GAPURA EDISI 02 - 2013

blogger templates


GAPURA
02
Maret  2013



WILUJENG TEPANG  DEUI BARAYA SUNDA,
KUMAHA WARTOSNA?




BARAYA SUNDA, WILUJENG TEPANG DI MAJALAH SUNDA ONLINE GAPURA.
ALLHAMDULILLAH Majalah Sunda Online Gapura tiasa nepangan deui baraya Sunda dina edisi nu kadua. Saentos kasibukan pilgub, kumaha wartosna baraya Sunda sadaya? Muga-muga tetep talengtrem. Najan pilihan urang beda-beda luyu jeung karesep oge pertimbangan-pertimbangan sejenna, tapi urang tetep hiji salaku urang Sunda.
Baraya Sunda, perhatian kana media online, hususnya kana majalah online Gapura, alhamdulillah geuning sae. Aya 716 urang nu muka ieu blog. Kanggo ukuran blog enggal mah kalebet lumayan. Hatur nuhun, hartosna urang masih micinta kana basa Sunda.
Wilujeng ngaos majalah Sunda Online Gapura edisi kadua ieu.
SUMANGGA!






RUMPAKA MAJALAH SUNDA ONLINE GAPURA:



Pamedal: enarusyana’s blog.
Panaratas: Ena Rs.
Pupuhu Rumpaka: Ena Rs.
Kontributor: Heni Sumarni (Pandeglang, Banten).
Facebook: majalah sunda online Gapura
Alamat kantor rumpaka: Ena Rs, Dusun Sidamulya Dese Bojonggedang
Rancah 46387.

Rumpaka Majalah Sunda  Online GAPURA nampi sumbangan seratan mangrupi carpon, sajak, fiksimini, humor sareng sajabina. Mangga kintunkeun ka email rumpaka atanpi dikintun via pos ka alamat kantor rumpaka.


SAJAK HENI SUMARNI















(HENI SUMARNI, ibu rumah tangga, asal Bandung ayeuna nganjrek di Pandeglang Banten)


RUMANGSANG HANDAPEUN LANGIT SERANG

Rema rema meulit euforbia, jerit leutik katiruk cucuk.
Patulayah nanah maseuhan bayah
Nenggak hegak
basa nanjak ngejah anak tangga ninggalkeun loby

Aya timburu kana redesan panto nu parireu
Aya amparan malati
Aya aweuhan
Pirang pirang sawara sugema
Aya heneg hanjelu nepika ayeuna.



NEUTEULI


Iraha rek deui, ngasag sesa sesa jentreng kacapi dina lalancip congo peuting.
Sedeng cihujan kapalang suub maseuhan bilik.
Guntreng kapan geuning urang anteng madungdeng silih jugjugan lebahmana randegna rasa.
Hayang teuing malik maksa, ka anjeun nu kungsi ngajak ngabungbang na poek bulan.
Ngajak ngarompesan rarawisan balandongan,
Ngajak ngaleledan reregan rurub gamelan, ngajak mungkas pragmen sababak sina wekasan

Ku tega
Ngantunkeun cileuncang sesa girimis
ngantunkeun cakcak sisirig tungtung lalangit.
Anjog dugi ruruhit wanci.
Dunungan, hampura mun ieu hate masih miati


GEHGERAN

Asa parimpen merenan  rindat saliwat, tapi bet angger kaiwat.
Piwarang saha ngajuringkang neundeun tataheunan....tuluy ngawurkeun tibelat.
Caliweura  ieu rasa hihidengan ngagurit rumpaka sabaraha pada
Dialokan engang jeung padalisan....patembalan aweuhan.

Rek diantep ieu heherang mata, sina mancawura dina sajak nu pabalatak
tuluy bebeakan mangloh.... pedah geuning bagja teh ukur sawates kalangkangna.
Atawa rek sina kapahung ieu rasa diantep kasarung.
saru neangan jalan keur mulang.
kuring nu leungiteun paturon sorangan.


MOZAIK

Lungse raracik
Paul kulawu kayas kasumba
Naturalisme Romantisme, kateuing ah gati!
Kur ngelemeng da
Pulas anjeun ririakan hese kapigura.



KACANTU

Atawa mengpar tuhu, atawa salah naktu
Jemplang hujan bodas lalayaran
Dengkleung keueung kidung nineung
Jeung sit uncuing jeung kacapi suling
Antare mapayan usum
Saban mamareng saban ngatiga
Aah....! dugika iraha.



