GAPURA EDISI 01 - 2013

blogger templates


GAPURA
01
Februari 2013

WILUJENG TEPANG BARAYA SUNDA











BARAYA SUNDA, WILUJENG TEPANG DI MAJALAH SUNDA ONLINE GAPURA.

Panginten baraya Sunda sadaya ngaraos panasaran, kumaha ari Majalah Sunda Online GAPURA ieu teh? Sareng naon maksadna ngadamel majalah online ieu? Baraya Sunda, kamajengan teknologi internet nyayogikeun lahan kanggo ngebrehkeun sadaya gagasan nu langkung bebas sarta ambahanana langkung lega. Sakalihna ti eta, dunya internet nu teras-terasan majeng, sihoreng oge ngorbankeun media sanesna. Baraya Sunda panginten kantos ngadangu berita perkawis majalah Newsweek wedalan Amerika, nu pemasaranana global, kapaksa ditutup lantaran oplahna teras-terasan nyirorot, teu tiasa nandingan media-media online. Cobi emut, majalah sakelas Newsweek nu sakitu jugalana tiasa ditutup versi cetakna sarta rumpakana ayeuna mah pokus kana Nesweek online.
Baraya Sunda, di urang aya tilu media Sunda nu ngeureuyeuh medal, nyaeta majalah Mangle (yuswana tos langkung 50 taun, tos rebuan edisi nu medalna), majalah CupuManik (dialpukan ku budayawan Ajip Rosidi), sareng majalah Sunda Midang (dialpukahan ku Dudi Santosa). Sanaos sumebarna teu patos lega, urang Sunda kudu reueus ku ayana tilu majalah basa Sunda eta.
Saterasna, tujuan tina didamelna Majalah Sunda Online GAPURA ieu taya sanes kanggo ngalengkepan kana media-media cetak Sunda nu tos aya. Sanes bade nyaingan. Tapi ngeuyeuban sangkan bacaan basa Sunda teh langkung seueur sareng pariatip.
Naon wae eusi Majalah Sunda Online Gapura ieu:
Diantawisna carpon, sajak, fiksimini, humor, direktori pangarang Sunda, sareng sajabina. Hoyong langkung lengkep mah mangga aos edisi 01 ieu. Namung, neda hapunten teu acan sampurna. Insya Allah bari ngalengkah urang bebenah.
Wilujeng ngaos Majalah Sunda Online GAPURA.
SUMANGGA!



RUMPAKA MAJALAH SUNDA ONLINE GAPURA:














Pamedal: enarusyana’s blog.
Panaratas: Ena Rs.
Pupuhu Rumpaka: Ena Rs.
Kontributor: K. Endrasmara.
Facebook: majalah sunda online Gapura
Alamat kantor rumpaka: Ena Rs, Dusun Sidamulya Dese Bojonggedang
Rancah 46387.

Rumpaka Majalah Sunda  Online GAPURA nampi sumbangan seratan mangrupi carpon, sajak, fiksimini, humor sareng sajabina. Mangga kintunkeun ka email rumpaka atanpi dikintun via pos ka alamat kantor rumpaka.




CARPON

Carpon Ena Rs.





Rancah - Ciamis
Ena Rs, lahir di Ciamis tanggal 08 April 1972. Mimiti nulis ti keur SMP Tambaksari. Diajar ka nu jadi lanceukna, K. Endrasmara. Nulis kolom, carpon, jeung humor dina majalah Mangle jeung Sunda Midang. Tapi ayeuna leuwih getol nulis dina blog. Dumuk di Rancah-Ciamis, Teu incah balilahan ti lembur. Di handap ieu salah sahiji carponna. Wilujeng ngaos carponna:

