GAPURA
|
02
|
Maret 2013
|
WILUJENG
TEPANG DEUI BARAYA SUNDA,
KUMAHA
WARTOSNA?
BARAYA SUNDA, WILUJENG TEPANG
DI MAJALAH SUNDA ONLINE GAPURA.
ALLHAMDULILLAH
Majalah Sunda Online Gapura tiasa nepangan deui baraya Sunda dina edisi nu
kadua. Saentos kasibukan pilgub, kumaha wartosna baraya Sunda sadaya? Muga-muga
tetep talengtrem. Najan pilihan urang beda-beda luyu jeung karesep oge
pertimbangan-pertimbangan sejenna, tapi urang tetep hiji salaku urang Sunda.
Baraya
Sunda, perhatian kana media online, hususnya kana majalah online Gapura,
alhamdulillah geuning sae. Aya 716 urang nu muka ieu blog. Kanggo ukuran blog
enggal mah kalebet lumayan. Hatur nuhun, hartosna urang masih micinta kana basa
Sunda.
Wilujeng
ngaos majalah Sunda Online Gapura edisi kadua ieu.
SUMANGGA!
RUMPAKA
MAJALAH SUNDA ONLINE GAPURA:
Pamedal:
enarusyana’s blog.
Panaratas:
Ena Rs.
Pupuhu
Rumpaka: Ena Rs.
Kontributor: Heni Sumarni (Pandeglang, Banten).
Alamat
blog: http://majalahsundaonline.blogspot.com
Email:
enarusyana@gmail.com
Facebook:
majalah sunda online Gapura
Alamat
kantor rumpaka: Ena Rs, Dusun Sidamulya Dese Bojonggedang
Rancah
46387.
Rumpaka Majalah Sunda Online GAPURA nampi sumbangan seratan
mangrupi carpon, sajak, fiksimini, humor sareng sajabina. Mangga kintunkeun ka
email rumpaka atanpi dikintun via pos ka alamat kantor rumpaka.
SAJAK
HENI SUMARNI
(HENI
SUMARNI, ibu rumah tangga, asal Bandung ayeuna nganjrek di Pandeglang Banten)
RUMANGSANG HANDAPEUN LANGIT SERANG
Rema rema meulit euforbia, jerit leutik katiruk cucuk.
Patulayah nanah maseuhan bayah
Nenggak hegak
basa
nanjak ngejah anak tangga ninggalkeun loby
Aya timburu kana redesan panto nu parireu
Aya amparan malati
Aya aweuhan
Aya timburu kana redesan panto nu parireu
Aya amparan malati
Aya aweuhan
Pirang
pirang sawara sugema
Aya heneg hanjelu nepika ayeuna.
Aya heneg hanjelu nepika ayeuna.
NEUTEULI
Iraha rek deui, ngasag sesa sesa jentreng kacapi dina lalancip congo peuting.
Sedeng cihujan kapalang suub maseuhan bilik.
Guntreng kapan geuning urang anteng madungdeng silih jugjugan lebahmana randegna rasa.
Hayang teuing malik maksa, ka anjeun nu kungsi ngajak ngabungbang na poek bulan.
Ngajak ngarompesan rarawisan balandongan,
Ngajak ngaleledan reregan rurub gamelan, ngajak mungkas pragmen sababak sina wekasan
Ku tega
Ngantunkeun cileuncang sesa girimis
ngantunkeun cakcak sisirig tungtung lalangit.
Anjog dugi ruruhit wanci.
Dunungan, hampura mun ieu hate masih miati
Anjog dugi ruruhit wanci.
Dunungan, hampura mun ieu hate masih miati
GEHGERAN
Asa parimpen merenan rindat saliwat, tapi bet angger kaiwat.
Piwarang saha ngajuringkang neundeun tataheunan....tuluy ngawurkeun tibelat.
Caliweura ieu rasa hihidengan ngagurit rumpaka sabaraha pada
Dialokan engang jeung padalisan....patembalan aweuhan.
Rek diantep ieu heherang mata, sina mancawura dina sajak nu pabalatak
tuluy bebeakan mangloh.... pedah geuning bagja teh ukur sawates kalangkangna.
Atawa rek sina kapahung ieu rasa diantep kasarung.
saru neangan jalan keur mulang.
kuring nu leungiteun paturon sorangan.
MOZAIK
Lungse raracik
Paul kulawu kayas kasumba
Naturalisme Romantisme, kateuing ah gati!
Kur ngelemeng da
Pulas anjeun ririakan hese kapigura.
KACANTU
Atawa mengpar tuhu, atawa salah naktu
Jemplang hujan bodas lalayaran
Dengkleung keueung kidung nineung
Jeung sit uncuing jeung kacapi suling
Antare mapayan usum
Saban mamareng saban ngatiga
Aah....! dugika iraha.
NGAPRAK
Pasawahan Bangong Terus Ngagolosor

“Di
dieu mah, teu kaop hujan badag, petakan teh parindah ka landeuh, “Cek Darka nu
boga sawah di Bangong basa ditepungan ku nu nulis. Harita oge manehna keur
ngomekeun petakan nu rempag lantaran peutingna tas hujan badag. Mangkaning
parena teh keur sumedeng beukah. Atuh rea parena nu ruksak. Untung lamun
rempagna teh kana sawah nu manehna-manehna keneh, lamun rempag kana sawah batur
mah sok rada barabe, ngomeanana oge kudu apik. Tara cenah ari jadi pasea mah da
sarerea oge kondisi sawahna saperti kitu.