NGAPRAK


Pasawahan Bangong Terus Ngagolosor



HIJI poe nu nulis lunta ka pasawahan Bangong. Ari Bangong teh pernahna salelewek aya di Dusun Panyemprongan Desa Bojonggedang Rancah-Ciamis, salelewek deui asup ka Dusun Sukamulya Desa Tambaksari Kacamatan Tambaksari Ciamis, peuntaseun walungan Cihonje,  sohor lantaran hasil tatanen parena nu teu weleh alus sarta rasa sanguna nu beda ti nu sejen. Hal eta teh dilantarankeun kondisi taneuhna nu lendo. Ngan rada hanjakalna teu kaop aya hujan gede petakan-petakan sawahna remen rarempag.
“Di dieu mah, teu kaop hujan badag, petakan teh parindah ka landeuh, “Cek Darka nu boga sawah di Bangong basa ditepungan ku nu nulis. Harita oge manehna keur ngomekeun petakan nu rempag lantaran peutingna tas hujan badag. Mangkaning parena teh keur sumedeng beukah. Atuh rea parena nu ruksak. Untung lamun rempagna teh kana sawah nu manehna-manehna keneh, lamun rempag kana sawah batur mah sok rada barabe, ngomeanana oge kudu apik. Tara cenah ari jadi pasea mah da sarerea oge kondisi sawahna saperti kitu.
Kondisi pasawahan Bangong nu kitu teh lantaran taneuhna ngandung lempung jeung batu. Tereh ledok mun dicaian jeung tereh teuas mun kagaringan. Tapi lantaran rea batuan tea, taneuhna teu pati padet, rea garonggongan handapeun sawah. Sahingga mun cai gede mah remen petakan-petakan teh rempag. Saleuheung mun rempagna mun leutik, aya aturan sapetakan rempag kabeh kapalidkeun ku cai hujan. Ti waktu ka waktu bentuk sawah di Bangong mah robah-robah.
Sanajan kitu, patani nu ngagarap pasawahan Bangong teu ieuh jadi kapok atawa pundung. Da enya najan remen ngomekeun galengan atawa petakan nu rempag tapi hasil panen parena kacida nyugemakeun. Tina saratus bata lega sawah teh rata-rata ngahasilkeun 8 kintal nepika satonna.
“Tebih lah upami dibandingkeun sareng hasil panen ti sawah sanes nu aya di Desa Bojonggedang mah. Di nu sanes mah 8 kintal tina saratus bata teh kalebet sae kacida. Upami di Bangong mah 8 kintal teh kalebet hasil panen nu goreng. Tapi sagoreng-gorengna panen di Bangong masih kalebet untung keneh, “cek Darka ngajentrekeun. Salianti babari ngagarapna lantaran tereh ledok, oge teu pati jahat gemuk. Taneuhna nu lendo, unsur harana oge rea keneh, teu pati merlukeun gemuk pabrik. Beda jeung pasawahan sejen nu kudu kaasuh ku gemuk lamun hasilna hayang alus. Atuh mun sawah Bangong mah rata-rata biaya ngagarapna teh kaitung murah, sawah nu sejen mah bisa disebut mahal. Teu aneh najan rada barabe dina ngomean galengan atawa petakan nu rarempag ku cai hujan, rata-rata patani terus ngeureuyeuh lantaran memang hasilna mucekil.

Tas Dirincik Aya nu Tanahna Ngurangan
Taun 2011 nu kaliwat, pasawahan Bangong dirincik deui ku BPN (Badan Pertanahan Nasional) Kabupaten Ciamis. Satadina oge geus disawang wates-wates sawah teh bakal robah. Barang diukur, enya we. Aya nu sawahna ngalegaan teu luyu jeung letter C,utamana nu beulah tonggoh, sedengkeun nu di landeuh jadi ngurangan. Nya dina ngarincik harita wates-wates sawah teh dibenerkeun deui. Nu tadina saanu bata barang diukur geus leuwih ti sakitu, dipulangkeun deui jadi kaasalna, ditangtukeun wates-watesna, luyu jeung catetan nu aya dina letter C.
“Tuh nu beulah ditu, di palebah pasarean mah diukurna teh ti tonggoh heula, wates teh jadi pageser-geser ka beulah tonggoh. Tadina remen rempag nu enak mah di tonggoh beuki ngalegaan, nu di landeuh beuki heureut. Komo nu deukeut walungan mah, ti tonggoh kasedekeun, ti landeuhna arurug kana walungan. Untung we aya rincikan... “cek Darka bari nuduhkeun ka beulah tonggoh.
Najan kitu, cenah nu panglandeuhna mah, nu sisi walungan, lega sawahna teh teu bisa saasal saperti nu kacatet dina letter C. Da enya tanahna urug ka walungan, piraku rek ngaku walungan mah. Atuh nu dirobahna teh letter C-na. Untungna tumarima, dalah dikumaha sakitu ayana. Untung aya rincikan ge, nu nguranganana teu lega teuing da ari wates ti beulah tonggoh mah dibenerkeun.
Tapi nurutkeun panitenan Darka mah cenah pasawahan Bangong teh jiga kabeh ngagolosor, lain ukur rarempag petakan. “Buktina mah itu tangkal caringin nu aya di sisi sawah pangtonggohna bareto mah pas pisan dina tutugan Cigawir. Ari ayeuna mah pan geus jauh tina tutugan Cigawir. Matak cek Mamang mah unggal taun ge Bangong mah terus ngagolosor saeutik-saeutik. Taun 86 mah pan di tengah pasawahan teh ujug-ujug aya sawah nu muncugug kana lima meterna, jadi jiga pasir leutik. Ti tonggoh ngagolosor, ari ti landeuhna cicing, antukna palebah dinya eleh taneuhna jadi naek....” Darka ngajentrekeun.
Ngagolosorna pasawahan Bangong harita kungsi meh jadi mamala ka lembur Cipasang nu pernahna ngawates ti beulah wetan. Lembur Cipasang oge milu katarik, rea imah jadi barejad, jalan jadi ngagejlug, kebon urug. Untungna kajadian kitu teh ngan harita-haritana. Najan Bangong ayeuna terus ngagolosor, tapi teu jadi bencana ka tempat sejen.
Najan kitu harga sawah Bangong mah kaasup mahal. Perbatana bisa nepika 400 rebu. Padahal akses jalan ka Bangong mah kaasup tarahal. Taya jalan gede nu bisa diliwatan ku mobil. Kungsi aya jalan nang proyek Padat Karya tapi taya mobil nu wanieun make da puguh pudunan ti sisi lembur Panyemprongan teh kacida nyuksukna.
“Kapungkur mah nuju anyar keneh jalanna, motor-motor mah sok dugi ka landeuh. Tapi ayeuna mah saentos batuna patulayah, taya nu wanieun deui. Nu nyarandak motor teh ditarunda di Cigawir,” cek Darka deui. Ari Cigawir teh pernahna tonggoheun pasawahan Bangong. Surup jeung ngaranna memang gawir lungkawing. Jalan ka Bangong ge malipir lamping Cigawir. Mantak leklok tuur mun pareng hanjat mulang ti Bangong mah. Mangkaning panjang tanjakanana leuwih ti saratus meter.

