rachman
Sumber : mangle-online

Jurig Imitasi

Jurig Imitasi - Sagala kapeurih asa can punah. Kasedih, nalangsa, tunggara masih gumulung jeroeun dada, teuing rék iraha musnana. Awak kuring nu kamari ieu ingsig, saeutik-saeutik karasa ngorotan. Sagala rupa taya nu mirasa, moal boa mun kurang-kurangna iman mah teuing geus milu nuturkeun, ninggalkeun dunya nu ramé ieu, nu pinuh ku sagala kapalsuan jeung katunggaraan.



Do’a kuring salawasna marengan, mugia manéhna beubeulahan ieu haté sing meunang kabagjaan di jero kubur, sing ditarima iman islamna. Ogé kuring teu kendat nga’dua muga-muga keur diri kuring nu ditinggalkeunana sing kuat nandang sagala cocoba nu tumiba.

Ngalangkang kénéh kajadian dua minggu ka tukang. Kalayan haté teu tenang, antara bogoh jeung cangcaya nungguan manéhna. Ari pamajikan kuring nu rék ngalahirkeun turunan nu munggaran. Bet geuning kitu buktina, sagala kacangcaya ngabuah jadi tunggara. Hak kuring kiamah bareng jeung musnana sagala harepan. Ani mulang ka asal, dipundut ku Nu Kagungan, asal ti Anjeunna balik deui ka Anjeunna. Teu bisa majar kumaha ngan cimata nu bisa marengan jeung du’a nu nganteurkeun manéhna, ka tempat pangreureuhan nu panganggeusan.

Mun raheut téa mah asa can lipur, geus jol deui masalah nu matak nyeri haté, nyeri nu leuwih ti nyeri. Najan kuring gogoléran bari nyebut sarébu kali teu percaya, taya gunana, ngan haté baé nu tetep teu ngeunah. Asa piraku Ani pamajikan kuring nu sakitu soléhna, migusti ka salaki, taat kana paréntah agama, awéwé nu apal kana haram jeung halal sarta maotna bisa disebutkeun “mati sahid” diuar-uar majar maotna marakayangan jadi sétan panasaran. Kuring yakin sagala éta carita ukur jijieunan, ngan kuring tetep baluweng, kudu kumaha nyanghareupan masarakat nu masih kénéh kandel kapercayaanana kana soal nu kararitu. Naha kudu didatangan saurang-saurang dibéré panerangan? Mustahil! Hadéna di imah téh ngan duaan, kadua Mang Pardi badéga kuring, jadi sagalana masih kénéh bisa tenang enggoning nyanghareupanana.

“Ari Mang Pardi ti saha mimitina meunang béja téh?” cék kuring basa mimiti meunang béja ti Mang Pardi. Haté mah asa geus teu kuat nahan émosi, sok ku teungteuingeun nu ngamimitian nguar-nguarna.

“Satadina mah moal dibéjakeun ka Encép téh!” cék Mang Pardi bari ngarahuh. “Asa kieu salah kitu salah. Ku Emang geus dipaluluruh ti mimiti jalma nu nepikeun ka Emang, terus dipapay nepi ka sungapanana. Tapi buntu Cep!”

“Buntu kumaha Emang téh?” cék kuring panasaran.

“Ceuk nu pangpandeurina ditanya ku Emang téh, meunang béja ti Jang Unu cenah...”

“Kang Unu Mang...” Asa piraku ari Kang Unu nepikeun ka nyieun gara-gara deui mah. Baheula gé asa geus bébéakan sili hampura najan enya manéhna kungsi jadi maru kuring gé.

Kumaha atuh ari kieu Mang? Piraku kuring kudu maluruh nanyakeun soal nu kieu ka Kang Unu. Bisa-bisa urang disangka rék nyieun pucuk ti girang.”

“Nu mata oge Cep! Leuheung basa mun panarimaanana alus. Ongkoh sasatna ngaborétékeun étaeun urang...”

“Ari pamanggih Emang kumaha?”

“Maksad Encép téh?”

“Enya ari Mang Pardi percaya Ani jadi jurig?”

“Beu ari Encép, keur naon atuh Emang unggah-onggéng solat ari kana soal nu kitu masih percaya mah. Lain pédah hareupeun Encép ieu téh! Jeung mun enya ogé aya manusa nu jadi nu kitu lain modél Néng Ani bagéanana.”

“Sukur ari kitu mah, hartina Emang sanggup meureun ngabantuan kuring?”

“Maksud Encép téh rék néangan jurig bungkeuleukanana?” Mang Pardi malik nanya.

“Enya Mang! Emang gé meureun ngarasakeun kumaha rarasaanana haté kuring!”

“Tong boro Encép, dalah Emang sorangan gé milu teu ngeunah!”