Kondisi
pasawahan Bangong nu kitu teh lantaran taneuhna ngandung lempung jeung batu.
Tereh ledok mun dicaian jeung tereh teuas mun kagaringan. Tapi lantaran rea
batuan tea, taneuhna teu pati padet, rea garonggongan handapeun sawah. Sahingga
mun cai gede mah remen petakan-petakan teh rempag. Saleuheung mun rempagna mun
leutik, aya aturan sapetakan rempag kabeh kapalidkeun ku cai hujan. Ti waktu ka
waktu bentuk sawah di Bangong mah robah-robah.
Sanajan
kitu, patani nu ngagarap pasawahan Bangong teu ieuh jadi kapok atawa pundung.
Da enya najan remen ngomekeun galengan atawa petakan nu rempag tapi hasil panen
parena kacida nyugemakeun. Tina saratus bata lega sawah teh rata-rata
ngahasilkeun 8 kintal nepika satonna.
“Tebih
lah upami dibandingkeun sareng hasil panen ti sawah sanes nu aya di Desa
Bojonggedang mah. Di nu sanes mah 8 kintal tina saratus bata teh kalebet sae
kacida. Upami di Bangong mah 8 kintal teh kalebet hasil panen nu goreng. Tapi
sagoreng-gorengna panen di Bangong masih kalebet untung keneh, “cek Darka
ngajentrekeun. Salianti babari ngagarapna lantaran tereh ledok, oge teu pati
jahat gemuk. Taneuhna nu lendo, unsur harana oge rea keneh, teu pati merlukeun
gemuk pabrik. Beda jeung pasawahan sejen nu kudu kaasuh ku gemuk lamun hasilna
hayang alus. Atuh mun sawah Bangong mah rata-rata biaya ngagarapna teh kaitung
murah, sawah nu sejen mah bisa disebut mahal. Teu aneh najan rada barabe dina
ngomean galengan atawa petakan nu rarempag ku cai hujan, rata-rata patani terus
ngeureuyeuh lantaran memang hasilna mucekil.
Tas Dirincik Aya nu
Tanahna Ngurangan
Taun
2011 nu kaliwat, pasawahan Bangong dirincik deui ku BPN (Badan Pertanahan
Nasional) Kabupaten Ciamis. Satadina oge geus disawang wates-wates sawah teh
bakal robah. Barang diukur, enya we. Aya nu sawahna ngalegaan teu luyu jeung
letter C,utamana nu beulah tonggoh, sedengkeun nu di landeuh jadi ngurangan.
Nya dina ngarincik harita wates-wates sawah teh dibenerkeun deui. Nu tadina
saanu bata barang diukur geus leuwih ti sakitu, dipulangkeun deui jadi
kaasalna, ditangtukeun wates-watesna, luyu jeung catetan nu aya dina letter C.
“Tuh
nu beulah ditu, di palebah pasarean mah diukurna teh ti tonggoh heula, wates
teh jadi pageser-geser ka beulah tonggoh. Tadina remen rempag nu enak mah di
tonggoh beuki ngalegaan, nu di landeuh beuki heureut. Komo nu deukeut walungan
mah, ti tonggoh kasedekeun, ti landeuhna arurug kana walungan. Untung we aya
rincikan... “cek Darka bari nuduhkeun ka beulah tonggoh.
Najan
kitu, cenah nu panglandeuhna mah, nu sisi walungan, lega sawahna teh teu bisa
saasal saperti nu kacatet dina letter C. Da enya tanahna urug ka walungan,
piraku rek ngaku walungan mah. Atuh nu dirobahna teh letter C-na. Untungna
tumarima, dalah dikumaha sakitu ayana. Untung aya rincikan ge, nu nguranganana
teu lega teuing da ari wates ti beulah tonggoh mah dibenerkeun.
Tapi
nurutkeun panitenan Darka mah cenah pasawahan Bangong teh jiga kabeh
ngagolosor, lain ukur rarempag petakan. “Buktina mah itu tangkal caringin nu
aya di sisi sawah pangtonggohna bareto mah pas pisan dina tutugan Cigawir. Ari
ayeuna mah pan geus jauh tina tutugan Cigawir. Matak cek Mamang mah unggal taun
ge Bangong mah terus ngagolosor saeutik-saeutik. Taun 86 mah pan di tengah
pasawahan teh ujug-ujug aya sawah nu muncugug kana lima meterna, jadi jiga
pasir leutik. Ti tonggoh ngagolosor, ari ti landeuhna cicing, antukna palebah
dinya eleh taneuhna jadi naek....” Darka ngajentrekeun.
Ngagolosorna
pasawahan Bangong harita kungsi meh jadi mamala ka lembur Cipasang nu pernahna
ngawates ti beulah wetan. Lembur Cipasang oge milu katarik, rea imah jadi
barejad, jalan jadi ngagejlug, kebon urug. Untungna kajadian kitu teh ngan
harita-haritana. Najan Bangong ayeuna terus ngagolosor, tapi teu jadi bencana
ka tempat sejen.
Najan
kitu harga sawah Bangong mah kaasup mahal. Perbatana bisa nepika 400 rebu.
Padahal akses jalan ka Bangong mah kaasup tarahal. Taya jalan gede nu bisa
diliwatan ku mobil. Kungsi aya jalan nang proyek Padat Karya tapi taya mobil nu
wanieun make da puguh pudunan ti sisi lembur Panyemprongan teh kacida
nyuksukna.