Rea nu Ngendong Mun Usum Panen
Mun seug pasawahan Bangong keur usum panen, peutingna sok rea nu ngarendong di saung sawah. Salianti nungguan pare, cek Darka mah batan pulang anting bari awak keur cape, mending ngendong di Bangong. Matak sok rada haneuteun. Resep cenah, asa mulang ka alam baheula.
“Mantak saung di Bangong mah rea nu jiga imah leutik. Make bilik jeung panto sagala. Di jerona aya paragi sare, lengkep jeung alat-alat keur barang asakan, “ cek Darka deui bari nepak saung nu manehna nu memang jiga imah leutik, buni mantak betah dipake cicing. Pan ilaharna saung sawah mah ukur make hateup jeung talupuh keur diuk, tara buni. Saung di Bangong mah enya baruni. Eta teh ngahaja sangkan ari usum panen bisa dipake ngendong.
Sangsarana usum panen di Bangong lamun geus bagian ngakut pare ka imahkeun. Sabab pasawahan Bangong jauh ka jalan nu bisa dipake ku mobil, atuh kapangksa karung pare teh dipanggulan ka tonggohkeun, ka Cigawir. Ayeuna mah leuheung cenah aya motor tarabas nu bisaeun nepika landeuh, sok diburuhkeun sina diangkut kana motor tarabas. Ari motor tarabas teh nyaeta motor nu geus dimodipikasi sangkan bisa ngaliwatan jalan nu tarahal atawa nanjak. Banna oge sok dipasangan rante sangkan bisa ngaliwatan jalan nu ledok. Najan kitu angger we pare karung pare teh kudu rada dipanggulan komo nu sawahna aya di tengah-tengah mah.
Usum macul angger sok ngarendong di saung sawah. Komo nu imahna jauh mah. Darka wae rek ka Bangong teh leumpang heula aya kana sajamna. Tanaga ge beak ku leumpang. Mantak mending ngendong.
“Tuh, itu mah sanes saung, bumi itu mah...” Darka nuduhkeun ka palebah saung nu tembong pangbadagna di beulah landeuh. Cenah itu teh urang Samarang Tambaksari, lalampahan sajam mun tumpak motor ge ti lemburna teh bari teu nepi ari ka pasawahanana mah. Nu boga saung eta mah ti panen nepika macul deui, parat nepika ngarambet, tara mulang ka lemburna. Keur mah sawahna lega, meureun barabe mun kudu pulang anting. Aya kana 3 bulanna cicing di Bangong. Beres ngarambet karek sok mulang ka lemburna.

Keur Disurvey ku Pertamina
Di sababaraha tempat nu nulis manggihan patok awi nu make pita biru-beureum. Basa ditanyakeun ka Mang Darka horeng eta patok teh nu masangna Pertamina.
“Nuju aya survey ti Pertamina...” cek Mang Darka. “Milari kandungan minyak... Tos aya dua sasihna eta patok-patok teh. Nyebatna mah bade dibor ditaliti susuganan aya minyakna...”
Cek katerangan, tempat nu disurvey ku Pertamina bakal meunang ganti rugi. Tapi sabaraha gede ganti rugina tacan pasti sabab karek aya patok-patok wungkul. Nu boga sawah di Bangong oge teu ngoretkeun mun enya rek disurvey ku Pertamina sarta puguh ganti rugina mah. Malah rea nu ngarep-ngarep di Bangong teh enya aya kandungan minyaknya.
“Mun enya di Bangong aya minyak nu dibor ku Pertamina, atuh susuganan we meunang ganti rugi nu badag. Lumayan rek dibeulikeun sawah nu deukeut ka imah,” cek Darka bari ngaheheh.
Salinti eta pan meureun bisa muka lapangan gawe. Darka oge boga anak nu sok usaha ka Jakarta. Mun di Bangong aya pertambangan minyak mah sugan we bisa gawe di petambanganana, jadi naon we nu penting teu kudu jauh usaha, kitu angen-angen Darka. Jigana nu sejen ge meureun kitu.