MANG SODIK

TEU pernah kuring manggihan jalma nu tina beungeutna teu weleh nembongkeun sumanget salainti Mang Sodik. Teu pernah. Sanajan keur cape, cahaya sumangetna tetep aya. Teu pernah pareum. Teu pernah aya kasedih. Kadang kuring ngagerentes, tina naon hate Mang Sodik dijieunna sahingga dina ekspresi beungeutna nu nembrak teh sumanget, sumanget jeung sumanget. Saolah-olah ieu dunya teh teu weleh ngagumbirakeun, taya kasusah. Padahal Mang Sodik teh ukur tukang bubur hayam nu tiap isuk ngadodorong gorobag  ngiderkeun daganganana...
Sora mangkokna nu ditakolan ngagambarkeun sumangetna. Ting ting ting...ting ting ting... Ritmena mandiri. Jalma sakomplek ieu mah apal, pasti Mang Sodik keur dagang bubur hayam. Ibu-ibu nu marales masak isuk-isuk pasti gura-giru kaluar ti imahna, megat Mang Sodik... Meuli buburna...
“Mang Sodik...bubuuurrrrr!”
“Mangga, Bu... Bade sabaraha mangkok?” Tembal Mang Sodik bari nyampeurkeun ngadorong rodana. Sora kreot-kreot tina roda gorobagna nu geus kolot...tah sarua kadenge sumangetna, beuki cepet.
“Dua mangkok we, Mang...”
“Sagorobag oge mangga, Bu, he he he... Ah, punten bu, heureuy...”
Nu rek meuli kadenge nyeuleukeuteuk.
“Hawatos nu sanes atuh Mang dipeser sadaya ku abdi mah...”
“Muhun ketang nya Bu he he...”
Biasana mah Mang Sodik tuluy talete.
“Nganggo kacang, Bu?”
“Saalit we, Mang..”
“Ladana?”
“Ah, teu kenging diladaan...kanggo budak da..”
Pon kitu deui mun nu meuli menta ditambahan naon-naonna.
“Daging hayamna ditambihan atuh, Mang..”
“Siap, Bu..” Bari bru ditambahan, teu tembong nyaah.
“Kecapna sing seueur, Mang..”
“Mangga, mangga....” Kecrot-kecrot kecapna ditambahan.
Jeung pamenta nu sejenna. Mang Sodik teu weleh ngaladenan nu meuli buburna kalayan sumanget jeung darehdeh. Jigana enya-enya manehna mah make filosopi “nu meuli teh raja”. Manehna hamba nu meuli. Rasa buburna mandiri, beda jeung nu batur. Pernah kuring iseng, mangkok eusi bubur teh dibalikeun, ajaib buburna henteu ragrag. Napel dina mangkokna bakating ku kentel.
Saentas ngaladenan nu meuli, manehna ngeureuyeuh deui. Nyampeurkeun langgananana nu geus ngadaragoan. Manehna mah tara gogorowokan natawarkeun daganganana. Cukup ku narokan mangkok, jalma sakomplek eta mah geus arapaleun.
Gorobagna memang geus kolot, tapi teu weleh bersih. Teu matak kagok nu mareuli. Dina kaca gorobagna aya tulisan tina sekotlait: BUBUR AYA MANG SODIK. RAOS PISAN. Beh ditu memang tulisanana lengkep: BUBUR AYAM... Tapi jigana hurup “M” na ragrag jeung teu pernah diganti deui...
Hiji waktu mah kuring kungsi ngomentar kana eta tulisan. “Hurup M – na ka manakeun, Mang?”
“He he, ragrag duka dimana. Tadina AYAM, eh terang-terang jadi AYA...” Cek Mang Sodik bari nyerengeh.
“Boa kagalohkeun kana bubur?” Kuring ngabanyolan.
“He he duka tah upami diarala kunu meser mah...” tetep nyerengeh.
“Naha atuh sanes diganti?”
