GAPURA EDISI 03 - 2013

blogger templates






WILUJENG TEPANG  DEUI BARAYA SUNDA  
DINA GAPURA EDISI KATILU






BARAYA SUNDA, WILUJENG TEPANG DI MAJALAH SUNDA ONLINE GAPURA.

ALLHAMDULILLAH Majalah Sunda Online Gapura tiasa nepangan deui baraya Sunda dina edisi 3

Wilujeng ngaos majalah Sunda Online Gapura edisi 3 ieu.

SUMANGGA!





BAHASAN GAPURA

 
  Aan Merdeka Permana
Leukeun Nulis Roman Sajarah

Aan Merdeka Permana salah saurang pangaran Sunda bisa disebutkeun onjoy lantaran leukeun nulis roman-roman sajarah nu aya di Tatar Sunda. Teu rea pangarang Sunda nu leukeun nulis roman-roman sajarah. Kacatet aya Yoseph Iskandar, hanjakal anjeunna tos ngantunkeun. Karya-karya Yoseph Iskandar kaasup petingan samodel: Prabu Anom Jaya Dewata, Pamanah Rasa, jrd. Aan Merdeka Permana (AMP) boga kapinunjulan sorangan. Salianti leukeun ngotektak sajarah Sunda ku cara ngaprak ka mangpirang-pirang tempat, AMP ge kreatif dina nerbitkeun karya-karyana. Sadar yen dunya penerbitan Sunda kawilang seret, AMP ngarintis nu disebut ayeuna self Publishing. AMP nerbitkeun jeung masarkeun buku-bukuna ku sorangan. Teu gumantung kana penerbit-penerbit konvensional nu memang proses dina nerbitkeun buku kawilang lila. Ku cara nerbitkeun sorangan, sanajan matak repot tangtuna oge, tapi prosesna leuwih cepet jeung tangtuna leuwih nguntungkeun. Tapi aya leuwihna ti eta, lamun ngabandungan tulisan-tulisanana ngeunaan sajarah Sunda, AMP miboga kanyaah kana sajarah Sunda leuwih ti nu sejen ku cara ngaprak neangan sumber-sumber sajarah sunda nu sakirana bisa dipercaya. Sok sanajan AMP ngebrehkeun hasil ngaprakna kana roman sajarah, tapi teu ngurangan kaonjoyanana salaku urang Sunda nu micinta sajarah urang Sunda nu salila ieu memang kurang kaungkab. Ku cara nulis roman sajarah Sunda, tulisanana bisa leuwih sumebar jeung rea dibaca lain wae ku urang Sunda. Teu kabayang lamun ditulis dina bentuk ilmiah, tangtu moal rea anu macana. Najan enya sacara implisit AMP ge ngaku kana kalemahan-kalemahan dina ngaguar sajarah Sunda nu diaktualkeun kana bentuk roman.
                                










Karya-karya AMP nu dumasar kana latar sajarah Sunda lain wae ditulis dina basa Sunda, tapi oge dina basa Indonesia.

Karya-karya AMP dina basa Sunda:
1. Rambut Kasih
2. Misteri Gunung Koromong
3. Haji Perwatasari
4. Carita Misteri
5. Surawisesa Jayaperkosa
6. Pelet Marongge,jrrd

Karya-karya AMP dina basa Indonesia:
1. Senja Jatuh Di Pajajaran
2. Kutunggu Di Gerbang Pakuan
3. Perang Bubat, jrrd.

Dina enggoning nyusun hiji roman AMP biasana ngaprak neangan sumber nu bisa dipercaya. Hal ieu dilakonan lantaran AMP miboga prinsip najan roman tapi ulah mencog-mencog teuing tina galur sajarah nu saenyana.***


KOLOM MINI 
AAN MERDEKA PERMANA 


TELAT DINA NYUKCRUK SAJARAH SUNDA



Sabenerna mah telat nyukcruk sajarah Sunda teh, sabab lima taun samemeh pangsiun ti gawe di lingkungan Pikiran Rakyat, kakara boga kasadaran kana pentingna mikawanoh sajarah. Nu matak disebut telat, sabab mun kapikir ti jauhna, pan ari keur digawe mah bisa ngamangpaatkeun pasilitas kantor. Kuring tukang ngalalana neangan berita, ku kantor diwowoy, tapi saeutik pisan perhatian kana sajarah Sunda mah.
Ayeuna mangsana pangsiun tina pagawean salaku jurnalis di lingkungan Pikiran Rakyat, rek ka ditu ka dieu nyukcruk sumber sajarah teh kudu uculan duit sorangan, dibelaan kudu paro dua jeung bubutuh sapopoe sejenna.
Ngan bubuhan geus ragrag kacinta, teu weleh ditebak. Unggah ka ponclot gunung, mapay-mapay sisi basisir atawa ka jero leuweung geus biasa ngamodal sorangan tan karana dibantuan deungeun. Sanajan resikona kudu ngajual mobil (ayeuna ka ditu ka dieu momotoran), nya ari ku karesep mah tetep dikeureuyeuh. Kuring teh lain ahli sajarah, teu mantra-mantra sakola di sakola jurusan sajarah, tapi sajarah geus bagian tina hirup kuring, paduli pada ngaromongkeun, sabab sakapeung hasil panalungtikan kuring dicawad ku batur. ***


DAERAH NU KUNGSI DISABA DINA NYUKCRUK SAJARAH SUNDA

Nu jauh mah nya tepika wilayah Bubat we basa nyukcruk Palagan Bubat. Kota Jakarta dicukcruk da mun hayang nyaho kebesaran Sunda, di antarana ayana di Jakarta. Lolobana mah ka pilemburan nu aya di tatar Sunda. Leuwih mentingkeun nyukcruk sajarah lokal sabab teu kapalire pisan ku kalangan akademisi (pedah sajarah lokal kurang bukti akurat).***