“Kapungkur
mah nuju anyar keneh jalanna, motor-motor mah sok dugi ka landeuh. Tapi ayeuna
mah saentos batuna patulayah, taya nu wanieun deui. Nu nyarandak motor teh
ditarunda di Cigawir,” cek Darka deui. Ari Cigawir teh pernahna tonggoheun
pasawahan Bangong. Surup jeung ngaranna memang gawir lungkawing. Jalan ka
Bangong ge malipir lamping Cigawir. Mantak leklok tuur mun pareng hanjat mulang
ti Bangong mah. Mangkaning panjang tanjakanana leuwih ti saratus meter.
Rea nu Ngendong Mun
Usum Panen
Mun
seug pasawahan Bangong keur usum panen, peutingna sok rea nu ngarendong di
saung sawah. Salianti nungguan pare, cek Darka mah batan pulang anting bari
awak keur cape, mending ngendong di Bangong. Matak sok rada haneuteun. Resep
cenah, asa mulang ka alam baheula.
“Mantak
saung di Bangong mah rea nu jiga imah leutik. Make bilik jeung panto sagala. Di
jerona aya paragi sare, lengkep jeung alat-alat keur barang asakan, “ cek Darka
deui bari nepak saung nu manehna nu memang jiga imah leutik, buni mantak betah
dipake cicing. Pan ilaharna saung sawah mah ukur make hateup jeung talupuh keur
diuk, tara buni. Saung di Bangong mah enya baruni. Eta teh ngahaja sangkan ari
usum panen bisa dipake ngendong.
Sangsarana
usum panen di Bangong lamun geus bagian ngakut pare ka imahkeun. Sabab
pasawahan Bangong jauh ka jalan nu bisa dipake ku mobil, atuh kapangksa karung
pare teh dipanggulan ka tonggohkeun, ka Cigawir. Ayeuna mah leuheung cenah aya
motor tarabas nu bisaeun nepika landeuh, sok diburuhkeun sina diangkut kana
motor tarabas. Ari motor tarabas teh nyaeta motor nu geus dimodipikasi sangkan
bisa ngaliwatan jalan nu tarahal atawa nanjak. Banna oge sok dipasangan rante
sangkan bisa ngaliwatan jalan nu ledok. Najan kitu angger we pare karung pare
teh kudu rada dipanggulan komo nu sawahna aya di tengah-tengah mah.
Usum
macul angger sok ngarendong di saung sawah. Komo nu imahna jauh mah. Darka wae rek
ka Bangong teh leumpang heula aya kana sajamna. Tanaga ge beak ku leumpang.
Mantak mending ngendong.
“Tuh,
itu mah sanes saung, bumi itu mah...” Darka nuduhkeun ka palebah saung nu
tembong pangbadagna di beulah landeuh. Cenah itu teh urang Samarang Tambaksari,
lalampahan sajam mun tumpak motor ge ti lemburna teh bari teu nepi ari ka
pasawahanana mah. Nu boga saung eta mah ti panen nepika macul deui, parat
nepika ngarambet, tara mulang ka lemburna. Keur mah sawahna lega, meureun
barabe mun kudu pulang anting. Aya kana 3 bulanna cicing di Bangong. Beres
ngarambet karek sok mulang ka lemburna.
Keur Disurvey ku
Pertamina
Di
sababaraha tempat nu nulis manggihan patok awi nu make pita biru-beureum. Basa
ditanyakeun ka Mang Darka horeng eta patok teh nu masangna Pertamina.
“Nuju
aya survey ti Pertamina...” cek Mang Darka. “Milari kandungan minyak... Tos aya
dua sasihna eta patok-patok teh. Nyebatna mah bade dibor ditaliti susuganan aya
minyakna...”
Cek
katerangan, tempat nu disurvey ku Pertamina bakal meunang ganti rugi. Tapi
sabaraha gede ganti rugina tacan pasti sabab karek aya patok-patok wungkul. Nu
boga sawah di Bangong oge teu ngoretkeun mun enya rek disurvey ku Pertamina
sarta puguh ganti rugina mah. Malah rea nu ngarep-ngarep di Bangong teh enya
aya kandungan minyaknya.
“Mun
enya di Bangong aya minyak nu dibor ku Pertamina, atuh susuganan we meunang
ganti rugi nu badag. Lumayan rek dibeulikeun sawah nu deukeut ka imah,” cek
Darka bari ngaheheh.
Salinti
eta pan meureun bisa muka lapangan gawe. Darka oge boga anak nu sok usaha ka
Jakarta. Mun di Bangong aya pertambangan minyak mah sugan we bisa gawe di
petambanganana, jadi naon we nu penting teu kudu jauh usaha, kitu angen-angen
Darka. Jigana nu sejen ge meureun kitu.
Rea nu Ngebon
Albasiah, Debit Cai Ngurangan
Basa
nu nulis mulang ti pasawahan Bangong wanci geus meh tangage. Kabeneran panggih
jeung Rurah Panyemprongan, Enceng Ranta. Ditanyakeun soal patok-patok nu make
pita, Rurah Enceng ngaenyakeun eta patok dijieun ku Pertamina nu rek survey
kandungan minyak. Cenah samemeh der ngebor pikeun mastikeun aya henteuna
kandungan minyak di Bangong, bakal aya sosialisasi heula ka masarakat nu boga
sawah di Bangong, ngan waktuna can pasti.