Rea nu Ngebon Albasiah, Debit Cai Ngurangan
Basa nu nulis mulang ti pasawahan Bangong wanci geus meh tangage. Kabeneran panggih jeung Rurah Panyemprongan, Enceng Ranta. Ditanyakeun soal patok-patok nu make pita, Rurah Enceng ngaenyakeun eta patok dijieun ku Pertamina nu rek survey kandungan minyak. Cenah samemeh der ngebor pikeun mastikeun aya henteuna kandungan minyak di Bangong, bakal aya sosialisasi heula ka masarakat nu boga sawah di Bangong, ngan waktuna can pasti.
Kapapanjangan ngobrol bras kana pasualan pasawahan Bangong. Cek Rurah Ranta pasawahan Bangong teh lain saukur nyanghareuapan masalah sering rarempagna petakan sarta ngagolosor ka beulah landeuh, tapi oge sual debit cai keur nyaian sawah. Ti taun ka taun debit cai di Bangong beuki ngurangan. Rea sawah nu beulah tonggoh robah pungsi jadi kebon lantaran teu kabagian cai. Da enya pasawahan Bangong mah ngandelkeun ciliang jeung cai hujan. Aya walungan di landeuh pan pernahna handapeun sawah, dibendung oge moal hade.
Salah sahiji cukang lantaranana teh lantaran beulah tonggohna beuki rea nu ngebon albasiah. Sipat tangkal albasiah teh tereh gede, 5 taun ge bisa dijual, tapi kacida kuat dina ngonsumsi cai. Jadi, cai nu sakuduna moyor kana ciliang teh rea kasedot ku tangkal albasiah. Halodo saminggu ge cenah sawah Bangong mah kagaringan ayeuna mah. Padahal baheula mah memeh rea nu ngebon albasiah cai di Bangong teh teu susah. Halodo ge kuat keneh nyawah. Ayeuna mah bororaah. Kitu cek katerangan Rurah Enceng.
Adan lohor kadenge ti jauhna. Nu nulis amitan ka Rurah Enceng. Ngadeger mapay tanjakan muru ka Cigawir, ninggalkeun pasawahan Bangong. Panon poe moreret. Angin ngahiliwir. Najan kitu, kesang mani juuh. Enya karasa leklok tuur ge nyorang tanjakan sakitu netek bari tarahal mah. Teu kabayang nu unggal poe pulang anting ka Bangong.***
Rancah, 31 Januari 2013.


KOLOM



MIELING

POE BASA INDUNG SADUNYA

(21 FEBRUARI)

Ku : Ena Rs.