FIKSIMINI HENI SUMARNI
(Kontributor Maneuh Majalah Gapura, Pandeglang Banten)



LAYUNG KAYAS MAPAG SAREUPNA

        ‘’ Tos marulih Mih, teu kagungan adab nya nu nyémah téh, nyaho nu boga imah meujeuh saré’’ Kuraweud aleman dijieun. Laju wae mangloh basa kuring asup ka kamar, nyampeurkeun nu keur ngabebengkang luhur ranjang. Rémot tipi dipencétan teu puguh karuh. Siga hayang ngabudalkeun nu nyésékélan jeroeun angen.
           ’’Mhhh…..! teu nging kitu ah. Nu matak kitu gé aranjeunna masih nganggoan ka Amih. Welkam mun ceuk basa barudak mah. Pan Amih téh jalmi anyar. Tatangga anyar paripaosna mah. Minangka pangbagéa panginten eta téh iiih…..!” Céngteh. Nu keur nyaruhnyul ngabebengkang téh tuluyna mah digigiran bari diusapan halisna ku tungtung curuk. Leungeunna hideng ngulawit kana punduk rerenghik badis budak tunduh hayang diparéndé.
            “Eiiiitt….! Kedap. Apih teu acan eueut susu kalsium nya, Antosan, rang tinyuhkeun heula”
            “Atuh Miiih aaahh…! Sawengi we péré, meni geus palal ah” Beuki muranteng.
           Teu diwaro. Nu pageuh ngarangkul téh tuluy ditinggalkeun ka pawon. Ongkoh teu kuat nahan kéom. Kagugu ku polahna. Nataku ogoanna.
           Mas Har. Nenehna tina Harsono. Turunan jawa tapi ti anjeunna keur burey kénéh kulawargana geus dumuk di Bandung ngiring tugas ka ramana. Panggih jeung kuring dina umur nu sarua ampir cueut, sasat pada-pada mawa haté rajét. Kituna téh siga nu bangbaungeun. Nahunan cenah godeg lamun dilalanyah sina rarabi deui téh. Boga budak dua geus kurenan kabéh ge. Diolo mah diolo ku palaputrana sina kagungan bojo deui. Batan leyur karah sok malik ngajelenggut. Tungtungna mah dikarepkeun. Minangka ngeusian waktu luangna. Ngantor teu wéléh lembur. Rék naon meureun balik gé taya burueun.
          Bandung-Tasik. Dina beus Jayalangit. Teu kahaja panggih jeung manehna.Tina wangkongan nu puraga bet manjang jadilalakon. Silih anjangan liwat hénpon, silih layad liwat sms. Teu kendat taya poé kaliwat. Antukna tumuluy nepika prukna. Walimatulursy dilingkung anak incu, boh ti kuring boh ti manéhna. Eum, aki enin dirapalan diréncéng réncéng dikembang malatian. Cacarakan.
       Anu matak teu harti téh ku polah pamajikanna nu heula. Naha kolu ngejatkeun Mas Har. Da ceuk kuring mah kurang kumaha dadah deudeuhna. Atuh meureun ka nu heula gé moal bina. Atawa kuring mah meureun enya ceuk omong batur. Standar pisan. Teu néko¬-néko. Atawa meureun geus paleng teuing weureu seubeuh nandangan tunggara jeung nu baheula.
      Kuring jeung Mas Har, geus sapuk mulas wanci kapinis ngampih téh. Ku silih kubrakeun kanyaah. Kajeun suku sabeulah geus diboking jang mulang ka pibalikeun abadi. Tapi mun hiji waktu di Taman Lansia saban isuk aya dua rampasan panon silih cacapkeun birahi. Nya kuring jeung manehna.




LEUNGITEUN KALAKAY

Angin peuting teuing ku tarik gelebugna, tapi hatena surak, sabab isukna manehna bakal nangenan kalakay daun jambu mayak di buruan imahna.Teuing atuh. Sabulan kadieunakeun bet boga kalangenan anyar. Atra kacida paroman bagja gumbira tina ulat beungeutna mun keur ngagesruk kekeduk buruan.
Sed saeutik tina carangcang tihang. Grand Livina kulawu ngora geus maneuh ngalalar. Kaca filmna siga ngahaja sina ngablag. Sakadang mobil lir geus hideng deui ngalaunkeun lajuna. Mun geus kitu. Nu nganggo kameja cele bodas pelas panci laju imut manggut satukangeun setir. Leungeun katuhuna ngadadahan ka nu keur anteng sasapu buruan. Jamtangan Titus mapaes seseg pigeulang leungeunna. Aya riak cacap kasuka tan wates wangen tina sorot panon maranehna.
Tapi kamari, angin bet beda hiurna. Manehna ngaheruk.
Basa mireungeuh isukna, teu aya salambar kalakay oge ngabalaan buruan. Sanggeus tangkal jambu aya nu nuar sore kamari. Nu aya ngan sapu nyere nu geus parotong. Tapak nyacag salakina.



 LALAKON IJEM

'' Jem, iraha kitu rék balik ka kolot manéh téh, kami mah asa ningali kadal da neuleu maneh téh" Ijem seuri leutik ngadenge omongan Madnur salakina téh, anggur jongjon niupan songsong. Uyuhan rék teurak gé. Haur golondongan melod. Sing satengah eugeug kekepohan gé kalahka kemong.
" Si, anggur nyengir lain mikir. Sing gableg kaéra deuleu, mun salaki geus ngusir, éta hartina geus teu suka dibarengan hirup ku manéh. Hayang ganti aing mah!!! Nu tadina datar téh ayeuna mah morongosna ampir genep oktav.
Ijem angger paromanna teu emut teu ciak. Ukur neuteup keudeu ka nu keur poporongos lalangiran di tengah imah. Omongan modél kitu lain ukur itungan kali. Tapi puluhan kali. Mun seug digugu ku omongan nu sarua harusna. Talajak nu sarua bengisna. Kabayang meureun paburantakna tilu rampasan panon buah kacintana.
Komo nu pangleutikna. Sasat indungna gé dibebengkung kénéh.
Jauh dina dasaring kalbu. Leungeun Ijem pakupis nawuan cimata anu geus ngaleuwi.