Kapapanjangan
ngobrol bras kana pasualan pasawahan Bangong. Cek Rurah Ranta pasawahan Bangong
teh lain saukur nyanghareuapan masalah sering rarempagna petakan sarta
ngagolosor ka beulah landeuh, tapi oge sual debit cai keur nyaian sawah. Ti
taun ka taun debit cai di Bangong beuki ngurangan. Rea sawah nu beulah tonggoh
robah pungsi jadi kebon lantaran teu kabagian cai. Da enya pasawahan Bangong
mah ngandelkeun ciliang jeung cai hujan. Aya walungan di landeuh pan pernahna
handapeun sawah, dibendung oge moal hade.
Salah
sahiji cukang lantaranana teh lantaran beulah tonggohna beuki rea nu ngebon
albasiah. Sipat tangkal albasiah teh tereh gede, 5 taun ge bisa dijual, tapi
kacida kuat dina ngonsumsi cai. Jadi, cai nu sakuduna moyor kana ciliang teh
rea kasedot ku tangkal albasiah. Halodo saminggu ge cenah sawah Bangong mah
kagaringan ayeuna mah. Padahal baheula mah memeh rea nu ngebon albasiah cai di
Bangong teh teu susah. Halodo ge kuat keneh nyawah. Ayeuna mah bororaah. Kitu
cek katerangan Rurah Enceng.
Adan
lohor kadenge ti jauhna. Nu nulis amitan ka Rurah Enceng. Ngadeger mapay tanjakan
muru ka Cigawir, ninggalkeun pasawahan Bangong. Panon poe moreret. Angin
ngahiliwir. Najan kitu, kesang mani juuh. Enya karasa leklok tuur ge nyorang
tanjakan sakitu netek bari tarahal mah. Teu kabayang nu unggal poe pulang
anting ka Bangong.***
Rancah, 31 Januari 2013.
KOLOM
MIELING
POE BASA INDUNG SADUNYA
(21 FEBRUARI)
Ku : Ena Rs.
MIELING
International Mother Language Day (IMLD) atawa Poe Basa Indung Sadunya satiap tanggal
21 Februari sabenerna geus rada lila diayakeun di sakuliah dunya, kaasup di
urang. Tapi nya kitu, teu pati rea nu apaleun. Ma’lum teu dijadikeun poe pere
jadina pada hare-hare, he he.
Najan
kitu, kacida perluna lamun dina pangeling-ngeling Poe Basa Indung Sadunya
ayeuna, urang neundeun perhatian nu daria. Poe Basa Indung Sadunya nu
diresmikeun ku UNESCO ngapresiasi kana Poe Gerakan Basa di Bangladesh, kacida
karasa pentingna lamun seug ningali nasib basa-basa indung nu aya di sakuliah
dunya. Kurang leuwih aya 7000 basa indung nu aya di sakuliah dunya, 10 persenna
aya di Indonesia (kurang leuwih 700), nasibna sarua: pi-ka-ha-ri-wang-eun!
Basa
indung teh nyaeta basa munggaran nu diwanohkeun/diajarkeun ka barudak ti keur
leutik, ti barang borojol. Basa indung teh di urang mah disebut basa daerah.
Basa Sunda, basa Jawa, basa Bali, basa Madura, basa Aceh, jrrd, eta basa
indung. Pikahariwangeun nasibna, nya? Enya, sabab geus rea nu naringgalkeun
atawa teu make basa indung ku mangpirang-pirang alesan. Nu ngagunakeun basa
indung beuki dieu lain beuki nambah, tapi beuki ngurangan. Lain di kota-kota
gede wae, tapi di kota-kota leutik jeung di padesaan.
Nu
jadi lantaranana di antarana lantaran heterogenna masarakat di hiji tempat, teu
ukur sasuku. Rea nu daratang, dumuk jeung usaha ka hiji tempat nu jolna ti
unggal daerah sejen. Contona di Bandung nu disebut ibu kotana urang Sunda, pan
masarakatna teh ayeuna mah campur: aya Sunda, Jawa, Lampung, Ambon, Batak, jrrd
pagalo jadi hiji. Kajadianana, lain kaum pendatang nu diajar basa Sunda, tapi
kalah urang Sunda nu ngelehan, make basa Indonesia pikeun komunikasi jeung
maranehna. Lila-lila jadi kabiasaan, ngomong basa Indonesia lain jeung
pendatang wae, tapi jeung sasama urang Sunda, malah dibabawa ka imah, jeung
barudak oge ngomong basa Indonesia. Komo nu cicing di kota-kota sabudeureun
Jakarta mah, saperti Bekasi, Tangerang, Bogor jeung Depok, kaayaanana
mangrupakeun duplikat Jakarta. Basa Sunda nasibna nyengled teu dipalire.
Urang
lembur nu bubuaran ka kota, lila di kota ngobrol ala kota, balik ka lembur jadi
gaya make basa Indonesia. Jaman ayeuna nu bubuaran ka kota lain hiji dua, meh
maro, atuh pangaruhna ka urang lembur lain edel-edel. Loba nu pimilueun ngomong
basa Indonesia, utamana barudak ngora. Beuki rea barudak ngora di pilemburan,
angot nu rada deukeut ka kota, karagokeun make basa Sunda, leuwih lancar
ngomong basa Indonesia. Najan enya direumbeuy ku Sunda keneh, tapi hal eta mere
tanda yen basa Sunda mimiti ditaringgalkeun. Lamun basa Sunda mimiti ditaringgalkeun
atawa teu nerap di barudak (ngora) eta tanda yen di mangsa nu bakal datang
riwayat basa Sunda bener-bener pikahariwangeun. Barudak ayeuna mangrupakeun
penerus kahirupan. Lamun di gerenerasi penerus basa Sunda kitu nasibna, kabaca
kumaha piengkeuenana. Eta teh lain ukur di urang, di daerah sejenna oge kitu. Can
deui mahabuna basa gaul atawa basa alay, milu ngadeseh basa daerah.