“Ah, keun wae, Pa, malah sae janten ciri khas. Ongkoh bade AYAM, bade AYA, sadayana ge pada terang Mamang mah jualan bubur ayam, sanes nu lian he he..”
Kuring mesem. Alus tah alesanana teh....
Beh dieu, hurup S – na oge leungit. Atuh ayeuna mah kabacana teh: BUBUR AYA MANG ODIK... Teu komen kukumaha.. Asana mun ditanyakeun ge jawabna teh moal jauh ti kieu: “Ragrag duka di mana... Terang-terang janten ODIK we. Ongkoh bade SODIK bade ODIK jamana mah nu ieu-ieu keneh, he he..” Enya SODIK jeung ODIK mah teu pati pajauh ieuh...
Hiji waktu kuring jadi meuli bubur Mang Sodik nu pangpandeurina. Daganganana erep. Manehna ngitung duit ladang isuk eta. “Alhamdulillah...” Kadenge ngagerendeng bari ngabagi tilu duitna.
Kuring teu tahan pikeun nanya.
“Dibagi tilu kitu artos teh, Mang? Boa-boa keur mahugi sawareh?” Cek kuring.
“Ah, Si Bapa mah, bujeng-bujeng mahugi... Ieu mah modal..” Cek Mang Sodik bari nembongkeun bagian duit nu panglobana...”Nu ieu kanggo resiko dapur...” Manehna nembongkeun nu rada saeutik...”Tah nu ieu mah kanggo nabung...” Manehna nembongkeun duit nu kira-kira teh sarua jeung nu bagian kadua.
“Oh, sok nabung nya, Mang?”
“Nya, saalit-saalit, Pa... Tapi kieu cara mamang mah, dipisahkeun hancenganana samemeh dugika bumi. Ngahaja-haja hoyong nabung bari ngantosan sesa tina kaperluan mah, walah tara hade, seep deui seep deui. Alhamdulillah ku cara kieu mah tiasa gaduh sisimpenan. Yah, saha nu terang tiasa dianggo ongkos munggah haji he he...” Mang Sodik nyeuleukeuteuk tungtungna teh.
“Upama Mamang gaduh niat, naon wae bisa laksana, teu aya nu mustahil asal usahana soson-soson...” Cek kuring daria. Kuring teu nganggap omongan Mang Sodik tadi salaku heureuy. Mungkin wae manehna memang boga niat hayang munggah haji, saha nu apal. “Ku abdi didungakeun muga-muga Mamang tiasa munggah haji...”
“Amin...”
Sabenerna harita basa tas jajan bubur hayam Mang Sodik kuring kungsi mikir. Jalma leutik saperti Mang Sodik kadangkala ngalakukeun hal nu teu dilakonan ku jalma rea. Soal nabung misalna, kuring sorangan teu weleh hayang nabung, tapi teu pernah laksana. Kuring teu bisa nyisihkeun gajih pikeun nabung, kabeh erep keur pangabutuh. Kadangkala malah kurang, teu mahi sabulan gajih teh. Nabung teh jadi angen-angen we, mun geus rada ibur rek aya gajih ka 13 sok ngagerentes rek nyisihkeun keur nabung. Tapi mangsa kaluar mah bororaah bisa nabung, kabeh erep deui wae. Jalma saperti Mang Sodik cek kuring mah luar biasa. Najan panghasilanana leutik, tapi nyatana bisa nabung. Enya ketang, nabung teh sabenerna lain soal gede leutikna panghasilan, tapi gumantung kana kuatna niat dina nyisihkeun panghasilan...
Mang Sodik terus ngalakonan rutinitasna, jadi bagian di komplek paimahan ieu. Tiap isuk manehna ngadodorong gorobag dagang bubur hayamna. Jigana, taya saurang ge di dieu mah nu teu kungsi ngarasakeun kumaha pedona bubur hayam buatan Mang Sodik.