KACANTU
 
Neras nonggoh..... geuning harita mapakan rampak kiurug. Anjog jalan ngolecer bet aduregeng madungdeng pajah leungiteun rarambu.Naha abdi kudu madom kana harelung jangkung haur pugur, ngaderes ruas jeung bukuanana. Sok padahal anjeun jongjon ngetan mulungan genangan ibun na tungtung saliara
Hariweusweus ese nangka ngadoni pupulih.Cenah lebah koropok kiara aya nu maksa noktrokan.
Hayang sina nyatang ngababatang, jeun teuing can manjing lukutan.
Tuluy rek disampaykeun di mana ieu renghap nu meujeuh ditalkinan. sedeng urat nadi jalan getih can hayangeun amitan.Can ge nuhurkeun tikoro ku amisna cinyusu. Kaburu ngatiga mungkas mamareng.




KOLOM MINI ENA RS.

PAMEKARAN JAWA BARAT,
SAJARAH NU "BERULANG"


BAHEULA Karajaan Pajajaran paburencay jadi tilu karajaan. Pajajaran nu sakitu gedena, sakitu tohagana, ku intrik-intrik politik katut asupna Islam ka Tatar Sunda, ahirna teu bisa dipertahankeun. Mimiti ngadeg Karajaan Cirebon, misahkeun diri ti Pajajaran. Geus eta Banten oge ngadeg misahkeun diri ti Pajajaran. Pajajaran salaku induk ti dua karajaan nu misahkeun diri, ahirna tumpur tinggal carita. Pajajaran nepika taya urut-urutna acan, hese dicrukcruk bukti-bukti sajarahna. Karajaan Banten oge ahirna pareum najan masih keneh kapanggih patilasanana. Karajaan Cirebon sarua pareum,  tinggal jadi warisan budaya nu taya kakawasaan nanaon najan salaku titinggal sajarah Sunda masih dipertahankeun.
Eta jaman baheula. Jaman ayeuna, cek katerangan sajarah mah selalu berulang. Enya we. Jawa Barat ayeuna geus dimekarkeun jadi dua propinsi. Banten misahkeun maneh lantaran boga kasang tukang sajarah nu mandiri sarta ngamangpaatkeun kamerdekaan otonomi daerah. Ayeuna daerah Cirebon jeung sabudeureunana (Kuningan jeung Majalengka) mimiti haneut, hayang misah ti Jawa Barat. Pananya urang ayeuna, kumaha pikahareupeun Jabar. Naha bakal jiga Pajajaran? Kalindes pamor jeung kamajuanana ku Banten jeung (calon propinsi) Cirebon?





CARTIBAG


Long Lapok








Teu sangka. Gering parat sabulan. Tipes kambuh kitu; sok leuwih parna. Sapopoe ukur ngalelempreh. Teu meunang loba gerak. Teu kabayang lamun euweuh Ami, nu kiara kuring beurang peuting, dibelaan cuti ti pagaweanana. Teu kabayang mun euweuh Pa Cik Muh  nu nganggap saperti anak sorangan. Teuing kumaha mun Pa Cik Hamid nu gede pisan tanggung jawabna ka kuring. Asa moal manggih deui dunungan model manehna mah...

Emh, sakapeung mah perasaan teh pagalo. Antara bagja lantaran aya nu mikanyaah, wanoja: Ami Dina kaayaan teu walakaya kieu, Ami kacida gede pisan artina keur kuring. Nalangsa lamun ras inget kuring teh aya di pangumbaraan. Di nagri nu jauh ti lEmah cai. Jauh ti kolot, ti dulur, ti babaturan... Sasatna cukleuk leuweung, cukleuk lamping...

Long Lapok, Sarawak, Malayasia....Rebuan kilometer ti lembur kuring: Rancah....

Kasono ka Ema jeung ka lembur, lain carita-keuneun deui. Mani asa dina mata. Malah sok sering mawa kana suasana nu keur naon Ema mun wayak kieu? Kumaha kaayaan lembur ayeuna? Naha masih jiga bareto, atawa geus robah? Kumaha bejana babaturan? Naha geus mareunang gawe, geus karawin boa?

Mun kongang mah hayang ber we hiber. Muru lembur, nepungan Ema, nepungan babaturan, nepungan lembur kadeu-deuh....

Bareto, heuleut tilu poe ti basa babaturan marulang ka Indonesia, kuring nulis surat keur Ema. Eusina nyaritakeun yen kuring teu bisa mulang. Lantaran...Dunungan mi kabutuh tanaga kuring. Teu, teu bebeja kuring gering. Bisi ngabarubahkeun pikiran Ema. Karunya.....