Dunya
atikan, enya sakola tea, geus puguh basa daerah asup kana mulok (muatan lokal)
nu can tangtu jadi mata pelajaran di sakola lantaran aya mulok-mulok sejen nu
boa dianggap leuwih penting. Dina rarancang Kurikulum 2013 nu ayeuna keur diuji
publik, kanyahoan pangajaran basa daerah rek dileungitkeun. Padahal pangajaran
basa daerah mangrupakeun hiji tarekah tina mangpirang-pirang tarekah pikeun
terus miara kamekaran basa daerah. Memang kamekaran basa daerah teu gumantung
kana aya henteuna dina kurikulum, tapi tetep kudu ditingali tina jihad perhatian
jeung politik kana eksistensi daerah, lain saukur basa daerahna. Ku arek
dileungitkeunana pangajaran basa daerah tina kurikulum kudu ditapsirkeun:
1.
Perhatian pamarentah kana kamekaran
jeung kalestarian basa daerah teh mun kitu mah bisa disebutkeun teu daria, bisi
salah ari disebutkeun euweuh pisan mah. Hal ieu masih bisa dianggap leuheung
lantaran urang daerahna bisa nyieun rupa-rupa tarekah pikeun tetep ngamekarkeun
jeung ngalestarikeun basa daerah.
2.
Ku dileungitkeunana pangajaran basa
daerah tina kurikulum, boa-boa miboga maksud jeung tujuan nu kurang lempeng.
Sing inget, basa daerah teh identitas jeung pameungkeut kadaerahan. Boa-boa
pamarentah memang boga maksud lalaunan ngaleungitkeun identitas jeung
pameungkeut kadaerahan sangkan nu disebut panatisme kadaerahan bisa leungit.
Rea wacana nu nyebutkeun yen panatisme kadaerahan geus nimbulkeun pacengkadan
nu ngancam persatuan nagara. Padahal pacengkadan nu kentel panatisme
kadaerahanana dilantarankeun ku teu adilna pamarentah pusat ka daerah-daerah.
Lain lantaran panatisme kadaerahanana. Ti baheula ti jaman nini dogeng aki
dogeng eta teh kitu. Ieu nu asup gawat mah.
Matak,
lamun aya jama nu nyebut kajeun cenah pangajaran basa daerah teu asup kurikulum
ge, sarta nganggap nu merjuangkeun pangajaran basa daerah asup kurikulum 2013
teu percaya diri, eta salah. Enya lamun ningali penapsiran nu kahiji di luhur
mah. Tapi lamun saenyana tujuan pamarentah saperti penapsiran nu kadua? Cik,
rek kumaha? Akar kadaerahan mimitina tina pangajaran basa daerah rek
dileungitkeun tina kurikulum, jelas-jelas rek ngabasmi kadaerahan tina akarna.
Urusanana ngajak ngesang pan eta mah.
Ku
kituna, dina momentun Pangeling-ngeling Basa Indung Sadunya ayeuna, alus pisan
lamun urang sarerea, utamana urang Sunda, eungeuh deui kana pentingna make basa
Sunda. Eta teh identitas urang Sunda. KTP-na urang Sunda. Wajib tetep dipake,
diajarkeun ka anak-anak urang, sarta teu kudu ngarasa kagok make basa Sunda
najan jeung pendatang nu lain urang Sunda. Urang Bandung, Bogor, Tangerang,
Bekasi, jeung wilayah sejenna nu kaasup ka Tatar Sunda, komo urang pilemburan
mah, ulah elehan salaku pribumi nu santun. Keun pendatang nu kudu diajar basa
Sunda ari harayang hirup di urang mah.
Kacintaan
urang kana basa Sunda, moal deuk ngancam kana persatuan jeung nasionalisme
Indonesia. Teu kudu ngarasa eleh gengsi lamun make basa Sunda. Samalah kudu
ngarasa reueus bisa ngariksa basa Sunda hartina mertahankeun kabhinekaan
Indonesia. Tarekah-tarekah birokrasi, akademik, politik, budaya, sastra, sosial
jeung seni nu bisa ngalestarikeun basa Sunda nepika ahir jaman kudu tetep
digederkeun ulah nepika paeh kaolo gareng ku pihak-pihak nu pikiranana cupet,
najan eta sakelas mentri atawa pamarentah.
Muga-muga
dina pangeling-ngeling Basa Indung Sadunya ayeuna urang bisa leuwih nguatan
basa Sunda. Nembongkeun kacintaan kana basa Sunda ku tetep make basa Sunda.
Prung!***
Februari
2013.
PUSTAKA SUNDA
1. Carita Misteri
Aan Merdeka Permana.
2. Menak Baheula
Ki Umbara
3. Misteri Gunung Koromong
Aan Merdeka Permana
Mapag Poe Basa Indung Internasional
(21 Februari)
NYIEUN GERAKAN PULITIK JEUNG INTELEKTUAL
KEUR NGALESTARIKEUN BASA INDUNG
Ku : Ena Rs.