Aya diperlukeun. Mun pareng taya, jalma kaleungitan. Jalma silih tanya, ka mana Mang Sodik teu dagang. Sakali-sakali Mah Mang Sodik memang kungsi teu dagang, alatan gering atawa aya kaperluan ngadadak..
***
LIMA taun kuring pindah pagawean. Salila eta kuring teu pernah tepung deui jeung Mang Sodik. Lamun urut babaturan gawe teu hajatan mah, meureun kuring moal papanggih deui jeung Mang Sodik.
Make batik, kuring pangling nempo Mang Sodik. Beungeutna katempo leuwih ngeusi ayeuna mah. Tetep mancarkeun sumanget hirup nu teu pernah pareum. Angger darehdeh jiga bareto. Manehna nu pangheulana nanya teh...
“Masya Allah, ieu teh Pa Nana?” Cek Mang Sodik bari ngeupeul leungeun kuring pageuh pisan.
“Muhun, Mang, teu hilap kitu?” Cek kuring.
“Ah, piraku hilap atuh Pa, kapungkur pan Pa Nana pelanggan setia bubur hayam Mamang...he he...” Seurina masih cara bareto. “Damel di mana ayeuna Pa Nana teh?”
“Tebih Mang ayeuna mah, di pasisian....”
“Tos janten Kepala Sakola pastina oge nya?”
Kuring unggeuk.
“Alhamdulillah, Allah Maha Kawasa...”
“Masih icalan bubur hayam?”
“Masih, Pa. Upami teu icalan bubur hayam bade diparaban naon kulawarga Mamang he he he. Tapi ayeuna mah henteu dina roda, tapi gaduh kios nyalira di ruko payuneun komplek. Tos teu kaduga ngododorong rodana...he he...”
“Alhamdulillah aya kamajengan atuh...” Luar biasa tina tukang bubur hayam nu make gorobag, ayeuna geus boga kios sorangan bari dina ruko. Sabaraha nyewana oge, tangtu puluhan juta, ck ck ck...
“Yah, lumayan pa ladang tina nabung saalit-saalit..”
Kuring moal poho kana hal nabung tina diri Mang Sodik. Keur kitu aya saurang ibu-ibu ngaliwat.
“Eh, Pa Haji, sareng saha ka dieu?” Pokna. Jelas pisan ditujukeun ka Mang Sodik.
“Nyalira we. Si bibi nuju kanceuh rematikna...” Tembang Mang Sodik.
“Oh..mangga atuh.”
“Mangga, Bu.”
Pa Haji?
“Mamang tos janten haji ayeuna mah?” Cek kuring hayang ngayakinkeun. Luar biasa deui. Lima taun teu papanggih Mang Sodik geus nyieun kaajaiban hirup nu teu kabayangkeun ku kuring.
Mang Sodik ngaheheh.
“Alhamdulillah, Pa, abdi dipaparin rejeki ku Alloh kanggo ibadah haji.”
“Aduh, atuh hapunten...abdi kedah nyebat Pa Haji atuh ayeuna mah...” Cek kuring dibarung ku rasa ajrih.
“Ah, teu kedah, Pa. Abdi leuwih resep disebut Mamang we cara kapungkur he he .. Teu kedah nganggo emebel-embel haji. Aya nu langkung haji batan abdi....“
“Tulisan dina kios masih Bubur Aya Mang Odik nya sapertos dina gorobag?”
Mang Sodik mani ngehkey..
“Muhun, Pa, masih kitu...Etang-etang trade mark abdi eta mah...”
Teu lila kuring jeung Mang, eh Haji Sodik, papisah. Ujug-ujug kuring ngarasa era sorangan ku Mang Sodik. Manehna nu tukang bubur hayam geus bisa munggah haji. Kuring nu jadi guru, malah kepala sakola ayeuna mah, bari disarebut Pa, Bapa, bari pinuh rasa hormat, teu bisa jiga Mang Sodik. Teuing iraha bisa munggah haji.***