Tadi isuk, surat balesan ti Ema datang. Di anteurkeun ku pa Cik Hamid, duh kacida bungahna. Asa rada nambaan kasono kuring ka Ema. Barang surat di buka, nempo tulisan Ema nu has tulisan kolot baheula, hate kebek ku kapanasaran.
Dederekdek di baca, ....
”Na surat ti hideup geus katarima ku Ema. Rada kuciwa oge hidep teu tulus mulang teh. Tapi muga-muga we kaayaan hideup di Sarawak aya dina pangang tayungan gusti Alloh salalawasna. Amin...
Teu kudu hariwang ku kayaan Ema di lembur. Hideup sing junun, kade ulah caliwura dina pagawean. Komo deui di negri deungeun, kudu bisa mawa diri, mihape keun maneh ka sing saha wae nu mikanyaah.
Duit kiriman ti hideup geus katampa ku Ema. Ayeuna ditendeun di BRI, ker hideup isukan. Ema mah cukup ku pangala Ema oge. Ulah hariwang.
Sakieu we surat ti Ema. Di du’a keun ku Ema muga-muga sataun nu bakal kasorang ku hidep, jadi waktu nu pibagjaeun. Kade poho, dina kaayan kumaha wae, ulah ninggal keun solat.
Wassalam,
Ema
Di Lembur

Kuring ngarenghap. Ema, Ema, najan dina surat, geuning karasa pisan kamelangna ka kuring. Na atuh nasib teh kudu ngalaman ngumbara ka nagri nu jauh sagala, ninggalkeun nu jadi indung. Kuning nu kuduna ngajaga Ema, gaganti Bapa, keur ngudag cita-cita, kapisahkeun ku jarak nu sakitu jauhna. Bareto mah teu kabayangkeun...
“Surat dari Indon, ya?” Cek Ami nu norojol bari mawa bubur.
“Iya, Mi, dari Ibu Abang di kampung,” tembal kuring.
“Boleh Ami ikut baca?”
“Boleh, boleh!” cek kuring. Bari ngasongkeun surat ti Ema. Kitu teh bari nyerengeh. Urang Malaya rek maca surat nu make basa Sunda, heuheuy...
Ami maca eta surat. Tapi tuluy tembong tarangna kerung. Manehna seuri.
“Ami ta pahamlah, Bang Ni basa Jawa, ya?” cek Ami mencrong ka kuring.
“Bukan, Mi. Itu bahasa Sunda.”
“Oh, bahasa Jawa Sunda...”
“Bukan bahasa Jawa Sunda. Itu bahasa Sunda....”
“Iya, orang Sunda juga datang dari pulow Jawa. Benar ta?”
Kuring unggeuk.
“Nah, jadi bi

asanya pasti Jawa Sunda...”

Tah, sok keuheul lamun geus disebut kitu teh. Jawa Sunda. Di Sarawak urang Sunda memang teu pati loba, jadi teu pati dipikawanoh. Rereana TKI teh urang Jawa. Padahal meureun asalna sarua ti pulow Jawa, disangka urang Sunda teh sarua Jawa. Padahal mah embung pisan disebut urang Jawa teh....
“Mi, meski satu pulow tapi antara Jawa dan Sunda itu lain. Beda sangat, Mi. Jawa ya Jawa. Sunda ya Sunda. Bahasanya pun berbeda. Bahasa Jawa ya bahasa Jawa. Bahasa Sunda ya bahasa Sunda. Abang juga ga bisa cakap bahasa Jawa. Abang Cuma pandey cakap bahasa Sunda, bahasa suku Abang...” Cek kuring rada ngajentrekeun.

Ami unggut-unggutan. “Ami pikir sama, seperti Serawak dan Sabah, sama-sama Malayasia Timur. Taunya Sunda itu beda ya dengan Jawa...”

“Ya, beda, Mi. meski datang dari pulow Jawa, abang bukan orang Jawa. Abang orang Sunda...”

Sakedapan mah simpe. Ami nu diuk dina dipan, gigireun kuring katembong kacida geulisna. Hate ngageter. Kuring apal, manehna mikanyaah kuring. Iraha atuh kuring bener-bener cageur, sangkan bisa nyalse ngobrolkeun rencana keur ka hareupna. Kuring kudu sabar, nungguan waktu nu merenah...

“Bang, emh...” Cek Ami jiga nu asa-asa.

“Ada apa, Mi?”

Memeh nembalan Ami imut heula. “Boleh ga Ami belajar bahasa Sunda?”

“Boleh, boleh!” tembal kuring antara kaget jeung bungah. Enya tuda, lamun Ami hayang diajar basa Sunda, hartina manehna keur usaha mikawanoh diri kuring leuwih daria.

“Nah, kalau bahasa Sundanya aku itu apa?”

“Abdi!”
“Abang?”
“Akang”
Ami nyerengeh. “Nah, mulai sekarang Ami bakal manggil Akang...”
Kuring nyerengeh. “Mulai sekarang, Ab...eh, Akang bakal panggil Ami dengan Teteh?”
“Teteh?” Apa tu artinya?”
“Teteh itu ya kaka. Tapi itu sebutan untuk anak gadis-gadis di kampung Akang...”
Ami imut ngagelenyu. Duh, manis pisan katempona.
Loba-loba deui kecap-kecap basa Sunda nu ditanyakeun sarta diapalkeun ku Ami. Malah mimiti nyoba nyieun kalimah dina basa Sunda.
“Na, Akang, Teteh sekarang bade ka luar dulu,” cek Ami. Najan masih campur jeung lentongna Melayu, lumayan lah sakitu mah. Mantak lucu ngabandunganana.
“Mangga, Teh.” Tembal kuring.
“Apa tu artinya?”
“Silahkan, Teh.”
“Oh.”