AWALNA tina pangangken
kana Poe Gerakan Basa nu dipieling tiap tanggal 21 Februari di Bangladesh,
UNESCO satuluyna netepkeun tanggal 21 Februari salaku poe basa indung
internasional. Memang, di urang teu pati loba nu apaleun kana pangeling-ngeling
ieu. Tapi urang perlu mere apresiasi saluhur-luhurna ka UNESCO nu geus ngarasa
prihatin ku nasib basa indung di sakuliah dunya. Sabab tujuan ditetepkeunana
unggal tanggal 21 februari pikeun pangeling-ngeling basa indung internasional
teh, nyaeta sangkan urang sadar kana pentingna basa indung salaku kabeungharan
warisan budaya nu boga kaaripan di tiap tempat. Urang apal, ti waktu ka waktu
basa indung di tiap tempat nasibna beuki pikahariwangeun wae. Beuki
ditaringgalkeun, malah geus rea nu
punah.
Basa indung teh basa nu
pangheulana diajarkeun ku kolot (indung jeung bapa) ka barudakna. Basa indung
mangrupakeun basa munggaran dipikawanoh ku barudak. Basa indung nu aya di hiji
tempat ngandung roh kabudayaan nu ngawangun mentalitas hiji suku bangsa.
Langgengna hiji basa indung hartina langgeng oge kabudayaan di hiji tempat.
Sabalikna, leungitna hiji basa indung ngandung harti leungitna kabudayaan di
hiji tempat. Basa teh soko guruna hiji kabudayaan.
Di urang, basa indung teh
nya basa Sunda. Ti barang borojol urang ditimang ku kolot teh make basa Sunda.
“Nelengnengkung, nelengnengkung, geura gede geura jangkung, geura sakola ka
Bandung, jst...” Eta kawih panimang nu sering digerendengkeun ku indung urang.
Lain sakadar kawih, tapi ngebrehkeun harepan nu jadi indung ka anakna nu hayang
geura gede tur manggih kahirupan nu hade. “Geura sakola ka Bandung..” Nepi ka
ayeuna Bandung masih tetep jadi barometer pendidikan nu dipikareueus ku hiji
kolot lamun anakna bisa sakola (kuliah) di paguron luhur di kota Bandung. Bisa
jadi kawih eta nyerep kana alam bawah sadar urang ti keur orok keneh. Bandung
salaku puseur kasundaan geus digerendengkeun ku kolot-kolot urang ti leuleutik,
nu mere harti hiji harepan sangkan urang tetep nyunda, nu diantarana urang kudu
tetep micinta basa Sunda salaku basa indung suku Sunda.
Sangkilang kitu, nasib
basa Sunda ayeuna bener-bener pikahariwangeun. Rea urang Sunda nu ngahaja teu
make basa Sunda ka anakna nu karek borojol. Najan maranehna masih make basa
Sunda tapi ka anakna mah ari ngajak ngobrol teh ku basa Indonesia. Lalandian
keur kolotna oge populer keneh sebutan “ayah” keur bapana, atawa “mama”,
“bunda” keur indungna, batan “bapa” atawa “imih”, “ema”. Harianeun basa obrolan
nu sejenna beak koredas make basa Indonesia. Lain di kota-kota wae eta teh, di
pakampungan oge keur meuweuh saperti kitu. Lamun di kota alesanana lantaran
heterogenna suku bangsa nu hirup di
lingkunganana, di pakampungan mah lantaran ngarasa gaya, reueus, mun ngajak
ngobrol ku basa Indonesia, sanajan sakabeh nu hirup di lingkunana teh urang
Sunda.
Basa Sunda, saperti oge
nasib basa indung sejenna, bener-bener dikepung ku beuki populerna nu make basa
Indonesia. Mun bareto mah di Tatar Sunda basa Indonesia teh ukur jadi basa
pendidikan, basa paelmuan, basa
pamarentahan jeung bahasa persatuan, sedengkeun basa pergaulan mah masih rea
keneh ku basa Sunda, ayeuna mah kaayaanana geus beda. Sabaraha persen deui urang
Sunda nu tetep make basa Sunda? Taya data nu pasti, tapi ku beuki heterogenna
masarakat, memang basa Sunda beuki kaleledkeun. Sakuduna kaum pendatang ti luar
Jawa Barat teh sina bisa basa Sunda, nu kajadian urang kalah ngelehan dina gaul
jeung maranehna teh ku make basa Indonesia.
Encan deui pangaruh kota
Jakarta ka daerah-daerah sabudeureunana saperti Bekasi, Bogor, Depok, jeung
Tangerang. Di daerah-daerah eta basa Sunda bener-bener ancur, kadeseh ku basa
Indonesia lantaran mobilitas masarakatna nu Jakartasentris sarta heterogen
masarakatna nu ampir imbang antara pendatang jeung pribumi. Sedengkeun Bandung
salaku puseur Sunda teu bisa jadi conto pikeun ngalanggengkeun basa Sunda
sangkan tetep diparake ku masaraktna dina kahirupan sapopoe. Tinggal sabaraha
persen urang Bandung nu marake basa Sunda? Nyebut angka 50 persen deui ge
kuring ngarasa hangham.
Padahal Aya Aturanana
Geus kaayaanana kitu,
pamarentah oge jiga nu teu sapinuhna dina ngadukung pikeun ngalestarikeun
hirupna basa indung. Di dunya atikan, di sakolia-sakola, pernahna pangajaran
basa Sunda asup kana muatan lokal nu teu pati meunang perhatian kalayan daria.