Gapura Kolom

Melaan Basa Sunda dina Kurikulum 2013
Kolom Ena Rs

AWAL taun 2013 ngeunaan kurikulum nu rek dijieun ku Departemen Pendidikan Nasional, memang mantak ngarenjag ka sarerea. Utamana mah lantaran basa daerah bakal dileungitkeun tina kurikulum nu keur disusun ayeuna. Pikeun daerah-daerah nu basana salila ieu asup jadi mata pelajaran di sakola, tangtu we ngadatangkeun kateupanujuan. Kaasup di urang, kacida teu panujuna lamun basa Sunda dileungitkeun tina kurikulum, nu hartina moal jadi mata pelajaran di sakola. Cek saliwat, ayeuna diajarkeun we di sakola, kualitas basa Sunda di barudak sakola teh matak pikahariwangeun, komo lamun teu jadi mata pelajaran, kumaha teuing nasib basa Sunda. Hariwang barudak urang lila-lila teu wawuheun kana basa Sunda nu bener.
Basa Sunda, saperti basa daerah sejenna, mangrupakeun basa indung, basa nu munggaran diwawuhkeun ka barudak. Barudak urang mimiti diajar ngomong teh nya dipapatahan basa Sunda. Dina kahirupan satuluyna, di sagigireun bisa basa-basa sejenna, diharepkeun basa Sunda teh jadi alat komunikasi maranehna. Jadi, wajar lamun di sakola oge diajarkeun basa Sunda, pikeun ngabeberes basa Sunda nu diajarkeun ku kolot-kolotna di imah.
Urang sapuk pikeun merjuangkeun sangkan basa Sunda tetep diajarkeun di sakola-sakola. Tapi, momentun ayeuna ku aya harenghengna basa Sunda rek dileungitkeun tina kurikulum, kudu diajdikeun bahan pikeun ngomean materi pangajaran basa Sunda di sakola. Naon sababna? Coba nanya ka barudak sakola, naha maranehna resep kana pangajaran basa Sunda? Tujuh puluh persen barudak sakola teu mikaresep kana pelajaran basa sunda. Alesanana:
1.        Pangajaran basa Sunda dianggap pikaboseneun.
2.       Pangajaran basa Sunda dianggap hese.
3.       Pangajaran basa Sunda dianggap teu penting.
Tah, tina 3 hal eta, urang kudu ngomean materi pangajaran basa Sunda di sakola. Carana kumaha?
1.        Jadikeun pangajaran basa Sunda teh sina pikaresep ku barudak. Komposisi antara basa jeung sastra Sunda kudu 50:50. Ku cara kitu barudak kahudang imajinasina, teu malulu diajar ngeunaan seluk-beluk basa Sunda wae.
2.       Jadikeun pangajaran basa Sunda salaku pangajaran nu babari dicerna ku barudak. Ngagali kumaha dipakena basa Sunda dina kahirupan sapopoe leuwih hade batan hantem diajarkeun teori-teori basa Sunda anu baku.
3.       Jadikeun panganjaran basa Sunda salaku pelajaran nu penting. Dina harti, penileyan kaberhasilan barudak dititik beratkeun oge kana niley hasil tina pangajaran basa Sunda.
Salinati cara di luhur, oge kudu dilperhatikeun hal-hal samodel:
1.        Guru basa Sunda nu bener-bener boga kompetensi. Nu boga dasar pendidikan basa Sunda. Ulah cara ayeuna, guru basa Sunda rata-rata lain sarjana basa Sunda. Oge kacinta eta guru kana basa Sunda kudu enya-enya ebreh dina ngajarkeun basa Sunda ka barudak.
2.       Pinuhan perpustakaan sakola ku buku-buku bacaan basa Sunda. Ieu memang nyangkut kabijakan pamarentah. Tapi sabenerna lamun dina sataun pamarentah Propinsi Jawa Barat ngalokasikeun dana saeutikna samilyar keur meuli buku bacaan Sunda, insya Allah perpustakaan sakola bisa pinuh ku buku bacaan basa Sunda.
Eta di antarana pamikiran sim kuring pikeun melaan basa Sunda dina kurikulum 2013. Lamun pangajaran basa Sunda jiga ayeuna, teu aneh lamun barudak urang bakal nganggap pangajaran basa Sunda teh ukur pelengkap wungkul. Cag!**
Rancah, 1-2013


Direktori Buku Sunda


1.

Judul Buku : Rambut Kasih (12 Jilid)
Karangan : Aan Merdeka Permana
Pamedal : self publishing Aan Merdeka Permana



2.
Judul Buku : Dina Kalangkang Panjara
Karangan : Ahmad Bakri
Pamedal : Kiblat Buku Utama, Bandung


FIKSIMINI Ena Rs.


PURAGA
NGECOR jalan nu kawilang panjang, 300 meter kitu teu rapih ku sapoe dua poe. Urang lembur geus aya nu tilu kalina nu kapajukeun. Geus mimiti luh-lah. Rea nu ngomong ngarasula.
“Ti jaman baheula nu disebut puraga teh can musnah wae nya, euy?” Cek Mang Niwa bari nyalande kana tangkal kalapa sisi jalan.
“Heueuh, rek iraha atuh puraga leungitna?”Cek Mang Turdi mairan.
“Isukan ari geus maraneh paeh,”Cek Ki Anta nu keur ngunjal aduk.
“Ulah soson-soson teuing atuh Ki gawena. Reureuh heula moal aya nu muruhan ieuh...”
Kita Anta ngarandeg. Pok ngomong, “Yeuh, barudak, kuduna mah silaing nu ngarora nu sarumanget teh, lain aki-aki kawas uing. Lamun teu ku urang rek ku saha deui pagawean direngsekeunana,  da batur mah moal aya nu migawe. Ieu teh pagawean umur, keur umum, ulah leha-leha pedah teu diburuhan. Jabana ge lembur mah teu butuheun ku nu loba omong ieuh tapi butuheun soteh ku nu loba gawe...”
KI Rurah nu ngabandungan rada anggang seuri panuju ku omongan KI Anta. Manehna ge salaku pupuhu lembur cuhcih digawe teu saukur utah-etah.**