MIELING International Mother Language Day (IMLD) atawa Poe Basa Indung Sadunya satiap tanggal 21 Februari sabenerna geus rada lila diayakeun di sakuliah dunya, kaasup di urang. Tapi nya kitu, teu pati rea nu apaleun. Ma’lum teu dijadikeun poe pere jadina pada hare-hare, he he.
Najan kitu, kacida perluna lamun dina pangeling-ngeling Poe Basa Indung Sadunya ayeuna, urang neundeun perhatian nu daria. Poe Basa Indung Sadunya nu diresmikeun ku UNESCO ngapresiasi kana Poe Gerakan Basa di Bangladesh, kacida karasa pentingna lamun seug ningali nasib basa-basa indung nu aya di sakuliah dunya. Kurang leuwih aya 7000 basa indung nu aya di sakuliah dunya, 10 persenna aya di Indonesia (kurang leuwih 700), nasibna sarua: pi-ka-ha-ri-wang-eun!
Basa indung teh nyaeta basa munggaran nu diwanohkeun/diajarkeun ka barudak ti keur leutik, ti barang borojol. Basa indung teh di urang mah disebut basa daerah. Basa Sunda, basa Jawa, basa Bali, basa Madura, basa Aceh, jrrd, eta basa indung. Pikahariwangeun nasibna, nya? Enya, sabab geus rea nu naringgalkeun atawa teu make basa indung ku mangpirang-pirang alesan. Nu ngagunakeun basa indung beuki dieu lain beuki nambah, tapi beuki ngurangan. Lain di kota-kota gede wae, tapi di kota-kota leutik jeung di padesaan.
Nu jadi lantaranana di antarana lantaran heterogenna masarakat di hiji tempat, teu ukur sasuku. Rea nu daratang, dumuk jeung usaha ka hiji tempat nu jolna ti unggal daerah sejen. Contona di Bandung nu disebut ibu kotana urang Sunda, pan masarakatna teh ayeuna mah campur: aya Sunda, Jawa, Lampung, Ambon, Batak, jrrd pagalo jadi hiji. Kajadianana, lain kaum pendatang nu diajar basa Sunda, tapi kalah urang Sunda nu ngelehan, make basa Indonesia pikeun komunikasi jeung maranehna. Lila-lila jadi kabiasaan, ngomong basa Indonesia lain jeung pendatang wae, tapi jeung sasama urang Sunda, malah dibabawa ka imah, jeung barudak oge ngomong basa Indonesia. Komo nu cicing di kota-kota sabudeureun Jakarta mah, saperti Bekasi, Tangerang, Bogor jeung Depok, kaayaanana mangrupakeun duplikat Jakarta. Basa Sunda nasibna nyengled teu dipalire.
Urang lembur nu bubuaran ka kota, lila di kota ngobrol ala kota, balik ka lembur jadi gaya make basa Indonesia. Jaman ayeuna nu bubuaran ka kota lain hiji dua, meh maro, atuh pangaruhna ka urang lembur lain edel-edel. Loba nu pimilueun ngomong basa Indonesia, utamana barudak ngora. Beuki rea barudak ngora di pilemburan, angot nu rada deukeut ka kota, karagokeun make basa Sunda, leuwih lancar ngomong basa Indonesia. Najan enya direumbeuy ku Sunda keneh, tapi hal eta mere tanda yen basa Sunda mimiti ditaringgalkeun. Lamun basa Sunda mimiti ditaringgalkeun atawa teu nerap di barudak (ngora) eta tanda yen di mangsa nu bakal datang riwayat basa Sunda bener-bener pikahariwangeun. Barudak ayeuna mangrupakeun penerus kahirupan. Lamun di gerenerasi penerus basa Sunda kitu nasibna, kabaca kumaha piengkeuenana. Eta teh lain ukur di urang, di daerah sejenna oge kitu. Can deui mahabuna basa gaul atawa basa alay, milu ngadeseh basa daerah.
Dunya atikan, enya sakola tea, geus puguh basa daerah asup kana mulok (muatan lokal) nu can tangtu jadi mata pelajaran di sakola lantaran aya mulok-mulok sejen nu boa dianggap leuwih penting. Dina rarancang Kurikulum 2013 nu ayeuna keur diuji publik, kanyahoan pangajaran basa daerah rek dileungitkeun. Padahal pangajaran basa daerah mangrupakeun hiji tarekah tina mangpirang-pirang tarekah pikeun terus miara kamekaran basa daerah. Memang kamekaran basa daerah teu gumantung kana aya henteuna dina kurikulum, tapi tetep kudu ditingali tina jihad perhatian jeung politik kana eksistensi daerah, lain saukur basa daerahna. Ku arek dileungitkeunana pangajaran basa daerah tina kurikulum kudu ditapsirkeun:
1.        Perhatian pamarentah kana kamekaran jeung kalestarian basa daerah teh mun kitu mah bisa disebutkeun teu daria, bisi salah ari disebutkeun euweuh pisan mah. Hal ieu masih bisa dianggap leuheung lantaran urang daerahna bisa nyieun rupa-rupa tarekah pikeun tetep ngamekarkeun jeung ngalestarikeun basa daerah.
2.       Ku dileungitkeunana pangajaran basa daerah tina kurikulum, boa-boa miboga maksud jeung tujuan nu kurang lempeng. Sing inget, basa daerah teh identitas jeung pameungkeut kadaerahan. Boa-boa pamarentah memang boga maksud lalaunan ngaleungitkeun identitas jeung pameungkeut kadaerahan sangkan nu disebut panatisme kadaerahan bisa leungit. Rea wacana nu nyebutkeun yen panatisme kadaerahan geus nimbulkeun pacengkadan nu ngancam persatuan nagara. Padahal pacengkadan nu kentel panatisme kadaerahanana dilantarankeun ku teu adilna pamarentah pusat ka daerah-daerah. Lain lantaran panatisme kadaerahanana. Ti baheula ti jaman nini dogeng aki dogeng eta teh kitu. Ieu nu asup gawat mah.
Matak, lamun aya jama nu nyebut kajeun cenah pangajaran basa daerah teu asup kurikulum ge, sarta nganggap nu merjuangkeun pangajaran basa daerah asup kurikulum 2013 teu percaya diri, eta salah. Enya lamun ningali penapsiran nu kahiji di luhur mah. Tapi lamun saenyana tujuan pamarentah saperti penapsiran nu kadua? Cik, rek kumaha? Akar kadaerahan mimitina tina pangajaran basa daerah rek dileungitkeun tina kurikulum, jelas-jelas rek ngabasmi kadaerahan tina akarna. Urusanana ngajak ngesang pan eta mah.
Ku kituna, dina momentun Pangeling-ngeling Basa Indung Sadunya ayeuna, alus pisan lamun urang sarerea, utamana urang Sunda, eungeuh deui kana pentingna make basa Sunda. Eta teh identitas urang Sunda. KTP-na urang Sunda. Wajib tetep dipake, diajarkeun ka anak-anak urang, sarta teu kudu ngarasa kagok make basa Sunda najan jeung pendatang nu lain urang Sunda. Urang Bandung, Bogor, Tangerang, Bekasi, jeung wilayah sejenna nu kaasup ka Tatar Sunda, komo urang pilemburan mah, ulah elehan salaku pribumi nu santun. Keun pendatang nu kudu diajar basa Sunda ari harayang hirup di urang mah.
Kacintaan urang kana basa Sunda, moal deuk ngancam kana persatuan jeung nasionalisme Indonesia. Teu kudu ngarasa eleh gengsi lamun make basa Sunda. Samalah kudu ngarasa reueus bisa ngariksa basa Sunda hartina mertahankeun kabhinekaan Indonesia. Tarekah-tarekah birokrasi, akademik, politik, budaya, sastra, sosial jeung seni nu bisa ngalestarikeun basa Sunda nepika ahir jaman kudu tetep digederkeun ulah nepika paeh kaolo gareng ku pihak-pihak nu pikiranana cupet, najan eta sakelas mentri atawa pamarentah.
Muga-muga dina pangeling-ngeling Basa Indung Sadunya ayeuna urang bisa leuwih nguatan basa Sunda. Nembongkeun kacintaan kana basa Sunda ku tetep make basa Sunda. Prung!***
Februari 2013.



PUSTAKA SUNDA

1. Carita Misteri
Aan Merdeka Permana.
2. Menak Baheula
Ki Umbara
3. Misteri Gunung Koromong
Aan Merdeka Permana




Mapag Poe Basa Indung Internasional

(21 Februari)

NYIEUN GERAKAN PULITIK JEUNG INTELEKTUAL KEUR NGALESTARIKEUN BASA INDUNG
Ku : Ena Rs.