Ukur jadi aksesoris. Ayeuna, dina rarancang kurikulum anyar nu keur diuji
publik, pangajaran basa daerah bener-bener rek ditumpes nepi ka akar-akarna. Padahal
pangajaran basa Sunda di sakola-sakola teh hiji-hijina pilar nu kacida
pentingna dina tarekah ngalestarikan basa Sunda, utamana di kalangan barudak.
Ayeuna rek dileungitkeun tina kurikulum, sarua we jeung maehan tina beuheungna.
Sangkilang basa Sunda ayeuna jadi pangajaran di sakola-sakola, nasib basa Sunda
sakieu pikahariwangeun kieu. Komo lamun henteu jadi pangajaran di
sakola-sakola, kumaha teuing pikahareupeunana? Mangsa pikahareupeun basa Sunda
nu surem.
Padahal mah teu kurang-kurang
aturan nu geus dijieun pikeun ngalestarikeun basa Sunda teh. Aya Perda no. 6 /
1996 ngeunaan pelestarian basa Sunda, dikuatan ku SK Gubernur Jabar no.
434/SK.614-DIS.PK/99 nu dumasar kana Kepres no. 082/B/1991 ngeunaan
perlindungan jeung pembinaan basa daerah. Perda no. 6 / 1996 dikuatan deui ku
Perda no. 5 / 2003 ngeunaan miara basa, sastra jeung aksara Sunda. Tina
aturan-aturan eta sabenerna mah pamarentah Jawa Barat geus boga landasan nu
kuat pikeun nyieun kabijakan dina ngalestarikeun basa Sunda, misalna wae
ngawajibkeun pejabat-pejabat Jawa Barat ngagunakeun basa Sunda dina satiap
pasamoan nu resmi, basa Sunda dijadikeun basa dina pelayanan publik, nguatan
jurusan pendidikan basa Sunda di UPI jeung di UNPAD, mere insentif ka penerbit
nu daek nerbitkeun buku-buku Sunda, mere pelatihan ka guru-guru basa Sunda,
ngayakeun kagiatan-kagiatan nu nyegerkeun jeung ngahudang kasadaran masarakat
ngeunaan pentingna ngangunakeun basa Sunda, jrrd kabijakan nu bisa dijieun.
Hanjakal dina palebah dieu mah Pemda Jabar nu sabenerna boga tanggung jawab
dina maju mundurna basa Sunda, taya gadag. Masing disebut taya perhatian nu
daria ge da saenyana kitu.
Memang lain ukur Pemda
Jabar nu boga tanggung jawab dina ngalestarikeun basa Sunda teh, dipikabutuh
oge kadariaan ti kalangan akademisi jeung masarakat nu teu satengah-satengah.
Basa Sunda teh identitas Jawa Barat nu kacida pentingna. Salaku basa indung,
lamun teu bisa dilestarikeun, leungit oge salah sahiji identitas Jawa Barat.
Saperti disebutkeun di awal, basa Sunda oge teh ruh tina kabudayaan Sunda. Dina
harti, leungitna basa Sunda leungit oge kabudayaan khas Sunda. Tanda-tanda yen
kabudayaan Sunda mimiti leungit nya tina mimiti ditaringgalkeunana basa Sunda.
Engke lain basa Sunda wae nu ditaringgalkeun teh, tapi bagian-bagian sejen tina
kabudayaan Sunda saperti seni Sunda, tatakrama Sunda, arsitektur Sunda, jsb –
nu memang kabuktian eukeur jeung enggeus ditaringgalkeun ku urang Sunda.
Perlu Gerakan Pulitik jeung Intelktual
Lamun aturan-aturan nu
disebut di luhur kurang kakuatan pikeun ngahudangkeun tarekah ngalestarikeun
basa Sunda, jigana urang kudu nyieun gerakan politik jeung gerakan intelektual
sangkan bisa kaluar peraturan husus satingkat undang-undang ngeunaan
ngalestarikeun basa indung nu aya di Republik ieu, lain bae basa Sunda. Tingali
perangkat desa nu bisa nyieun gerakan ngadesek DPR pikeun buru-buru ngesahkeun
undang-undang desa nu diantara pasal-pasalna ngajentrekeun yen perangkat desa
bakal diangkat jadi PNS. Gerakan eta bisa disebut hasil sabab ayeuna UU Desa
geus asup kana tahap pembahasan di DPR.
Ngan samemehna, kudu aya
sababaraha organisasi komunitas nu mikanyaah kana basa indung. Misalna wae,
guru-guru basa Sunda nyieun organisasi samodel paguyuban guru basa Sunda
sa-Jawa Barat, pangarang nyieun paguyuban, akademisi (kalangan paguron luhur)
nyieun organisasi nu mikanyaah kana basa
indung, masarakat oge nyieun organisasi nu ngalestarikeun basa indung, kalangan
pers oge nyieun organisasi nu husus ngupayakeun tarekah ngalestarikeun basa
indung, jrrd. Di daerah-daerah luar Jawa Barat oge kudu nyieun organisasi
samodel kitu. Moal pati hese lamun geus boga persepsi nu sarua mah. Lamun geus
kitu, hartina kakuatan geus aya, tinggal nyieun aksi pulitik jeung intelektual.