SESEMPLEKAN
“KANG pendak teu jeung Imih abi? Kumaha damang teu nya?” Sms ti Ayati asup mangsa kuring keur nyalse.
“Pendak unggal dinten ge. Alhamdulillah katingalina mah damang. Kumaha Ayat sakulawarga di Bandung?” Kuring malesan sms.
“Sae sadayana oge. Akang kumaha?”
“Sami sae ayeuna mah. Minggu kamari Si Ade rada hareeng, tapi ayeuna mah tos maenbal deui...”
“Oh..sukur atuh.”
Unggal tas narima sms ti Ayati sok tuluy we ngahuleng. Inget ka jaman hahadean welasan taun ka tukang. Kuring jeung manehna hahadean teh aya lima taunna nepika urang lembur mah boga kayakinan kuring bakal kawin ka manehna. Tapi meureun lain jodo. Kuring jeung manehna putus di tengah jalan.
Manehna kawin ka urang Bandung. Ari kuring mah ka urang lembur. Mimiti pegat mah aya nyeri hate nu teu hade disisilihan. Tapi bareng jeung lumampahna waktu, kuring jeung manehna bisa narima kanyataan. Kuring nganggap manehna adi. Manehna nganggap kuring lanceuk. Tapi ari sesemplekan rasa nu baheula mah masih aya keneh ngancik. Manehna ge jigana mah kitu.**

BASA HUJAN BADAG
HUJAN mani jiga ditengtengkeun ti langit. Ngagebret. Ti wanci asar nepika Isa can aya tanda-tanda rek tereh raat. Hawa karasa tiris. Gelap dor-dar. Angin ge kawilang gede. Pikapaureuun. Cileuncang di jalan mani ngagulidag, badis we walungan. Sarerea ge meureun urang Kadupandak mah caricing di imah, katambah tas magrib listrik teh pareum.
Teuing ku naon hate Mang Toha ngarasa teu tengtrem. Gawena diuk di deukeut kaca nempoan ka luar. Lampu senter dina leungeunna teu lesot.
“Emana, ulah jongjon teuing, eum. Hujan teh badag-badag teuing...” Cek Mang Toha ka pamajikanana nu ngedeng dina korsi panjang.
“Enya ieu ge Bah...” Tembal pamajikanana.
Tabuh dalapan, kasamarkeun ku sora hujan, kadenge aya nu ngabeletuk di beulah wetan. Mang Toha curinghak, manehna ka luar ti imah. Suntar-senter. Kadenge sora seah cai nu ngagulidag, beuki lila beuki tarik, beuki atra. Teg we...
Mang Toha pahibut asup ka imah bari tuluy ngahudangkeun pamajikanana.
“Gowat indit,” pokna ngagorowok bari ngenyang pamajikanana ka luar ti imah. Teu ditolih hujan nu ngagebret Mang Toha satengah nyered pamajikanan lumpat ka beulah tonggoh.
“Aya naon Abah ieu teh?” Cek Pamajikanana heraneun. Tapi teu ditembalan.
Isukna ibur majar cekdam Kadupandak dobol. Imah-imah nu di lengkob mah beak karumpak ku caahna. Kaasup imah Mang Toha. Rea nu jadi korban.**