**

Diitung-itung aya kana opat puluh lima poena mimiti gering nepi ka wak karasa jagjag teh. Ayeuna mah ukur tinggal leuleusna, mimiti mamayu. Awak jadi katara begang. Barang ngaca, buuk gondrong. Kumis ge teu puguh rupa. Nu mimiti  dilakonan teh nya dicukur. Nu nyukurnanana Bang Karim, lanceukna Ami. Kabeneran manehna bisaeun jeung bogeun alat-alatna. Da di rumah panjang ge manehna sok loba nu meta dipangnyukurankeun.
Meski sudah sihat, tapi jangan dulu kerja, Na,” cek Bang Karim. “Istirahatlah barang satu bulan lagi...”
“Wah, tidak, Bang. Saya harus cepat kerja lagi. Kasihan sama Pa Cik Hamid, tu bekonya ga ada yang ngoprasiin. Lagi pula saya sudah kuat...”
“Awas lo, nanti kambuh lagi.”
“Tidak lah, bang. Sekarang sudah benar-benar sehat.”
“Ya, tapi hati-hati lah!”
“Insya Alloh, Bang.”
Ami ayeuna mah geus digawe deui, masa cutina geus lekasan. Sorangan di imah kalah kesel. Akhirna kuring pindah deui ka base camp. Najan ku Ami jeung ku Pa Cik Muh mah dicaram, tapi kuring maksa. Era hayuh-hayuh ngahesekeun ka maranehna.
“Di base camp kan ta ada orang lain, Kang,” cek Ami tembong semu nu salempang.
“Ga apa-apa, Teh. Kan base camp tidak jauh dari sini,” tembal kuring harita.
Geus pindah ka base camp, dina hiji isuk kuring nepungan Pa Cik Hamid di Long Lapok. Kabeneran keur aya di imahna. Mobilna masih ngabebegug di buruan.
“Mau kopi?” Cek Pa Cik Hamid dalehdeh, sangeus manehna nanyakeun kasehatan kuring.
“Tidak, Pa Cik,” tembal kuring.
“Rokok? Nah, kamu pasti tidak tolak yang satu ini!” Cek Pak Cik Hamid bari nyodorkeun roko bodas.
Kuring nyokot sabatang. Enya asa geus lila teu manggih rokok. Ti barang brek gering. Roko diseungeut, tuluy dikenyot.
Tapi, puh, bet karasa palal. Ukur tilu kenyot, tuluy dikusekeun kana asbak. Pak Cik Hamid ukur nyerengeh.
“Ada apa, Na, sepagi ini datan ke PA Cik?” Pak Cik Hamid nanya bari mencrong.
“Saya mau mulai kerja lagi, Pa Cik,” tembal kuring.
“Memangnya kamu sudah kuat?”
“Kuat, Pa Cik. Lagi pula kan bosen terus nganggur seperti sekarang ini.”
“Ya, kalau sudah kuat, boleh lah. Bila mulai kerjanya?”
“Besok, Pa Cik.”
“Boleh. Tapi gini aja dulu. Tu beko kan udah ada satu bulannya nganggur. Tolong periksa dulu semua. Olinya ganti, juga kasih gemuk. Nanti kalao sudah beres, baru kamu masuk blok. Bisa, kan?”
“Bisa, Pa Cik,” kuring nyanggupan. “Kapan TKI baru datang, Pa Cik?”
“Agen bilang dua minggu lagi. Susah cari yang bisa jalanin beko.” Cek Pak Cik Hamid semu ngangluh. Memang rencana ngadatangkeun TKI anyar, keur gaganti babaturan kuring nu marulang, geus ti beh ditu keneh. Tapi teu gampang neangan nu bisaeun ngoprasikeun beko mah...Padahal upahna kawilang lumayan, diitung per jam. Saejamna 10 Ringgit. Rata-rata sapoena teh gawe nepi ka dalapan jam. Hartina sapoe bisa meunang 80 ringgit. Mun dirupiahkeun mah 250 rebuan...Palebah dinya pentingna kabisa teh.
Kuring rek amitan, tapi Pa Cik Hamid ngomong kieu, “Nanti dulu Na, Pak Cik mau cakap sesuatu...”
Cakap apa, Pa Cik?” cek kuring panasaran, “Itu soal si Ami...”
“Soal Ami, Pa Cik?” Cek kuring. Ted we hate mah; geus kabaca ka palebah mana bakal losna omongan dunungan teh.
“Iya, Na.”Pak Cik Hamid ngarandeg heula nyarita. Manehna mencrong beungeut kuring, daria pisan. “Pa Cik pingin tau, gimana rencana kamu dengan Ami? Ini Serawak lo, Na. Kamu sudah begitu dekat dengan Ami. Kamu harus ngawini dia, Na!”
Kuring ngarenghap.
“Gimana baiknya menurut Pak Cik?” kuring menta bongbolongan. Da ari niat mah ti basa keur gering ge geus aya. Ngan rumasa poekeun ku adat di dieu mah.
“Begitu lo, Na. Sebaiknya kamu bicara dulu dengan Ami. Soal nanti urusan dengan Pa Cik Muh, itu Pa Cik yang bakal beresin. Yang penting niat kamu mesti lurus dulu. Soal biaya biar Pa Cik yang tanggung. Kamu ta usah miskin...” Cek Pak Cik Hamid.
“Tapi Pa Cik, apa bisa TKI seperti saya kawin sama orang sini?” cek kuring. Masih aya rasa hangham dina hate. Sok sieuneun engkena nimbulkeun masalah.