“Kieu atuh Mang, keun ayeuna mah urang cicing-cicing baé heula sugan jadi tiis suasanana. Tapi lamun beui maceuh mah kari kumaha engké!” cék kuring tandes. Mang Pardi ukur unggut ngaenyakeun. Kuring yakin Mang Pardi mah bisa dibawa badami jeung bisa dipercaya.

Peutingna. Kaayaan di luar combrek, taya jelema liwat saurang-urang acan ka hareupeun imah kuring. Malem Jumaah kaliwon, katurug-turug keur meujeuhna poék bulan. Mang Pardi geus saré ti wayah isa kénéh di kamar tukang.

Sanggeus ngaji meunang sababaraha balikan gék diuk dina korsi di kamar hareup. Pitunduheun anggur ngajauhan, pikiran mancawura ka ditu ka dieu nyoréang alam ka tukang. Ku teu sangka kuring bakal ngalaman nasib model kieu. Kuring kudu ditinggalkeun ku manéhna dina mangsa keur meumeujeuhna sono-bogoh.

Lampu dileutikan. Ti kajauhan kadéngé sora anjing babaung. Golédag kekedengan susuganan bisa saré. Keretek di pipir aya sora nu kekeretekan. Teu jadi pikiran, paling-paling kalakay kabawa angin. Hiliwir bau menyan kaangin-angin paselang jeung bau minyak seungit. Geus teg na jero pikir moal salah hiji sandiwara bakal dimimitian. Kuring cicing. Lain sieun, tapi hayang nyaho satuluyna nu bakal kajadian. Kuring teu percaya kana sagala tahayul, jeung asa piraku tina asal dongéng-dongéng bohong kiwari bakal karandapan ku kuring.

Tina sora nu karasak-kérésék robah jadi sora nu ceurik bangun kanyenyerian. Ku lantaran imah kuring témbok, teu bisa noong ka luar. Cengkat lalaunan. Ngahuleng sakeudeung. Mani ngagebeg basa aya ramo nu nyolongkrong tina liang angin-angin, ramu nu dibungkus ku kapas nu ngeplak bodas. Pluk aya nu ragrag kana ubin. Panasaran jandéla dibuka, ngan sakolépat nu ngelemeng bodas geus ngiles dilegleg meredongna peuting. Kuring gogodeg jeung istigfar.

Nu ragrag kana ubin dicokot. Sacewir lamak bodas ditulisan beureum. Dibaca:



“Kang Handy!! Seratan Ani curat-ciret teu mirupa, diserat nganggo getih Ani pribadi. Kang Handy! Ani sedih! Kang Handy karunya ka Ani? Pangmaoskeun Yasin kanggo Ani nya Kang Handy. Pileuleuyan!

Nu tunggara

Ani”



Isukna surat dibikeun ka Mang Pardi. Manéhna ukur gogodeg. “Lain antep-antepeun ieu mah Cep! Jeung piraku deui aya jurig bisa nulis sagala.” Mang Pardi ngomongna dibarung imut.

“Sing waspada baé Mang Pardi da tangtuna gé ieu téh aya tuluyna, jeung ulah kendat nya ngado’a baé, muga-muga sagalana téréh bérés!”

“Ceuk Emang mah mending ontrog ka imahna Cep, moal saha deui tangtu si Unu nu boga petana téh.”

“Ah, ulah waka nyangka ka si itu si éta Mang...”

“Ari geus... sidik béja téh asalna ti SI Unu, jeung Si Unu deui nu pernah paséa jeung Encép.” Mang Pardi keukeu dina pamadeganana.

“Curiga mah meunang, tapi nyangka mah ulah. Beurat jeung kudu aya buktina. Ari ieu...”

“Rék cicing baé nya Encép mah?” Mang Pardi malik nanya.

“Nya kudu kumaha atuh...”

“Encép apal henteu kana tulisanana?”

“Henteu, ngan nu jelas jurigna bodo. Piraku ditulisna ku getih ari bauna bau mangsi.” Salila-lila paduduan tingharuleng.

“Engké mah Emang cicing baé di imah bandungan sagala nu kajadian. Keun kuring mah rék liar, sugan bisa meunangkeun nu anéh-anéh.” Kuring ngabagi tugas.

Malem Saptuna, ti wanci isa kénéh kuring geus indit, maksud téh rék manggihan Kang Unu, bongan ceuk Mang Pardi béja téh asalna ti dinya. Lain rék ngontrog kuring gé, maksud téh hayang ngobrol baé, susuganan nyabit-nyabit soal pamajikan kuring nu cenah jadi ririwa.

Punten mah geus sababaraha kali, tapi euweuh baé nu némbalan sakitu lampuna mah caang. Imah Kang Unu teu pati jauh ti imah kuring ngan kaselang ku tegalana jeung kebon pandan. Imah leutik cukup keur imah-imah sorangan mah. Bubujangan kénéh Kang Unu téh.