AWALNA tina pangangken kana Poe Gerakan Basa nu dipieling tiap tanggal 21 Februari di Bangladesh, UNESCO satuluyna netepkeun tanggal 21 Februari salaku poe basa indung internasional. Memang, di urang teu pati loba nu apaleun kana pangeling-ngeling ieu. Tapi urang perlu mere apresiasi saluhur-luhurna ka UNESCO nu geus ngarasa prihatin ku nasib basa indung di sakuliah dunya. Sabab tujuan ditetepkeunana unggal tanggal 21 februari pikeun pangeling-ngeling basa indung internasional teh, nyaeta sangkan urang sadar kana pentingna basa indung salaku kabeungharan warisan budaya nu boga kaaripan di tiap tempat. Urang apal, ti waktu ka waktu basa indung di tiap tempat nasibna beuki pikahariwangeun wae. Beuki ditaringgalkeun,  malah geus rea nu punah.
Basa indung teh basa nu pangheulana diajarkeun ku kolot (indung jeung bapa) ka barudakna. Basa indung mangrupakeun basa munggaran dipikawanoh ku barudak. Basa indung nu aya di hiji tempat ngandung roh kabudayaan nu ngawangun mentalitas hiji suku bangsa. Langgengna hiji basa indung hartina langgeng oge kabudayaan di hiji tempat. Sabalikna, leungitna hiji basa indung ngandung harti leungitna kabudayaan di hiji tempat. Basa teh soko guruna hiji kabudayaan.
Di urang, basa indung teh nya basa Sunda. Ti barang borojol urang ditimang ku kolot teh make basa Sunda. “Nelengnengkung, nelengnengkung, geura gede geura jangkung, geura sakola ka Bandung, jst...” Eta kawih panimang nu sering digerendengkeun ku indung urang. Lain sakadar kawih, tapi ngebrehkeun harepan nu jadi indung ka anakna nu hayang geura gede tur manggih kahirupan nu hade. “Geura sakola ka Bandung..” Nepi ka ayeuna Bandung masih tetep jadi barometer pendidikan nu dipikareueus ku hiji kolot lamun anakna bisa sakola (kuliah) di paguron luhur di kota Bandung. Bisa jadi kawih eta nyerep kana alam bawah sadar urang ti keur orok keneh. Bandung salaku puseur kasundaan geus digerendengkeun ku kolot-kolot urang ti leuleutik, nu mere harti hiji harepan sangkan urang tetep nyunda, nu diantarana urang kudu tetep micinta basa Sunda salaku basa indung suku Sunda.
Sangkilang kitu, nasib basa Sunda ayeuna bener-bener pikahariwangeun. Rea urang Sunda nu ngahaja teu make basa Sunda ka anakna nu karek borojol. Najan maranehna masih make basa Sunda tapi ka anakna mah ari ngajak ngobrol teh ku basa Indonesia. Lalandian keur kolotna oge populer keneh sebutan “ayah” keur bapana, atawa “mama”, “bunda” keur indungna, batan “bapa” atawa “imih”, “ema”. Harianeun basa obrolan nu sejenna beak koredas make basa Indonesia. Lain di kota-kota wae eta teh, di pakampungan oge keur meuweuh saperti kitu. Lamun di kota alesanana lantaran heterogenna  suku bangsa nu hirup di lingkunganana, di pakampungan mah lantaran ngarasa gaya, reueus, mun ngajak ngobrol ku basa Indonesia, sanajan sakabeh nu hirup di lingkunana teh urang Sunda.
Basa Sunda, saperti oge nasib basa indung sejenna, bener-bener dikepung ku beuki populerna nu make basa Indonesia. Mun bareto mah di Tatar Sunda basa Indonesia teh ukur jadi basa pendidikan, basa paelmuan,  basa pamarentahan jeung bahasa persatuan, sedengkeun basa pergaulan mah masih rea keneh ku basa Sunda, ayeuna mah kaayaanana geus beda. Sabaraha persen deui urang Sunda nu tetep make basa Sunda? Taya data nu pasti, tapi ku beuki heterogenna masarakat, memang basa Sunda beuki kaleledkeun. Sakuduna kaum pendatang ti luar Jawa Barat teh sina bisa basa Sunda, nu kajadian urang kalah ngelehan dina gaul jeung maranehna teh ku make basa Indonesia.
Encan deui pangaruh kota Jakarta ka daerah-daerah sabudeureunana saperti Bekasi, Bogor, Depok, jeung Tangerang. Di daerah-daerah eta basa Sunda bener-bener ancur, kadeseh ku basa Indonesia lantaran mobilitas masarakatna nu Jakartasentris sarta heterogen masarakatna nu ampir imbang antara pendatang jeung pribumi. Sedengkeun Bandung salaku puseur Sunda teu bisa jadi conto pikeun ngalanggengkeun basa Sunda sangkan tetep diparake ku masaraktna dina kahirupan sapopoe. Tinggal sabaraha persen urang Bandung nu marake basa Sunda? Nyebut angka 50 persen deui ge kuring ngarasa hangham.

