BAHEULA Karajaan
Pajajaran paburencay jadi tilu karajaan. Pajajaran nu sakitu gedena, sakitu
tohagana, ku intrik-intrik politik katut asupna Islam ka Tatar Sunda, ahirna
teu bisa dipertahankeun. Mimiti ngadeg Karajaan Cirebon, misahkeun diri ti
Pajajaran. Geus eta Banten oge ngadeg misahkeun diri ti Pajajaran. Pajajaran
salaku induk ti dua karajaan nu misahkeun diri, ahirna tumpur tinggal carita.
Pajajaran nepika taya urut-urutna acan, hese dicrukcruk bukti-bukti sajarahna.
Karajaan Banten oge ahirna pareum najan masih keneh kapanggih patilasanana.
Karajaan Cirebon sarua pareum, tinggal
jadi warisan budaya nu taya kakawasaan nanaon najan salaku titinggal sajarah
Sunda masih dipertahankeun.
Eta jaman baheula. Jaman ayeuna, cek katerangan:
sajarah mah sok “berulang”. Teu weleh balik deui najan dina wanda nu beda, tapi
kajadianana meh sarua. Pajajaran jaman baheula, nu ayeuna wilayahna jadi
Propinsi Jawa Barat katut Banten. Lamun ditengetan, sejarah Jawa Barat ayeuna,
geuning keur mimiti balik deui alias “berulang” tea. Geura we. Jawa Barat
ayeuna geus dimekarkeun jadi dua propinsi. Banten misahkeun maneh lantaran ngarasa
boga kasang tukang sajarah nu mandiri sarta ngamangpaatkeun kamerdekaan otonomi
daerah. Ayeuna daerah Cirebon jeung sabudeureunana (Kuningan jeung Majalengka)
mimiti haneut, hayang misah ti Jawa Barat.
Pananya urang ayeuna, kumaha pikahareupeun Jabar. Naha
bakal jiga Pajajaran? Kalindes pamor jeung kamajuanana ku Banten jeung (calon
propinsi) Cirebon? Nu dipikahariwangeun teh hal eta. Salaku indungna urang
Sunda, Jawa Barat memang geus ngupayakeun pangwangunan sacara walatra najan
dina panarimaan masarakat jeung pamarentah daerahna, can puguh karasa kituna
teh. Kapentingan-kapentingan politik lokal, aspirasi-aspirasi masarakatna, can
puguh bisa sajalan jeung Pamarentah Propinsi Jawa Barat.
Kamungkinan-kamungkinan leupasna Cirebon ti Jawa Barat masih gede keneh
peluangna pikeun kajadian. Dinamika politik di Cirebon nu terus ngagedurkeun
kahayangna pisah ti Jawa Barat terus lumangsung.
Saupama kahayang Cirebon nyieun Propinsi sorangan
misah ti Jawa Barat, cek ugeran jigana moal bisa dihalang-halang. Ngan
Pamarentah Jawa Barat kudu nyieun itung-itungan. Untung rugina kudu dipikiran.
Misahna Banten jeung mun enya teh Cirebon, hartina wilayah Jawa Barat beuki
ngariut. Potensi-potensi daerah nu salila ieu jadi andelan Jawa Barat nu aya di
Banten jeung Cirebon tangtu henteu asup deui ka Jawa Barat. Tina sabangsaning
pajeg jrrd, Jawa Barat bakal ngurangan. Eta nu jadi karugian. Ari nu bisa
dianggap bakal jadi kauntungan, ku wilayahna nu jadi ngurangan, hartina uruseun
ge bakal ngurangan. Nu hartina kudu leuwih katoweksa, kogeroh
jeungpangwangunanana kawaragadan. Sabab Dana Alokasi Umum (DAU) jeung Dana
Alokasi Khusus (DAK) meh sarua wae samemeh Jawa Barat dimekarkeun. Ku kituna
hal eta bisa digunakeun pikeun ngawangun bidang-bidang nu salila ieu teu atawa
kurang kawaragadan. Usaha pikeun ngamaksimalkeun pangwangunan bisa dilaksanakeun
kalayan bener.
Ti semet ayeuna, da ari Banten mah geus puguh leupas,
ka wilayah Cirebon kudu bener-bener diitung untung rugina. Lamun rek keukeuh
hayang misah, geus ulah kapati-pati diperhatikeun deui. Ayeuna mah perhatikeun
wae daerah-daerah nu masih satia ka Jawa Barat. Rea keneh masarakat nu masih
satia ka Jawa Barat can katoweksa kalayan enya-enya. Rea keneh masarakat nu
reueus salaku warga Jawa Barat nu can ngarasakeun hasil pangwangunan sacara
maksimal. Ngareunah teuing keur wilayah nu hayang misah ti Jawa Barat lamun
hakna disaruakeun teh.
Dulur-dulur, sing emut, lamun Jawa Barat ieu teh
diibaratkeun Pajajaran, naha enya urang rek jiga Pajajaran baheula. Ancur ku
konspirasi politik katut militer Banten jeung Cirebon? Lamun enya Cirebon
hayang misah ti Jawa Barat, hadena gowat jurungkeun wae sangkan pamarentah Jawa
Barat bisa sacepetna pokus dina ngabangun daerah Jawa Barat nu saenyana. Ulah
teuing kabobodoan. Conto-conto daerah nu dimekarkeun bisa nyiap daerah
indungna, kudu jadi perhatian urang sarerea. Lain ulah misah, pek wae, ngan
urang salaku warga Jawa Barat ulah nepika kahirupanana kasiap ku daerah mekaran
ti urang. Conto Banjar misah ti Ciamis, kahirupan warga Banjar ayeuna leuwih
alus batan Ciamis. Ayeuna dimekarkeun deui ku ayana Kabupaten Pangandaran, naha
Ciamis rek bobor karahayuan nepika dua kali?
Kitu deui Jawa Barat, pek tingali pangwangunan di
Propinsi Banten, geus aya tanda-tanda rek ninggalkeun Jawa Barat. Geus rek
leuwih maju batan Jawa Barat. Naha urang Jawa Barat daek kawiwirangan ku
Proponsi Banten nu tadina mah wilayah Jawa Barat? Ayeuna upama Cirebon rek
misah, teu mustahil bakal leuwih maju batan Jawa Barat lantaran wilayahna
leuwih saeutik nu tangtu bakal leuwih kageroh jeung katoweksa. Naha urang Jawa
Barat hayang kasiap ku Banten jeung Cirebon dina pangwangunanana.
Tangtu urang hayang leuwih maju batan Banten atawa
Cirebon. Salaku Propinsi induk Jawa Barat nu sagalana kari nuluykeun kudu
leuwih gancang dina pangwangunanana. Kompetisi pangwangunan kudu jadi sumanget
warga Jawa Barat. Ulah nepika urang eleh ku Banten atawa engke Cirebon (mun
tulus misah). Muga-muga we Pamarentah Jawa Barat jeung masarakatna siap dina
hal eta. Pokus dina pangwangunan wilayah Jawa Barat nu masih satia. Urang kudu
wani kompetisi bari jadi juara. Lain wani mekar-mekarkeun daerah wungkul bari
kadituna jadi pecundang.***
0 Response to "Pamekaran Jawa Barat, Ras Inget Ka Pajajaran"
Post a Comment