Pak Cik Hamid nyerengeh. Manehna cengkat bari nyekel taktak kuring. “Niat yang baik, pasti ada jalan yang baik untuk mewujudkannya. Tenang saja, Na. Pa ik yang akan beresin semuanya!” cek Pak Cik Hamid saperti bisa maca eusi hate kuring. Puguh we mantak reugreug.
Mulang ka base camp, kuring asa mawa diri nu sagalana anyar.sumanget ayar.    Kagumbiraan anyar. Sagalana karasa leuwih ngagairahkeun hirup kuring. Saderet rencana geus kasusun na uteuk kuring. Ngan teu perlu buru-buru. Kudu neangan waktu nu merenah.
Isukna kuring ngamimitian gawe. Meunang sapoe mariksa mesin beko teh. Olina nu geus lila, diganti ku nu anyar. Tuluy ngagemukeun hidrolikna, taya nu kaliwat. Dihirupan hiji-hiji, didengekeun sorana...
Geus beres, kuring karek asup ka blok garapan. Nyieun petakan-petakan dina pasir nu bakal dipelakan ku sawit. Gawe sorangan mahka rasa kesel, euweuh batur keur hareureuy. Tapi jadi leuwih soson-soson. Era ku Pak Cik Hamid mun hanca meunang sauetik teh...
Aya kana samingguna kuring gawe sorangan. Hiji isuk, Pa Cik Hamid teu saperi biasana. Hartina mah katembong saged.
“Hari ini of saja, Na,” cek Pak Cik Hamid. “Ikut Pa Cik ke Miri. Ayo, cepat ganti baju!”
Teu loba tatanya kuring buru-buru disalin. Puguh rada bungah diajakan ka Miri teh. Bosen tuda hayu wae ningali leuweung jeung leuweung. Sakali-sakali hayang nempo ramena kota.
“Kita mau jemput temen kamu,” cek Pak Cik Hamid sanggeus mobil ngageuleuyeung.
“Temen saya, Pa Cik?” kuring rada teu ngarti.
“Itu TKI bari yang Pa Cik pesen,” tembal Pak Cik Hamid.
“Oh. Berapa orang, Pa Cik?”
“Lima orang. Jawa semua!”
Bungah oge kuring bakal aya babaturan gawe. Moal simpe deui cara ayeuna. Hanjakal euweuh urang Sundaan. Kapaksa kudu loba butan-boten jeung urang Jawa mah.
Ti Long Lapok ka Miri teh aya kana opat jamna. Nepi ka wates kota mobil dieureunkeun ku pamariksaan polis. Untung we Pak Cik Hamid teu pohoeun mawa paspor nu kuring. Najan polis teh mani telik pisan ngakurkeun poto nu aya na paspor. Ret ka kuring, ret kana poto. Nagrasa teu aya masalah, polis teh unggeuk.
Tabuh sabelas kuring jeung Pak Cik Hamid nepi ka terminal Miri. Kaayaan di dinya katembong keur sepi. Ukur aya dua beus nu keur ngetem teh. Nu hiji Miri – Kuala Belait. Nu hiji Miri – Labuan. Teu pati lila datang deui beus jurusan Miri – Long Lapok. Beus di Miri mah konekturna kabeh ge awewe.
Hawa karasa panas. Najan kitu terminal teh pibetaheun. Bareresih jeung bareres, teu kawas terminal di Indonesia. Taya tukang ngamen atawa tukang dagang asongan. Suasana tartib jeung disiplin karasa pisan. Nu daragang, meh kabeh urang Cina, ngajajar dina kadey sabudeureun terminal.
Sabot ngadagoan, Pak Cik Hamid ngajakan kuring ka hiji kedey. Mesen kopi dua gelas. Ieu kopi nu cocog diinum dina kaayaan panas poe. Ditinyuhna lain ku cipanas, tapi ku cai tiis. Malah ditambahan ku cai es batu, matak seger kana tikoro....
Tabuh satengah satu, aya beus asup ka terminal. Miri Ekspres jurusan Sibu-Miri.
“Nah, itu bisnya!” Cek Pak Cik Hamid bari cengkat. Tuluy leumpang muru eta beus. Panumpangna mimiti tarurun.
“Tengok, kalo yang tampangnya orang jawa, itu orangnya!” Pak Cik Hamid ngaharewos.
Enya we, kaciri tuda beungeut urang jawa mah. Pandeuri turunana teh. Rada palahak-polohok kitu. Kabehna lima urang, marawa tas rada baradag.
“TKI, ya?” Cek Pak Cik Hamid nanya ka salah saurangna.
“Iya, nunggu yang jemput mau ke Long Lapok!” tembalna ku lentong Jawa nu kentel pisan.
“Saya yang jemputnya,” cek Pak Cik Hamid bari sasalaman. Maranehna nyebut ngaran sewang-sewangan. Suroso, Udin, Ngadimun, Paijo, jeung Pitono.
Pak Cik Hamid ngawawuhkeun kuring.
“Nah, bapak-bapa, ini Nana, orang kepercayaan saya. Dia mandor yang akan ngawal kerja Bapak-bapa.”
Bari sasalaman kuring heran oge ku omongan Pak Cik Hamid. Naha make nyebut kuring mandor sagala. Padahal kuring mah pan pagawe biasa. Ngan enya kaasup heubeul mah....
Pak Cik Hamid mulang sorangan. Ari kuring jeung TKI nu anyar datang naek beus nu ka Long Lapok. Da mobil Pak Cik Hamid mah memang Land Cruiser bak. Jadi di kota kieu mah teu meunang mawa jalma di tukangna