LEUNGIT ANAK UCING
SI Ade budak kuring aya ku geten miara anak ucing teh.  Jiga ku meumeut kacida. Teu kaop teu tembong di imah kokotetengan diteangan. Mun geus kapanggih tuluy diparaban.
Anak ucingna oge aralus, laluis. Kaasuh ku dahareun kituna mah. Malah mun kotor kalan-kalan dimandian. Hiji beurang mah Si Ade gehger anak ucingna nu tilu teh leungit.
“Di laluar meureun, De,” cek indungna.
“Tos dipilari tapi teu aya di luar ge,” tembal Si Ade.
Sakali deui di jero imah dikubek. Bisi sare di tempat nu nyumput. Tapi teu weleh kapanggih. Antukna indungna ge milu neangan.
“Aduh, haus, cape...” Cek Si Ade bari mukakeun kulkas. Nyokot cai tiis tina jero kulkas. Teu lila kadenge Si Ade ngageroan indungna. “Mamah, mamah, tingali geura!”
Indungna nyampeurkeun. Breh we anak ucing satilu-tilu aya dina jero kulkas. Untungna teu paeh ngan tembong kabulusan. Gowat dirawu ku Si Ade, dielapan bari tuluy dibulen ku lamak.
Jigana, basa mukakeun kulkas, teu kanyahoan anak ucing teh arasup kana jero kulkas. Kulkasna ditutup si anak ucing teh karingkeb. Antukna mah sarerea ge jadi saleuseurian. Untung teu jadi ucing beku!**


KASURUPAN
NENG Ani kasurupan. Bareng keur kakandungan. Pada ngarejeng da rek mabal-mabal wae. Jama genepan meh kawalahan. Aneh pantaran awewe mani rosa kitu.
“Haling siah, haling ulah ngahalangan, aing rek balik,” cek Neng Ani gogorowokan bari dugal.
“Enya jung rek balik mah ngan ulah mamawa raga batur siah,” cek Bah Karwa.
“Kumaha aing we deuleu..” Neng Ani molototan Bah Karwa. Keprot nyiduhan keuna pisan kana beungeut.
“Bangkawarah sia jurig! Ka luar siah tina raga budak!” Bah Karwa gegerenceman.
Batan cicing Neng Ani kalah beuki dugal. Beuki rosa. Leungeun kenca nu dicekelen ku Si Boseng lesot. Tuluy nyebruk nonjok Bah Kudi nu nyekelan leungeun  katuhu Neng Ani.
“Wadaw...” Bah Kudi ngagoak. Cekelanana lesot. Gurinjal Neng Ani hudang. Leungeunna geus bebas duanana ayeuna mah. Atuh but bet nonjokan nu nyekelanana. Lesot suku kenca, jekok nyejek nu nyekelan suku katuhuna. Geus taya nu mangga pulia nu nyarekelanana, belesur lumpat ka luar ti imah. Sarera helok nempo Neng Ani sakitu rosana.
“Udag ulah diantep!”
Sarerea ngorejat ngarudag Neng Ani nu geus mabal ka beulah jalan. Srog jeung Ajengan Dede. Dikepruk ku sorban palebah huluna. Galeong Neng Ani labuh. Teu sakara kara tuluy ngalempereh teu walakaya. Geus kitu mah diparayang ka imahna. Pada nyeuceuhan nepika elingna.**




GELENYU

ROCK DANGDUT
Si Udin jeung Si Tukdel tas lalajo Rock Dangdut.
“Cek uing mah lain pertunjukan rock dangdut ieuh tadi teh...”
“Pertunjukan naon atuh?”
“Pertunjukan rock mini, tingali we rok artisna pararundat kitu...”


BACANG
“Cenah eusi bacang teh ku hayam, mana atuh euweuh nanaonan ieu mah?”
“Enya ku hayam pan dipacok jadi we euweuh nanaonan...”
“Bedul teh sugan make daging hayam, horeng eusina dimangsa ku hayam nya...”

STUDI BANDING
Para anggota Dewan keur rerembugan arek ka mana studi banding taun ieu. Aya nu ngusulkeun ka Eropa, Rusia, jeung Amerika Serikat. Ngan aya saurang nu usulna rada beda ti batur.
“Kumaha lamun studi banding ayeuna mah ka... Jalur Gaza!”
Euweuh saurang ge di antara anggota Dewan nu ngadukung usul eta.

DIASUPKEUN
“Oded, kamari ku maneh lin hayam teh diasupkeunana?”
“Uhun Ma.”
“Geuning ayeuna euweuh?”
“Da diasupkeunana ge ka dieu...diangge rencang liwet...” (Bari nyabak beuteung).