Padahal Aya Aturanana
Geus kaayaanana kitu, pamarentah oge jiga nu teu sapinuhna dina ngadukung pikeun ngalestarikeun hirupna basa indung. Di dunya atikan, di sakolia-sakola, pernahna pangajaran basa Sunda asup kana muatan lokal nu teu pati meunang perhatian kalayan daria. Ukur jadi aksesoris. Ayeuna, dina rarancang kurikulum anyar nu keur diuji publik, pangajaran basa daerah bener-bener rek ditumpes nepi ka akar-akarna. Padahal pangajaran basa Sunda di sakola-sakola teh hiji-hijina pilar nu kacida pentingna dina tarekah ngalestarikan basa Sunda, utamana di kalangan barudak. Ayeuna rek dileungitkeun tina kurikulum, sarua we jeung maehan tina beuheungna. Sangkilang basa Sunda ayeuna jadi pangajaran di sakola-sakola, nasib basa Sunda sakieu pikahariwangeun kieu. Komo lamun henteu jadi pangajaran di sakola-sakola, kumaha teuing pikahareupeunana? Mangsa pikahareupeun basa Sunda nu surem.
Padahal mah teu kurang-kurang aturan nu geus dijieun pikeun ngalestarikeun basa Sunda teh. Aya Perda no. 6 / 1996 ngeunaan pelestarian basa Sunda, dikuatan ku SK Gubernur Jabar no. 434/SK.614-DIS.PK/99 nu dumasar kana Kepres no. 082/B/1991 ngeunaan perlindungan jeung pembinaan basa daerah. Perda no. 6 / 1996 dikuatan deui ku Perda no. 5 / 2003 ngeunaan miara basa, sastra jeung aksara Sunda. Tina aturan-aturan eta sabenerna mah pamarentah Jawa Barat geus boga landasan nu kuat pikeun nyieun kabijakan dina ngalestarikeun basa Sunda, misalna wae ngawajibkeun pejabat-pejabat Jawa Barat ngagunakeun basa Sunda dina satiap pasamoan nu resmi, basa Sunda dijadikeun basa dina pelayanan publik, nguatan jurusan pendidikan basa Sunda di UPI jeung di UNPAD, mere insentif ka penerbit nu daek nerbitkeun buku-buku Sunda, mere pelatihan ka guru-guru basa Sunda, ngayakeun kagiatan-kagiatan nu nyegerkeun jeung ngahudang kasadaran masarakat ngeunaan pentingna ngangunakeun basa Sunda, jrrd kabijakan nu bisa dijieun. Hanjakal dina palebah dieu mah Pemda Jabar nu sabenerna boga tanggung jawab dina maju mundurna basa Sunda, taya gadag. Masing disebut taya perhatian nu daria ge da saenyana kitu.
Memang lain ukur Pemda Jabar nu boga tanggung jawab dina ngalestarikeun basa Sunda teh, dipikabutuh oge kadariaan ti kalangan akademisi jeung masarakat nu teu satengah-satengah. Basa Sunda teh identitas Jawa Barat nu kacida pentingna. Salaku basa indung, lamun teu bisa dilestarikeun, leungit oge salah sahiji identitas Jawa Barat. Saperti disebutkeun di awal, basa Sunda oge teh ruh tina kabudayaan Sunda. Dina harti, leungitna basa Sunda leungit oge kabudayaan khas Sunda. Tanda-tanda yen kabudayaan Sunda mimiti leungit nya tina mimiti ditaringgalkeunana basa Sunda. Engke lain basa Sunda wae nu ditaringgalkeun teh, tapi bagian-bagian sejen tina kabudayaan Sunda saperti seni Sunda, tatakrama Sunda, arsitektur Sunda, jsb – nu memang kabuktian eukeur jeung enggeus ditaringgalkeun ku urang Sunda.

Perlu Gerakan Pulitik jeung Intelktual
Lamun aturan-aturan nu disebut di luhur kurang kakuatan pikeun ngahudangkeun tarekah ngalestarikeun basa Sunda, jigana urang kudu nyieun gerakan politik jeung gerakan intelektual sangkan bisa kaluar peraturan husus satingkat undang-undang ngeunaan ngalestarikeun basa indung nu aya di Republik ieu, lain bae basa Sunda. Tingali perangkat desa nu bisa nyieun gerakan ngadesek DPR pikeun buru-buru ngesahkeun undang-undang desa nu diantara pasal-pasalna ngajentrekeun yen perangkat desa bakal diangkat jadi PNS. Gerakan eta bisa disebut hasil sabab ayeuna UU Desa geus asup kana tahap pembahasan di DPR.
Ngan samemehna, kudu aya sababaraha organisasi komunitas nu mikanyaah kana basa indung. Misalna wae, guru-guru basa Sunda nyieun organisasi samodel paguyuban guru basa Sunda sa-Jawa Barat, pangarang nyieun paguyuban, akademisi (kalangan paguron luhur) nyieun organisasi  nu mikanyaah kana basa indung, masarakat oge nyieun organisasi nu ngalestarikeun basa indung, kalangan pers oge nyieun organisasi nu husus ngupayakeun tarekah ngalestarikeun basa indung, jrrd. Di daerah-daerah luar Jawa Barat oge kudu nyieun organisasi samodel kitu. Moal pati hese lamun geus boga persepsi nu sarua mah. Lamun geus kitu, hartina kakuatan geus aya, tinggal nyieun aksi pulitik jeung intelektual.
Aksi pulitikna ngahimpun kakuatan nu aya pikeun ngayakeun demo ka DPR jeung Pamarentah sangkan nyieun UU perlindungan basa indung nu leuwih husus sarta boga kakuatan ka pamarentah daerah sakuliah Indonesia sangkan ngalestarikeun basa indung. Gerakanana tangtu moal cukup ku sakali. Gerakan intelektualna ku cara nyieun draf usulan UU Perlindungan Basa Indung nu aya di Indonesia sarta diusulkeun ka DPR jeung Pamarentah. Saterusna ngalobi pamarentah jeung anggota Dewan sangkan boga perhatian nu daria kana hirup huripna basa indung.
Ulah pesimis, tarekah kitu pasti bisa dilakonan ku urang. Komo lamun organisasi-organisasi nu mikanyaah kana basa indung geus dianggap hiji kakuatan nu solid, DPR jeung Pamarentah ge bakal merhatikeun satiap aspirasina. Teu kudu hariwang dimangpaatkeun ku maranehna. Nu penting urang kudu bisa maen cantik. Naon nu dipikahayang ku urang sangkan basa indung bisa lestari, lain mustahil bisa kahontal. Nu diperlukeun ku urang, terus nyieun tarekah ngoordinasi, nyaruakeun tarekah jeung sakabeh pihak nu mikanyaah kana kalestarian basa indung. Basa Sunda, basa Jawa, basa Bali, basa Lampung, jrrd nu aya di Indonesia boga hak pikeun hirup nepika isukan sarta bakal mawa mangpaat keur balarea. Salaku kabeungharan budaya Indonesia, basa Indung wajib hukumna pikeun dilestarikeun. Prung!***
 
