Biografi Pangarang Sunda



AHMAD BAKRI

Ahmad Bakri,guru jeung pangarang dina basa Sunda sarta Indonesia.Lahir di Ciamis ping 11 Mei 1917 tur ngantunkeun ping 18 Juli 1988. Satamatna ti sakola Rayat 3 taun, Ahmad Bakri neruskeun ka Scahake School(sakola sambungan) di Ciamis. Meunang sawatara bulan kungsi masantrén di Genténg jeung Sadéwa. Taun 1937, milu keurseus montir di Bandung, tapi teu kungsi tepi ka tamat. Ti dinya digawé di PTT, tepi ka jaman Jepang. Satutasna pengakuan kedaulatan (taun 1949), Ahmad Bakri sakulawrga pindah ka Bandung, lantaran kaayaan di lemburna teu aman balukar gangguan gorombolan. Kungsi ngajar di SD Cicadas (1952), tuluy milu ujian persamaan SGB, ditéma deui ku KGA, anu sabada tamat diteruskeun ka B-1 Basa Sunda. Nalika éta, carpon Ahmad Bakri geus aya nu dimuat dina majalah Warga. Sanggeus kitu, diajakan aktif di LBSS ku R.I Adiwijaya sarta dijadikeun Wakil Ketua Bagéan Basa kapangurusan hasil kongrés 1958. Ti taun 1963, Ahmad Bakri loba nyieun carpon jeung carnyam nu dimuat dina Manglé jeung Hanjuang.Sanggeus ngantongan diploma B-1, Ahmad Bakri ditempatkeun jadi guru SPG di Ciamis, nepi ka pangsiunna (1973).Tidinya terus diangkat jadi Kepala SPG Muhammadiyah Ciamis, tapi kalah ménta diturunkeun jadi Wakil Kepala, sabab hayang aya waktu anu laluasa pikeun ngarang.

Karya-karyana

Karya-karya Ahmad Bakri nu geus medal mangrupa buku di antarana Payung Butut, Rajapati di Pananjung, Sanghiang Lutung Kasarung, Srangéngé Surup Mantén, Sudagar Batik, Mayit dina Dahan Jéngkol, Jurutulis Malingping, Asmaramurka jeung Bedog Si Rajapati, jeung Ki Merebot, Kabandang ku Kuda Lumping,Nu Seungit Dipulang Asih . Salian ti éta, carpon-carponna ogé dikumpulkeun dina buku Dina Kalangkang Panjara jeung Dukun Lepus.  Ahmad Bakri lain waé kaasup kana pangarang Sunda produktif, tapi deuih kungsi meunang jujuluk pangarang favorit dumasar kana hasil angkét majalah Manglé dina taun 80-an. Tangtu aya dasarna hasil angkét Manglé téh; karangan Ahmad Bakri boh carpon boh carnyam anu dimuat dina éta majalah loba nu mikaresep, malah sok kacida diarep-arepna. Lantaran salian ti produktivitasna dina nyieun karya, kaparigelanana dina ngagambarkeun kahirupan masarakat leutik kacida hirup tur seger pisan. Kritik-kritikna kana pamaréntahan nu teu adil loba ditepikeun ku basa nu basajan tur nyantéi. Minangka karya hiji Guru, karya-karyana pinuh ku amanat anu nyamuni dina carita nu ditepikeunana. 

(Sumber Wikipedia Indonesia)


AJIP ROSIDI




Ayip Rosidi (éjahan asli Ajip Rosidi, lahir di Jatiwangi, 31 Januari 1938) téh saurang budayawan sakaligus sastrawan kahot. Anjeunna nyipta karya sastra dina basa Sunda jeung basa Indonésia, sarta loba ngawanohkeun sastra Sunda jeung Indonésia ka mancanagara.
Ayip aktif nulis, boh dina basa Indonésia atawa dina basa Sunda ti rumaja kénéh, umur 15 taun geus jadi Pamingpin Rumpaka Majalah Suluh Pelajar (1953-1955), sarta satuluyna ngaluluguan sababaraha lembaga sastra, seni, pers, jeung budaya. Anjeunna ngadegkeun Yayasan Pusat Studi Sunda (2003) nu ngulik kabudayaan Sunda sarta Yayasan Kabudayaan Rancagé nu ngabobotohan tumuwuhna sastra lokal. Kungsi ngajar basa jeung kabudayaan Indonesia di Osaka Gaikokugo Daigaku (1981-2003), sagigireun ngajar ogé di Kyoto Sangyo Daigaku (1982-1996) jeung Tenri Daigaku (1982-1995), Jepang. Naratas dilembagakeunana Hadiah Sastra Rancagé ti taun 1989, sarta mokalan lumangsungna Konferensi Internasional Budaya Sunda (KIBS) 2001 di Bandung. Buku-buku karyana geus leuwih ti saratus judul, mangrupa roman, kumpulan sajak, kumpulan carita pondok, mémoar, jeung biografi.

Karya-karyana

  • Tahun-tahun Kematian (kumpulan carpon, basa Indonésia, 1955)
  • Ketemu Dijalan (kumpulan sajak babarengan, basa Indonésia, 1956)
  • Di Tengah Keluarga (kumpulan carpon, basa Indonésia, 1956)
  • Pesta (kumpulan sajak, basa Indonésia, 1956)
  • Sebuah Rumah Buat Haritua (kumpulan carpon, basa Indonésia, 1957)
  • Ayang-ayang Gung
  • Bébér Layar
  • Hurip Waras!
  • Ucang-ucang Anggé
  • Babasan jeung Paribasa Sunda
  • Masyitoh
  • Si Pucuk Kalumpang    (Sumber Wikipedia)***

0 Response to "Biografi Pangarang Sunda"

Post a Comment