OBAT RIEUT HULU
“Jal pangmeserkeun obat rieut hulu ka warung...”
Si Ijal indit ka warung. Teu lila geus balik deui.
“Teu aya obat rieut hulu mah. Aya ge bodrek, oskadon, paramex, bentang tujuh...”

MEDIT
Ki Cardam sohor jalma pedit. Hiji waktu mah aya nu nanya, “Ki, naha hirup teh mani pedit tara barang bere ka batur?”
“Cek saha aki pedit? Bongan we ka aki mah tara aya nu barangpenta. Rek mere kumaha atuh ari euweuh nu menta mah. Barangbere ge ngiar-ngiar mubah teu butuheun nu diberena...”

CAPRES
“Rhoma Irama rek nyalon jadi Presiden...”
“Satuju, sabab pasti mirasantika jeung begadang bakal dicaram da taya gunana...”
“Enya. Malah kabinetna meureun dingaranan Soneta Bersatu.”
“Pengawalna Satria Bergitar.”
“Ter...la..luuuu..”

SMS
Si Ocang tingkah sms ka Ceu Uha nu sohor centil: “Nuju naon euceu cantik?”
Teu lila aya balesan, tapi Si Ocang tuluy pias. Sabab kieu balesanana teh: “Cantik-cantik tujuh puluh, sia baruk nu sok ngaheureuyan pamajikan aing teh... Dipepeg siah mun panggih!”

TEU DISUGUHAN
“Kamari mah uing nganjang, tapi mani teu disuguhan cai-cai acan.”
“Nganjang ka saha kitu?”
“Ka Restoran Nikmat..”
“Euh, tuda kudu meuli ka dinya mah. Teu meuli dahareun mah moal aya nu mere nanaon?”
“Enya da uing ge apal, pedah we barakatak ieu mah, he he.”

BODO
“Uing mah kajeun jadi jama bodo batan jadi jama pinter.”
“Naha?”
“Kanu pinter mah sok aya nu nyebut pinter kabalinger. Ari ka nu bodo mah moal aya nu nyebut bodo kabalinger.”
“Nya paling ge disebut bodo katotoloyoh, tai ka hulu-hulu.”

BUNUH DIRI
Lain jalma wae nu saletres tuluy bunuh diri, bom ge saletres tuluy balunuh diri da rea geuning kacaritakeun aya bom bunuh diri ayeuna mah.

SUKARELAWAN
“Keur naon, euy?”
“Keur jadi sukarelawan.”
“Sukarelawan naon?”
“Babantu di mitoha.”

TAS NARIMA SURAT
“Ku naon Si Uden awakna jadi hideung kitu?”
“Bejana mah kituna teh saentas narima surat kilat...”
“Owh, uyuhan hirup keneh ge atuh ari kitu mah. Kabayang ngabeledugna pas narimana nya?”
“Enya, jiga kilat ari hujan meureun.”

PARAHU KARET
Rea jalma lalintuh basa banjir Jakarta gowat aringkah ti Jakarta. Sieun titeuleum? Ah, lain. Bejana mah sieuneun disangka parahu karet.

BAN SEREP
Aya urang negro nyalande kana hiji beus. Turis jigana manehna teh. Pas katempo ku kuring. Na hate ngagerentes kieu: “Naha ban serep nanggeuh di dinya?”




NGAPRAK

JEMBATAN GANTUNG PONGPET BOJONGGEDANG RANCAH

Bojonggedang teh salah sahiji desa di Kacamatan Rancah – Ciamis.  Aya salah sahiji kaunikan di desa ieu, nyaeta jembatan gantung sumbangan ti urang   Swiss, ngaranna Tuan Toni. Ieu jembatan gantung teh meuntas walungan Ciliung ngahubungkeun Dusun Desa jeung Dusun Cikuda. Panjangna 64 meter. Luhurna kana walungan teh 35 meteran. Cenah ieu jembatan gantung teh kakuatanana 75 taun.











 













Jembatan gantung Pongpet Bojonggedang


Rumpaka nampi kintunan poto unik nu aya di lembur saderek. Kintunkeun ngalangkunang email rumpaka. Ulah hilap nganggo katerangan.
.

0 Response to "GAPURA EDISI 01 - 2013"

Post a Comment