Panasaran ditoong tina sela-sela bilik karancang, aya radio luhureun rak. Tapi... aya geuning Kang Unu gé keur ngajongkéng dina bangku kai di tengah imah. Panto imahna diketrokan deui antukna digedoran, nu ngajongkeng angger teu usik teu malik.

Kalah kesel. Maksus téh kuring rék balik deui. Basa ka luar ti buruan imahna ti kajauhan aya nu ngelemeng sagala bodas. Kuring nyalingker kana tukangeun rungkun pandan. Gancang pisan leumpangna, mun kuring jalma borangan moal teu sawan sigana mah, teu rék kitu kumaha geura nu liwat téh najan poék sidik maké popocong. Dituturkeun ti kaanggangan, ka imah Kang Unu geuning asupna téh. Ditoong deui tina sela-sela bilik. Porosot pakéan-pakéanana dibuka, Kang Unu geuning. Kuring gogodeg. Kahayang mah asup ka imah bari nyarekan laklak dasar, tapi kuring asa salah geus wani untap-intip ka imah batur. Bari haté pinuh ku kakeuheul jeung katugenah kuring maksakeun balik.

Datang ka imah geus jam duawelas leuwih. Mang Pardi masih kénéh cindekul ngadagoan kuring. Sok manéhan mikeun lamak nu modél kamari. Eusina:



“Kang Handy!

Ani tiris! Ani sangsara! Tulungan Ani Kang Handy! Upami Kang Handy karunya ka Ani, cobi Ani pasihan salin, Ani buligir. Sinjang sareng nu sanés-sanés sacékapna. Wengi énjing ku Ani dibantun. Simpen baé di juru kekebonan. Tong teuing ditungguan bilih Kang Handy teu kiat.



Nu tos lain-lainna deui

Ani”



Kuring ukur gogodeg.

“Jurig modern!” cék kuring bari ngalungkeun lamak kana méja. Mang Pardi ukur seuri konéng.

“Lain antepeun Cep!” Keun Emang bagéanana nyerek nu kitu mah. Tuman!” cék Mang Pardi sanggeus dibéjaan sagala nu kaalaman ku kuring.

Malem Mingguna. Ti soré kénéh Mang Pardi geus taki-taki di luar, nyumput tukangeun dapuran cai. Bubungkusan geus disadiakeun di juru kekebonan, tapi eusina lain pakéan, ukur bubututan nu dibungkus dihadé-hadé. Kuring teu hayang nyaksian sagala nu bakal kajadian, teu tega.

Mani, ngagebeg basa ngadéngé Mang Pardi sesentak di luar.

“Kurang ajar silaing Unu! Dikira déwék rék beunang katipu ku silaing Unu!” sora Mang Pardi munggah handaruan. Gura-giru kuring ka luar, sok ingis Kang Unu geus teu mirupa disiksa ku Mang Pardi.

“Geura ngalawan siah Unu!” Bari ninggang sirah nu dipopocong.

“Ampun Mang! Ampun! Sanes Unu abdi mah!” Sorana haharegungan nahan kanyeri.

“Tong loba tingkah siah! Kakara ampun ayeuna mah nya!” bari hiuk deui peureup Mang Pardi ngahanca sirah si jurig.

“Geus Mang karunya! Bawa ka dieu!” teu sirikna diséréd Si Jurig dibawa ka buruan. Tatangga nu padeukeut nungtutan nyalampeurkeun saoborna-saoborna.

Barang popocongan dibaruka, kuring mani ngagebeg. Teu sangka, nu dicipta téh beungeut Kang Unu nu pikarunyaeun, ari ieu bet Si Sarda, jelema baragajul tukang pulang-paling. Malahan sabulan ka tuakng kakara ka luar ti pangberokan.

Basa tatangga-tatangga jeung Mang Pardi ramé-ramé nganteurkeun Si Sarda ka kantor pulisi kuring teu milu, ngan gék baé dina teras diuk bari ngahuleng salila-lila. Hampura Kang Unu kuring geus goréng sangka. Tapi naha geuning Kang Unu maké popocongan... pikiran jadi pabeulit teu puguh.

Kuniang hudang. Sup ka tengah imah. Teu lila Mang Pardi datang bari sura-seuri.

“Aya naon Mang...?” kuring nanya panasaran.

“Jadi dua jurig téh, Cep!” Mang Pardi teu weléh mesem.

“Ari kitu...?”

“Di kantor pulisi geus namprak deui jurig. Beunang néwak Mang Omo éta mah ti sawah. Keur nyingsieunan nu néang cai ngarah sawah manéhna kacaian terus, teu kasoro ku batur. Si Unu nu éta mah... kuring ngan ukur bisa gogodeg.***

Kénging Eddy Ruswandy
Sumber : mangle-online