**

Datangna TKI anyar mawa kagumbiraan ka diri kuring. Lain wae lantaran kuring ayeuna mah boga batur gawe. Tapi oge lantaran teu disangka-sangka diijieun mandor. Gajih oge diatekkeun. Najan kitu, ku ring leuwih ati-ati. Remen kabejakeun aya mandor nu dikarepuk ku anak buahna di dieu mah. Kuring kudu bisa ngalap hate maranehna. Da anu dimadoran teh salian ti nu ngajalankeun beko, oge rombongan nu marelak sawit. Kabeh urang Jawa. Aya sipat goreng urang jawa nu sohor: sok ngajilat keur ngaragragkeun batur! Kuring kudu waspada. Lain pedah sieun kaleungitan ieu pagawean, tapi hoream ririweuhanana.
Pasosore kuring ka imah Ami. Maksud teh rek bebeja. Tapi barang datang, manehna tembong jiga nu bungah. Sok ngajak sasalaman bari pokna teh, “Selamat, ya!”
“Selamat apa, Mi?” cek kuring, jadi rada teu ngarti.
“Ah, kura-kura dalam perahu!” Ami ngadilak. “Tadi pulang kerja Ami ketemu Pak Cik Hamid. Katanya sekarang Kang Nana diangkat jadi mandor!”
“Oh. Jadi udah tau?”
“Ya. Tau. Apa sih yang Ami tida tau tentang Kang Nana di sini?”
“ah, ada kok yang Ami tida tau.”
“Apa itu?” Ami mencrong kuring.
“Celana dalam yang Akang pake!”
Ami nyikikik. Leungeuna nonjok taktak kuring.
“Eh, Mi, besok kan hari Minggu, kita jalan, yu!” Cek kuring.
“Kemana? Ke Lapok apa ke Miri?” Tembong mata Ami ngagambarkeun hiji harepan.
“Ah, enggak. Abang ingin kita pergi ke sana!” cek kuring bari nuduhkeun hiji pasir nu geus dipelakan ku bibit sawit. Di punclutna aya tangkal belian, teu gede tapi dahanna ngarangdakdak mantak iuh. Tangkal belian teh hiji tangkal nu ditangtayungan, teu beunang dituar. Aya nu wani-wani nuar, kapanggiheun mah bisa dijebloskeun ka jero lokap.
“Boleh. Kita bawa bekal, ya!” Cek Ami ngaluyuan.
Peutingna kuring teu bisa sare. Mikiran, kumaha isuk kuring kudu kumaha nyarita ka Ami. Dibulak-balik bari di cicipta. Teu daek manggih nu mernah. Antukna, ah, kumaha isuk wae. Sugan susana nabtuan kuring ngendalkeun pamaksadan.
Poe isukna langit kacida bengrasna. Tabuh dalapan cahaya panon poe karasa haneut. Angin ngahiliwir. Ti kajauhan kadengen sora daun sawit tingkelepek. Rada deg-degan oge hate teh basa nempo Ami geus ngadagoan make make baju jeung tiung warna koneng ngora. Ka handapna make calan jin. Katembong mani pantes... Jaman ayeuna, di daerah peloksok kieu ge, modeu mah teu tinggaeun.
“Udah siap?” cek kuring. Ami unggeuk. Leungeunna ngarongkong kantong plastik nu ngagoler deukeut lawang. Bekel meureun. Tapi buru-buru dipenta ku kuring.
Teu pati lila kuring jeung Ami geus laleumpang muru jalan gede. Nikreuh ka beulah wetan. Di batu dua satengah panggih jeung barudak nu sok marelak sawit, marawa jejeur, rek ngaruseup ka walungan. Maranehna nanya, sawareh tingalengir, pedah kuring jeung awewe meureun. Teuing kabitaeun ketang.
Ti batu tilu, mengkol ka kenca, mapay jalan nu asup ka blok kebon kalapa sawit. Pasir nu bakal katuju teh memang rada anggang. Tapi eta teh pasir nu pangluhurna. Ti dinya mah palawahan teh plung-plang pisan.
“Cape, Mi?” Kuring ngalieuk ka Ami. Katara kesang renung dina tarangna.
Ami nyerengeh.
“Lumayan. Tapi ami seneng...”
Sapanjang jalan kuring jeung Ami lolobana mah ngabeutem. Ukur sakali-sakali nyarita teh. Aneh oge, da biasana mah teu weleh sok uplek.
Nepi ka nu dituju, kuring jeung Ami dariuk dina akar. Angin mantuan nuuskeu kesang. Teu pati lila karasa panas. Tangkal belian teh bener-bener iuh, pikabetaheun.
“indah ya, Kang?” cek Ami bangun nu teu bosen-bosen ningali palawahan ti kajauhan.
“Iya,” tembal kuring. Ngabetem deui bari ngumpul-ngumpul kawani pikeun nyarita nu daria. Di luhur aya heulang kakalayangan keur neangan mangsa.
“Mi...”
“Ya, Kang...”
Memeh pok deui kuring ngarenghap heula. “Sebenarnya Abang ragu, Mi. Tau kan Abang ni orang Indon, perantow. Tapi gimana ya seupamanya Abang...ngelamar Ami...” Ahirna mah wani kedal oge. Huh!
Ami kalah tungkul. Hate deg-degan.
“Jawab, Mi,” Cek kuring halon. Aya kahariwang seselendep.
“Maap, Bang, Ami engak...” Kalimahna ngagantung.
“Engak apa, Mi? katakan saja, Abang enggak bakal marah...” Cek kuring geus pasrah.
Ami neuteup kuring. Nyeh imut. “Ami enggak..bisa nolak!”
Duh, asa aya nu peuray dina hate kuring, tuluy nyaliara ka sakuliah awak: rasa bagja nu hese ngagambarkeunana. Kuring ngeupeul leungeun Ami. Angin ngahiliwir. Ami nyalande kana awak kuring. Kuring ngahaja milih tempat ieu keur wakca ka Ami teh lain, lain, pedah hayang romantis. Tapi hayang alam ngabantuan kawani kuring. Kaanyaah ka Ami sakitu gedena, tapi kahariwang oge teu kurang-kurang...
“Tapi Mi, andai Abang pulang ke Indon, gimana?” Kuring mancing.
“Ami ikut. Tapi sementara ini kita di sini dulu, kita nabung buat bekal nanti. Setuju, kan?”
Kuring unggeuk. “Eh, Mi, ini bukit apa namanya?”
“Ta tau lah. Mungkin belum ada namanya. Dulu ini kan hutan,” tembal Ami. “Memang kenapa?”
“Nah, kita kasih nama aja ni bukit...”
Apa?”
“Bukit Cinta!”
Ami nyeuleukeuteuk.
“Bukit Cinta, ya? Sekalian aja ku bukit Cin Ami sama Akang!”
Kuring ge nyeleukeuteuk. Utamana mah ngarasa lucu ku ekspresi beungeut Ami.
Teu karasa waktu teh geus meh lohor. Geus murak bekel nu karasana kacida ni’matna, kuring jeung Ami mulang. Nepi ka base camp buru-buru solatlohor. Beres eta, tuluy ka Long Lapok, nepungan Pa Cik Hamid.
Ka Pa Cik Hamid kuring bebeja rek ngalmar Ami. Katembong manehna kacida bungaheunana.
“Biar Pa Cik yang urus semuanya. Kamu ta usah berpikir apa-apa. Tau beres aja. Besok pagi kami datang ke sini, kita ke Miri!” Cek Pa Cik Hamid.
Ah, sumaget hirup beuki nambah wae. Di dieu kuring bakal boga pamajikan. Boga dunungan nu kacida bageruna. Naon deui? Di Indonesia mah can puguh kuring sabagja kieu. Boa jadi pangangguran keneh...
Isukna kuring jeung Pa Cik Hamid ka Miri, ka Kantor imigrasi. Kuring ngeusian hiji pormulir. Ti dinya tuluy ka kantor Jawatan Kependudukan. Ngeusian deui porpulir. Dipoto. Jreng....teuing kumaha carana. Kuring harita meunang IC Malayasia. Pa Cik Hamid nu ngurusna.
“Nah, sekarang kamu jadi warga Malayasia. Pa perlu lagi tu paspor Indon,” cek Pa Cik Hamid.
Saterusna kuring ngalaman jalan hirup nu tadina mah teu kabayangkeun. Ngalamar Ami. Tuluy kawin secara sederhana. Waktuna oge dina hiji peuting, tas salat Isya, di masjid deukeut imah Ami, kuring jeung Ami dirapalan. Panghuluna ti jawatan urusan Agama ti Miri. Nu daratang teh uranf dinya jeung Pak Cik Hamid katut Ma Cik Liah. Katambah ku babaturan gawe.
“Sekarang kamu sudah punya bini orang sini, na. kamu ta usah pulang ke Indon. Malaya sama Indon sama saja. Sama-sama bumi yang diciptakan oleh Alloh,” cek Pa Cik Hamid basa rek amitan.
Peuting eta jadi peuting pangendah-endahna dina hirup kuring jeung ami. Peuting nu pinuh ku asih, nepungkeun dua kolbu dina wirahma nu pinuh ku galura...
Sanajan dina suasana panganten, kuring teu hayang leha-leha. Isukna tuluy gawe najan digaronjak ku babaturan oge. Kitu deui Ami. Kuring kudu leuwih soson-soson da ayeuna mah boga tanggung jawab.
Sabulan ti harita, kuring narima surat ti Ema. Ieu surat balesan. Bareto memeh kawin kuring ngirim surat nu eusina bebeja rek kawin ka urang ideu. Malah dibejakeun yen bareto teu tulus mulang teh sebenerna lantaran gering. Untung we aya Ami nu haat mikanyaah. Sakalian diselapan ku poto Ami.
Berewek amplop disoehkeun. Surat teh di baca...
Na, anak Ema, bungah nu taya wates wangenna basa maca surat hidep rek boga pamajikan ka urang Malaya. Najan enya sedih oge lantaran Ema teu bisa kukumaha, ukur bisa ngadungakeun. Tapi Ema ngarasa jongjon, hidep ayeuna mah aya nu ngurus.
Na, najan geus boga pangabetah di Malaya, dina sesa hirup Ema, hayang Ema teh papanggih jeung hidep. Ema miharep, dina hiji waktu, hidep bisa mulang heula. Sakalian bawa mulang Ema bisa nempo incu ti hidep.
Ku Ema didungakeun muga hidep poanggih jeung kabagjaan. Ulah hariwang ku Ema. Ongkoh da Bibi maneh geten ngalongokan Ema. Aluksi sing soson-soson digawe, sing akur jeung batur ambeh pada mikanyaah.