CARITA NYAMBUNG (CARNYAM)


                                                    LAYUNG SORE LANGIT RANCAH

                                                                                                  Carnyam:  Ena Rs.



“MANI asa dina sinetron ieu teh...” Cek Indra, mesem. Tapi Wina apal di satukangeun ucapan jeung mesemna Indra, maknana sarua wae: sinis!
“Asa dina sinetron kumaha, Dra?” Cek Wina nanya. Lain teu ngarti, tapi tamba taya piobroleun we eta mah.
“Enya, aya wanoja ti desa kuliah ka Bandung, geus jadi sarjana mulang ka desa. Padahal nu nawaran gawe aya, lain lelewodeh nu nawaranana ge ti Bank Mandiri, tapi ditolak...kalah milih mulang ka lembur, rek babakti ka lembur. Bener-bener asa dina sinetron bijilan ti Multivision Plus...” Cek Indra deui.
Wina ngarenghap. Aya nu ngaheab dina dadana. Tapi buru-buru dipareuman. Taya gunana dilawan ku emosi. Leuwih hade diladenan ku kasabaran, ku basa nu leuleuy. Sangkan caina herang laukna beunang.
“Eta wanoja teh ngaranna Wina Daniati, nya?” Wina imut.
“Enya.”
“Dra....” Sora Wina leuleuy. “Taya salahna sanes upama Wina rek babakti ka lembur sorangan?” Wina mencrong beungeut Indra.
“Memang, taya nu salah. Tapi peluang ningkatkeun hirup di lembur jeung di kota jauh mela-melu, ibarat bumi jeung langit...” Emosi.
“Ah, Indra mah jiga nu apal wae.... Indra mah urang kota saratus persen, moal apal kumaha pilemburan jaman ayeuna. Pilemburan ge maju ayeuna mah, Dra..”
“Tapi moal samaju di kota...”
“Atuh jelas eta mah, Dra. Kota jeung pilemburan memang beda. Tapi kumaha jalmana. Rea jalma nu di kota ge teu bisa ngamekarkeun kahirupanana. Tapi sabalikna rea urang pilemburan ge nu malotekar alahbatan urang kota... Maranehna jalma nu luar biasa, dina pasilitas nu teu salengkep di kota tapi hirupna bisa maju...”
Indra rek calangap deui, ngadu argumen deui, tapi buru-buru ditempas ku Wina: “Tos, Dra, taya gunana urang pacental-cental soal ieu. Wina geus buleud rek mulang ka lembur, ngarintis hirup di lembur. Indra nyaah ka Wina meureun ngarti ieuh. Mun teu nyaah ka Wina, terserah Indra eta mah....” Mungkes. Telak pisan.
Indra neuteup seukeut. Wina males paneuteupna, teuneung. Najan manehna kacida nyaahna ka ieu lalaki, tapi manehna leuwih nyaah ka lemburna. Aya rencana nu hayang dibuktikeun, geus lila dipikiran, diutah dibeuweungkeun. Geus lain mangsana manehna mikir deui atawa menta kamandang ti Indra. Geus mangsana action ayeuna mah. Action! (nyambung)


BARAKATAK GAPURA

IMIGRAN GELAP

"Kumaha ciri-cirina imigran gelap?"
"Teu bogaeun pasport"
"Salah."
"Naon atuh?"
"Hararideung. Pan imigran gelap disebutna ge."

SURPLUS
Turis asing : "Naon nu nuju surplus di Indonesia"
"Korupsi!" 

SINGA HIBER
"Di Indonesia mah aya singa bisa hiber."
"Lahuta teuing lah..."
"Jeh bener...Lion Air...pan bisa hiber nya?"

MABOK

"Cuang mabok yu!"
"Hayu....nginum naon?"
"Ah naha nginum, cuang naek mobil we...."
"Euh, eta mah mabok dina kendaraan atuh.."  

 




  

0 Response to "GAPURA EDISI 02 - 2013"

Post a Comment