Aksi pulitikna ngahimpun
kakuatan nu aya pikeun ngayakeun demo ka DPR jeung Pamarentah sangkan nyieun UU
perlindungan basa indung nu leuwih husus sarta boga kakuatan ka pamarentah
daerah sakuliah Indonesia sangkan ngalestarikeun basa indung. Gerakanana tangtu
moal cukup ku sakali. Gerakan intelektualna ku cara nyieun draf usulan UU
Perlindungan Basa Indung nu aya di Indonesia sarta diusulkeun ka DPR jeung
Pamarentah. Saterusna ngalobi pamarentah jeung anggota Dewan sangkan boga
perhatian nu daria kana hirup huripna basa indung.
Ulah pesimis, tarekah
kitu pasti bisa dilakonan ku urang. Komo lamun organisasi-organisasi nu
mikanyaah kana basa indung geus dianggap hiji kakuatan nu solid, DPR jeung
Pamarentah ge bakal merhatikeun satiap aspirasina. Teu kudu hariwang
dimangpaatkeun ku maranehna. Nu penting urang kudu bisa maen cantik. Naon nu
dipikahayang ku urang sangkan basa indung bisa lestari, lain mustahil bisa
kahontal. Nu diperlukeun ku urang, terus nyieun tarekah ngoordinasi, nyaruakeun
tarekah jeung sakabeh pihak nu mikanyaah kana kalestarian basa indung. Basa
Sunda, basa Jawa, basa Bali, basa Lampung, jrrd nu aya di Indonesia boga hak
pikeun hirup nepika isukan sarta bakal mawa mangpaat keur balarea. Salaku
kabeungharan budaya Indonesia, basa Indung wajib hukumna pikeun dilestarikeun.
Prung!***
CARITA NYAMBUNG (CARNYAM)
LAYUNG SORE LANGIT RANCAH
Carnyam: Ena Rs.
“MANI asa dina sinetron
ieu teh...” Cek Indra, mesem. Tapi Wina apal di satukangeun ucapan jeung
mesemna Indra, maknana sarua wae: sinis!
“Asa dina sinetron
kumaha, Dra?” Cek Wina nanya. Lain teu ngarti, tapi tamba taya piobroleun we
eta mah.
“Enya, aya wanoja ti desa
kuliah ka Bandung, geus jadi sarjana mulang ka desa. Padahal nu nawaran gawe
aya, lain lelewodeh nu nawaranana ge ti Bank Mandiri, tapi ditolak...kalah
milih mulang ka lembur, rek babakti ka lembur. Bener-bener asa dina sinetron
bijilan ti Multivision Plus...” Cek Indra deui.
Wina ngarenghap. Aya nu
ngaheab dina dadana. Tapi buru-buru dipareuman. Taya gunana dilawan ku emosi.
Leuwih hade diladenan ku kasabaran, ku basa nu leuleuy. Sangkan caina herang
laukna beunang.
“Eta wanoja teh ngaranna
Wina Daniati, nya?” Wina imut.
“Enya.”
“Dra....” Sora Wina
leuleuy. “Taya salahna sanes upama Wina rek babakti ka lembur sorangan?” Wina
mencrong beungeut Indra.
“Memang, taya nu salah.
Tapi peluang ningkatkeun hirup di lembur jeung di kota jauh mela-melu, ibarat
bumi jeung langit...” Emosi.
“Ah, Indra mah jiga nu
apal wae.... Indra mah urang kota saratus persen, moal apal kumaha pilemburan
jaman ayeuna. Pilemburan ge maju ayeuna mah, Dra..”
“Tapi moal samaju di
kota...”
“Atuh jelas eta mah, Dra.
Kota jeung pilemburan memang beda. Tapi kumaha jalmana. Rea jalma nu di kota ge
teu bisa ngamekarkeun kahirupanana. Tapi sabalikna rea urang pilemburan ge nu
malotekar alahbatan urang kota... Maranehna jalma nu luar biasa, dina pasilitas
nu teu salengkep di kota tapi hirupna bisa maju...”
Indra rek calangap deui,
ngadu argumen deui, tapi buru-buru ditempas ku Wina: “Tos, Dra, taya gunana
urang pacental-cental soal ieu. Wina geus buleud rek mulang ka lembur,
ngarintis hirup di lembur. Indra nyaah ka Wina meureun ngarti ieuh. Mun teu
nyaah ka Wina, terserah Indra eta mah....” Mungkes. Telak pisan.
Indra neuteup seukeut.
Wina males paneuteupna, teuneung. Najan manehna kacida nyaahna ka ieu lalaki,
tapi manehna leuwih nyaah ka lemburna. Aya rencana nu hayang dibuktikeun, geus
lila dipikiran, diutah dibeuweungkeun. Geus lain mangsana manehna mikir deui
atawa menta kamandang ti Indra. Geus mangsana action ayeuna mah. Action! (nyambung)
BARAKATAK GAPURA
IMIGRAN GELAP
"Kumaha ciri-cirina imigran gelap?"
"Teu bogaeun pasport"
"Salah."
"Naon atuh?"
"Hararideung. Pan imigran gelap disebutna ge."
SURPLUS
Turis asing : "Naon nu nuju surplus di Indonesia"
"Korupsi!"
SINGA HIBER
"Di Indonesia mah aya singa bisa hiber."
"Lahuta teuing lah..."
"Jeh bener...Lion Air...pan bisa hiber nya?"
MABOK
"Cuang mabok yu!"
"Hayu....nginum naon?"
"Ah naha nginum, cuang naek mobil we...."
"Euh, eta mah mabok dina kendaraan atuh.."
0 Response to "GAPURA EDISI 02 - 2013"
Post a Comment