Wassalam,
Ema.”

Teu karasa cimata ngeclak. Ema, anjeun teu weleh jadi jalma nu pangwijaksanana na hirup kuring. Malah, basa kuring rek kadieu, Ema kungsi nyarita: “Ema mah ukur ngalahirkeun jeung ngadidik hidep nepi ka hideng. Ka dituna mah Ema teu boga hak pikeun ngatur jalan hirup hidep.”
Kuring jangji, dina hiji waktu bakal mulang nepungan Ema. Jeung Ami. Malah boa jeung budak kuring...
Long Lapok, kuring nitipkeun diri pikeun mapay poe-poe nu bakal datang.***


*) pipi = pergi/indit
Lokap = panjara
Kadey = kios
Beko = eksavator
Gemuk = stemplet
Cakap = ngomong
Batu = kilometer
Polis = polisi
 




RUMPAKA MAJALAH SUNDA ONLINE GAPURA:





Pamedal: enarusyana’s blog.

Panaratas: Ena Rs.

Pupuhu Rumpaka: Ena Rs.

Kontributor: Heni Sumarni (Pandeglang Banten).



Alamat kantor rumpaka: Ena Rs, Dusun Sidamulya Dese Bojonggedang

Rancah 46387.

Rumpaka Majalah Sunda  Online GAPURA nampi sumbangan seratan mangrupi carpon, sajak, fiksimini, humor sareng sajabina. Mangga kintunkeun ka email rumpaka atanpi dikintun via pos ka alamat kantor rumpaka. 








  

3 Responses to "GAPURA EDISI 03 - 2013"

  1. wah. . .ayena mah atuh milarian carpon tugas sakola teh moal kantos kuar kuir. :)
    enging hilap dongkap ka situs sim abdi, di antos.
    carakupedia.com

    ReplyDelete
  2. he he mangga nu peryogi sarta kaangge mah... hatur nuhun

    ReplyDelete
  3. hebat blogna her, rek diajar ah....

    ReplyDelete